Mangga urang sami2 ngabandungn "komentar2" sanesna dui. Nuhun ka na waktosna
--- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@...> wrote: > > > Hayu geura sing saha nu arek nembalan dina basa Sunda ngeunaan masalah ieu, > rek dibaca ku kula. Enya ieu teh nu ngarana 'geledeg-uteuk.' > > Mangga anu gaduh dalil-dalil geura bejer beaskeun. Netral, objektif ulah > dicampuran huut rarasaan pang benerna. Apan kami nu maca keur didakwahan, > jadi dakwahna kudu niiskeun hate. > > Dakwah ngeunaan 'tuhan' make basa kitab naon bae ge elos. Arek nu karesten,nu > budha nu hindu, nu syiah, nu wahabi, di baca ku kami. > > Urang Sunda teh meureun teu Hindu kabeh. Campur. Tetep kudu silih asah, silih > asuh, silih mikarunya, lamun teu sabage papada, atu sabage Urang Sunda. > > Ngan, kula ngabejaan, bener ceuk ki Abbas, yen 'tuhan' mah loba lain hiji. > Etamah sakumaha 'HUDA' nu dibikeun ku ANJEUNA ka hate masing-masing jelema, > da ANJEUNA mah SilokaNa geh teu aya nu nyurup. Moal aya jalma nu nyaho ka > ANJEUNA. > > Anggota Dewan nu dipikahormat geh boga 'tuhan' na sorangan, nu beungeutna > jiga BABI. > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. > TiRiLiK > --- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@> wrote: > > > > > > > > > > > > Tuhan dan > > Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain Storming) > > > > > > > > Ayeuna Elmu > > Pengetahuan/Ilmiah geus loba mukakeun sagala rupa hal, nu tadina can > > kanyahoan > > rusiahna. Samodel ayana Gravitasi; kunaon bisa kajadian guludug, kilat, > > hujan > > jsjb > > > > Jelema2 > > palinter atawa genius, nya nu geus diaku Ilmuwan, geus manggihan rupa2 > > deskripsi > > ngeunaan Alam, terus nyieun teori2 jeung hukum2 sarta dalil2; nu ahirna > > dijadikeun cecekelan ku sakabeh nu keur diajar jeung hayang jadi pinter. > > > > Para Ilmuwan > > oge, diantara manusa nu geus nimu enersi nu bisa digunakeun keur > > kapentingaan > > manusa; saperti enersi cai, enersi solar/panonpoe, enersi gas jstee. Nepi ka > > manggihan listrik. Terus nyieun rupa2 alat pikeun ngagampangkeeun nampung > > eta > > enersi pikeun manusa. > > > > Jadi > > diantara manusa Ilmuwan teh, aya nu nimu enersi; aya oge nu nimu atawa > > nyiptakeun alat2; ieu kabeh ku sabab motekar2na manusa di na neangan > > rusiah2 nu > > aya di alam semesta ieu. > > > > > > > > Leuwih jauh > > deui, maranehna beuki canggih wae, malah akhirna aya jelema2 nu ngaku2 > > Ilmuwan > > ngahususkeun yen Tuhan teh euweuh; ku sabab cenah loba bukti, yen Tuhan teh > > euweuh. Atawa Tuhan teu bisa dibuktikeun ayana. > > > > Saenyana mah > > , teu kapanggih lain ngabuktikeun euweuh, tapi di na ayana ge elmuna can > > nepi > > wae ka dinya mah; lantaran nu disebut Tuhan teh Pemilik sagala jeung > > sadayana > > tea. Nu geus kapanggih nyeta Ciptanana; ari Dirina mah tetep we loba nu teu > > wanoh. > > > > Teu kudu > > make analisa panjang2 , ayeuna urang nanya kieu : > > > > Naha nu > > dibuktikeun ku para Ilmuwan teh baheulana euweuh ? Kapan ti baheula ge > > memang geus > > aya . Hartina memang geus disadiakeun; jadi Ilmuwan teh ngan ngabukakeun > > rusiahna, tapi lain Nyiptakeun ! > > > > Jadi hartina > > memang ti baheula ge kitu; jeung geus aya; ngan jelemana masih barodo keneh > > ? > > Nya Ilmuwan teh muka rasiahna jeung mere ngaran nu aya dadasarna. > > > > Naha cukup, ku > > ngabuktikeun loba hal, nyieun kasimpulan Tuhan Euweuh ? > > > > Pasti tacan > > ! > > > > Naon sababna > > ? > > > > Pertanyaan > > model ti mana asalna urang ? Alam semesta ? Naha geuning ti baheula geus aya > > samemeh urang aya ? Pertanyaan ieu nepi ka ayeuna can aya nu bisa ngajawab. > > > > Can aya nu > > bener2 mere penjelasan komprehensif. > > > > Nu matak > > ilmu teh nu ayeuna can bisa ngabuktikeun teu ayana Tuhan. > > > > Kumaha sikep > > manusia beriman, nu disebut masih barodo ? > > > > Kieu > > argumenna : > > > > Tuhan tos > > Nyiptakeun sagalana. Kaasup Gravitasi. > > > > Cenah alam > > semesta asalna ti na kabut berpilin tea; atuh tinggal ngagilekkeun saeutik, > > Tuhan Nyiptaakeun kabut berpilin nu engkena bakal jadi alam semesta. > > > > Jadi keukeuh > > we Tuhan Nu Nyiptakan sadayana. > > > > Soal ilmu, > > saeutik saeutik, step by step, dibikeun ka manusa. > > > > Naha eta > > para Ilmuwan Atheis ? > > > > Ah henteu, > > ngan maranehna teu ngumumkeun; da agama mah keur pribadi cenah. Tuhan bakal > > mere ka saha wae moal aya nu ngahalangan Tuhan; ngan wae jelas Tuhan leuwih > > resep ka nu usahana bener2; tah nu matak HUDA diberena ka nu ngotektak Elmu; > > nepi ka papanggihan loba pisan. > > > > > > > > Eta kitu > > pandangan jelema beriman. > > > > Nu kumaha > > atuh Tuhan teh ? > > > > Tuhan teh > > geus disebut ku loba ngaran; tapi jelas deskripsina teh nya eta nu disebut > > Tuhan teh nyaeta nu Nyiptakeun sakabeh alam; terus nu nyepeng kakawasan ti > > dunya dugi ka akhirat. Nu Ngawasa sakabeh Makhluq nu kumelip. > > > > Rupa2 pisan > > nu ngagambarkeun Tuhan teh, gumantung ka na logikana masing2 jelema; tapi > > ari > > cek anu beriman mah, kasadaran manusa ka Tuhan teh gumantung ka na HUDA ti > > Tuhan oge; jadi kumaha Tuhan mere Hudana ka jelema; nya kitu pandangan > > manusa > > ka Tuhan oge. Jadi moal aya kaseragaman di na ngagambarkeun nu disebut Tuhan > > teh. Nu matak agama2 ge bareda. > > > > Keun we ari > > diskusi mah meunang, jeung kaci; nu ulah teh laklak dasar padahal diskusi > > can > > tuntas; atawa geus vonis satacanna tuntas; model si Jusfiq, item abu jssd > > > > Di Milis Ki > > sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2 agnostik; atawa > > skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy; sok mangga bade tumaros > > mah > > teu naon2; atawa kang Ilen Kardani; atawa Gus maman, atawa bisa jadi Tubagus > > Rifki. Atanapi oge Kang Oca kang Engkus. > > Mangga. > > > > Anu > > nanggapanana, salian ti sim kuring; oge ngahaturanan ka Kang Ahsa; Al > > Banduni. > > Kang Ziaulhaq; atanapi Bang Kimun . Kang Oman, Kang Hasan oge mangga. Kang > > dobel Dik oge mangga. Kantenan atuh kang SP nu seueur luangna mah. Mangga > > tiasa > > bebas ngawaler ka na satiap patarosan ti pihak nu ragu ka na ayana Tuhan. > > > > Ieu diskusi > > teh sanes nanaon, tapi kanggo nambih pengetahuan ka urang sarerea; ulah > > nepi ka > > boga pandangan yen Islam teh barodo kabeh ! > > > > Moal bisa > > ngajawab ka na pertanyaan nu pelik2. > > > > Sugan jeung > > sugan manggih pencerahan nu leuwih maju deui. > > > > Sok mangga > > nyanggakeun. > > > > EOR 27 > > Januari 2012 > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
