Mana deui Ki Abbas... Diantos nu ka 65-66 dinten ayeuna. -hahaha. Baktos, Zya
Rampes™ Dirojong ku Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 1 Feb 2012 11:00:57 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 64 Richard manggut, bari na hatena deg2an nempo Jalma sakitu hebatna. Euleuh untung aing teu ngahinakeun ieu Si Jalma; lamun kudu jadi musuh tea mah aduh beurat pisan; hebat Jalma. Kitu Richard ngomong di na hatena; tapi manehna aya reueus oge boga sobat jago gelut; da manehna ge saenyana mah tukang gelut oge. Episode ka 30 Merangan Klabang Item Jalma nempo ti kajauhan eta “penjahat” nu lumpat bari salatak solotok, lantaran nyeri disiksa ku Jalma; sanggeus nempo Si Ricky geus indit ti dinya , nya Jalma gancang lumpat rek nuturkeun penjahat tea; untung masih kaburu, masih kaciri ti kajauhan; terus wae Jalma ngaluarkeun Elmu “Hampang napak” jeung hampang raga supaya ulah kadenge sora manehna lumpat nuturkeun. Eta si penjahat teh leumpang ayeuna mah tapi gagancangan, bari nahan kanyeri; bus abus ka jalan satapak; tapi loba imahna; Jalma oge terus nuturkeun; terus si Penjahat pungkal pengkol kaluar abus gang; Jalma oge terus ngingintil. Wah jauh oge ieu markas para penjahat pengacow teh ? Tapi naha asa karalang kuriling di tempat eta keneh; sigana para penjahat ati2 pisan, bisi aya nu nuturkeun, nya ku jalan salasap sulusup kukurilingan; geus kitu terus we aya kebon awi; terus bablas; tapi barang Jalma nepi ka kebon awi Jalma kacida kagetna, sabab penjahat nu keur dituturkeun teh geus paragat; beuheungna ampir sapat. “Wah ana kitu mah, aing aya nu nganyahoankeun nuturkeun teh; mun kitu kudu ati2 pisan; salah2 di tempat ieu aing bakal tarung deui.”Kitu Jalma na jero hatena. Enya we, ti na rungkun2 jeung kebon awi kalaluar jelema2 make baju jeung calana pangsi harideung; make lawon hideung nu dibeulitkeun ka na sirah maranehna. Kaluarna eta jelema2 teh bari langsung geus ngalugas bedog; mani ting gurilap katojo panonpoe. “Wah aing sigana kudu mateni loba jelema poe ieu; sabab rata2 sigana jarago maenpo ieu penjahat teh; Jalma taki2; lantaran geus pasti eta para Penjahat teh bakal ngoroyok. Nu saurang, nu badanna biasa wae, tapi beungeutna serem, kumis henteu baplang tapi ngajedig kawas kumis Bima; terus nyampeurkeun reg eureun hareupeun Jalma ; ari baladna bangsa kira2 tilupuluhan ngepung Jalma ditengah. Si kumis ngajedig ngomong satengah nyentak ku Basa Betawi ( ayeuna disundakeun ):”Jang ! memang Ujang Jagoan, jeung geus kauji jagona. Tapi Ujang moal kuat ngalawan Kula jeung balad2 Kula ! Samemeh urang prung tarung; uing hayang nanya naon sababna Ujang ngahalang ka na tujuan Kula sa balad2 ?” “Ah kuring mah teu ngarasa ngahalangan, ngan bae anak buah sampeyan teu puguh2 nyerang kuring; nya kapaksa kuring ngalawan.” Si Kumis ngajedig:”Tapi cenah maneh geus nalungtik didurukna warung Mpok Mineh; padahal cenah maneh teh euweuh hubungan naon2 jeung Mpok Mineh.” “Cek saha euweuh hubungan ? Naha sampeyan teu nyaho naon sabab musababna ayeuna Kuring tarung ngalawan andika sakabeh ? Derekdek we Jalma nyaritakeun sacara ringkes, kajadian nu ngalantaraankeun si gundul jeung duaan baladna dipaksa mayar ka si atun. Nepi ka kajadian didurukna warung.” Si Kumis ngajedig unggut2an, pok ngomong:”Kaharti ari kitu mah; tapi kalakuan maneh geus ngarendahkeun darajat Klabang Item ! Eta nu tiluan bakal diwarah ku Kaula; tapi sampeyan oge tetep meunang hukuman !” HANCA
