Ieu Cersil teh sanggeus dibuka, terus nuturkeun lalampahan Jalma; nyata masih 
panjng kenh; di na sakli mngsa kuring sok beakeun IDE; tah eureun heula nulis. 
Ayeuna kakara Episode Jalm neangan Nyi Ipah jeung Nyi Epon nu diculik, geus 
nepi ka Cirebon; rek dituluy keun , idena lob pisan, varianve na oge loba; jadi 
mikir nu mana nu rek ditulis ? Hehhh, janten sabar we heul nya ?

--- In [email protected], "Mochamad Ziaulhaq®" <em_zya@...> wrote:
>
> Mana deui Ki Abbas...
> Diantos nu ka 65-66 dinten ayeuna.
> -hahaha.
> Baktos,
> Zya
> 
> Rampes™
> Dirojong ku Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Wed, 1 Feb 2012 11:00:57 
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 64
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Richard
> manggut, bari na hatena deg2an nempo Jalma sakitu hebatna. Euleuh untung aing
> teu ngahinakeun ieu Si Jalma; lamun kudu jadi musuh tea mah aduh beurat pisan;
> hebat Jalma. Kitu Richard ngomong di na hatena; tapi manehna aya reueus oge
> boga sobat jago gelut; da manehna ge saenyana mah tukang gelut oge. 
> 
>    
> 
> Episode
> ka 30 Merangan Klabang Item 
> 
>    
> 
> Jalma nempo
> ti kajauhan eta “penjahat” nu lumpat bari salatak solotok, lantaran nyeri
> disiksa ku Jalma; sanggeus nempo Si Ricky geus indit ti dinya , nya Jalma
> gancang lumpat rek nuturkeun penjahat tea; untung masih kaburu, masih kaciri 
> ti
> kajauhan; terus wae Jalma ngaluarkeun Elmu “Hampang napak” jeung hampang 
> raga supaya
> ulah kadenge sora manehna lumpat nuturkeun. Eta si penjahat teh leumpang 
> ayeuna
> mah tapi gagancangan, bari nahan kanyeri; bus abus ka jalan satapak; tapi loba
> imahna; Jalma oge terus nuturkeun; terus si Penjahat pungkal pengkol kaluar
> abus gang; Jalma oge terus ngingintil. Wah jauh oge ieu markas para penjahat
> pengacow teh ? Tapi naha asa karalang kuriling di tempat eta keneh; sigana 
> para
> penjahat ati2 pisan, bisi aya nu nuturkeun, nya ku jalan salasap sulusup
> kukurilingan; geus kitu terus we aya kebon awi; terus bablas; tapi barang 
> Jalma
> nepi ka kebon awi Jalma kacida kagetna, sabab penjahat nu keur dituturkeun teh
> geus paragat; beuheungna ampir sapat. 
> 
> “Wah ana
> kitu mah, aing aya nu nganyahoankeun nuturkeun teh; mun kitu kudu ati2 pisan;
> salah2 di tempat ieu aing bakal tarung deui.”Kitu Jalma na jero hatena. 
> 
> Enya we, ti
> na rungkun2 jeung kebon awi kalaluar jelema2 make baju jeung calana pangsi
> harideung; make lawon hideung nu dibeulitkeun ka na sirah maranehna. 
> 
> Kaluarna eta
> jelema2 teh bari langsung geus ngalugas bedog; mani ting gurilap katojo
> panonpoe. 
> 
> “Wah aing
> sigana kudu mateni loba jelema poe ieu; sabab rata2 sigana jarago maenpo ieu
> penjahat teh; Jalma taki2; lantaran geus pasti eta para Penjahat teh bakal
> ngoroyok. 
> 
> Nu saurang,
> nu badanna biasa wae, tapi beungeutna serem, kumis henteu baplang tapi 
> ngajedig
> kawas kumis Bima; terus nyampeurkeun reg eureun hareupeun Jalma ; ari baladna
> bangsa kira2 tilupuluhan ngepung Jalma ditengah. 
> 
> Si kumis
> ngajedig ngomong satengah nyentak ku Basa Betawi ( ayeuna disundakeun 
> ):”Jang !
> memang Ujang Jagoan, jeung geus kauji jagona. Tapi Ujang moal kuat ngalawan
> Kula jeung balad2 Kula ! Samemeh urang prung tarung; uing hayang nanya naon
> sababna Ujang ngahalang ka na tujuan Kula sa balad2 ?” 
> 
> “Ah kuring
> mah teu ngarasa ngahalangan, ngan bae anak buah sampeyan teu puguh2 nyerang
> kuring; nya kapaksa kuring ngalawan.” 
> 
> Si Kumis
> ngajedig:”Tapi cenah maneh geus nalungtik didurukna warung Mpok Mineh; 
> padahal
> cenah maneh teh euweuh hubungan naon2 jeung Mpok Mineh.” 
> 
> “Cek saha
> euweuh hubungan ? Naha sampeyan teu nyaho naon sabab musababna ayeuna Kuring
> tarung ngalawan andika sakabeh ? Derekdek we Jalma nyaritakeun sacara ringkes,
> kajadian nu ngalantaraankeun si gundul jeung duaan baladna dipaksa mayar ka si
> atun. Nepi ka kajadian didurukna warung.” 
> 
> Si Kumis
> ngajedig unggut2an, pok ngomong:”Kaharti ari kitu mah; tapi kalakuan maneh 
> geus
> ngarendahkeun darajat Klabang Item ! Eta nu tiluan bakal diwarah ku Kaula; 
> tapi
> sampeyan oge tetep meunang hukuman !”
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke