Mangga Ki Abbas, di antos. Ari sugan téh dongéng Sumedang. Pédah ceuk pun Bapa, baheula aya dongéng modél kitu. Suksés, Ki Abbas. ::zya Rampes™ Dirojong ku Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Abbas" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 01 Feb 2012 03:57:33 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Cersil Sunda ka 64 Ieu Cersil teh sanggeus dibuka, terus nuturkeun lalampahan Jalma; nyata masih panjng kenh; di na sakli mngsa kuring sok beakeun IDE; tah eureun heula nulis. Ayeuna kakara Episode Jalm neangan Nyi Ipah jeung Nyi Epon nu diculik, geus nepi ka Cirebon; rek dituluy keun , idena lob pisan, varianve na oge loba; jadi mikir nu mana nu rek ditulis ? Hehhh, janten sabar we heul nya ? --- In [email protected], "Mochamad Ziaulhaq®" <em_zya@...> wrote: > > Mana deui Ki Abbas... > Diantos nu ka 65-66 dinten ayeuna. > -hahaha. > Baktos, > Zya > > Rampes™ > Dirojong ku Telkomsel BlackBerry® > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Sender: [email protected] > Date: Wed, 1 Feb 2012 11:00:57 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 64 > > > > > > > Richard > manggut, bari na hatena deg2an nempo Jalma sakitu hebatna. Euleuh untung aing > teu ngahinakeun ieu Si Jalma; lamun kudu jadi musuh tea mah aduh beurat pisan; > hebat Jalma. Kitu Richard ngomong di na hatena; tapi manehna aya reueus oge > boga sobat jago gelut; da manehna ge saenyana mah tukang gelut oge. > >  > > Episode > ka 30 Merangan Klabang Item > >  > > Jalma nempo > ti kajauhan eta “penjahat� nu lumpat bari salatak solotok, lantaran nyeri > disiksa ku Jalma; sanggeus nempo Si Ricky geus indit ti dinya , nya Jalma > gancang lumpat rek nuturkeun penjahat tea; untung masih kaburu, masih kaciri > ti > kajauhan; terus wae Jalma ngaluarkeun Elmu “Hampang napak� jeung hampang > raga supaya > ulah kadenge sora manehna lumpat nuturkeun. Eta si penjahat teh leumpang > ayeuna > mah tapi gagancangan, bari nahan kanyeri; bus abus ka jalan satapak; tapi loba > imahna; Jalma oge terus nuturkeun; terus si Penjahat pungkal pengkol kaluar > abus gang; Jalma oge terus ngingintil. Wah jauh oge ieu markas para penjahat > pengacow teh ? Tapi naha asa karalang kuriling di tempat eta keneh; sigana > para > penjahat ati2 pisan, bisi aya nu nuturkeun, nya ku jalan salasap sulusup > kukurilingan; geus kitu terus we aya kebon awi; terus bablas; tapi barang > Jalma > nepi ka kebon awi Jalma kacida kagetna, sabab penjahat nu keur dituturkeun teh > geus paragat; beuheungna ampir sapat. > > “Wah ana > kitu mah, aing aya nu nganyahoankeun nuturkeun teh; mun kitu kudu ati2 pisan; > salah2 di tempat ieu aing bakal tarung deui.�Kitu Jalma na jero hatena. > > Enya we, ti > na rungkun2 jeung kebon awi kalaluar jelema2 make baju jeung calana pangsi > harideung; make lawon hideung nu dibeulitkeun ka na sirah maranehna. > > Kaluarna eta > jelema2 teh bari langsung geus ngalugas bedog; mani ting gurilap katojo > panonpoe. > > “Wah aing > sigana kudu mateni loba jelema poe ieu; sabab rata2 sigana jarago maenpo ieu > penjahat teh; Jalma taki2; lantaran geus pasti eta para Penjahat teh bakal > ngoroyok. > > Nu saurang, > nu badanna biasa wae, tapi beungeutna serem, kumis henteu baplang tapi > ngajedig > kawas kumis Bima; terus nyampeurkeun reg eureun hareupeun Jalma ; ari baladna > bangsa kira2 tilupuluhan ngepung Jalma ditengah. > > Si kumis > ngajedig ngomong satengah nyentak ku Basa Betawi ( ayeuna disundakeun > ):�Jang ! > memang Ujang Jagoan, jeung geus kauji jagona. Tapi Ujang moal kuat ngalawan > Kula jeung balad2 Kula ! Samemeh urang prung tarung; uing hayang nanya naon > sababna Ujang ngahalang ka na tujuan Kula sa balad2 ?� > > “Ah kuring > mah teu ngarasa ngahalangan, ngan bae anak buah sampeyan teu puguh2 nyerang > kuring; nya kapaksa kuring ngalawan.� > > Si Kumis > ngajedig:�Tapi cenah maneh geus nalungtik didurukna warung Mpok Mineh; > padahal > cenah maneh teh euweuh hubungan naon2 jeung Mpok Mineh.� > > “Cek saha > euweuh hubungan ? Naha sampeyan teu nyaho naon sabab musababna ayeuna Kuring > tarung ngalawan andika sakabeh ? Derekdek we Jalma nyaritakeun sacara ringkes, > kajadian nu ngalantaraankeun si gundul jeung duaan baladna dipaksa mayar ka si > atun. Nepi ka kajadian didurukna warung.� > > Si Kumis > ngajedig unggut2an, pok ngomong:�Kaharti ari kitu mah; tapi kalakuan maneh > geus > ngarendahkeun darajat Klabang Item ! Eta nu tiluan bakal diwarah ku Kaula; > tapi > sampeyan oge tetep meunang hukuman !� > HANCA >
