Punten telat pisan nanggapanana. Kang Ilen, lepat tah, sek Karesten mah kabeh manusa asup sorga da tos ditebus ku YESUS ! Jadi teu kedah lebet Kresten; najan Atheis ge katebus ! Nu matak pang seueurna ARHEIS , nya ti KARESTEN tea ! Da teu pupuguh atuh asup Karesten, kapan tos ditebus ?!
Da sanes kieu kecapna : Tuhan Yesus turun ke bumi untuk menebus umat KARESTEN ! Sanes ! sanes kitu. --- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote: > > Ceuk urang Karesten, sakabeh jelema anu teu ngagem Karesten wayahna bakal > diasupkeun ka naraka ku Allah. Ceuk Islam, sakabeh jelema anu teu ngagem > Islam wayahna disiksa ku Allah di Naraka. Ceuk kuring, sakabeh jelema nu > kungsi hirup bakal ngalaman syurga jeung naraka.....didieu pisan di alam > ayeuna. > > > > ________________________________ > From: Sp Saprudin <udarider@...> > To: "[email protected]" <[email protected]>; > "[email protected]" <[email protected]>; > "[email protected]" <[email protected]> > Sent: Tuesday, January 10, 2012 11:31 AM > Subject: [kisunda] Trs: MUNAFIK (bagian ka 3) > > > Â > Kasimpulan : > 1). Aya tilu golongan manusia : kaum ariman, kaum munafik, jeung kaum kafir. > Kaum munafik jeung kaum kafir nyaeta maranehna kekel di jero naraka > 2). Nifaq aya dua macam. Kahiji nyaeta Nifaq Itiqadi, nyaeta manehna > nembongkeun iman jeung kaalusan scara lahiriah, tapi hakekatna nyimpen > dendam, kahewaan, jeung kakufuran. Nifaq Itiqadi ieu anu ditempokeun ku > sabagian jalma ti zaman Nabi Saw. Sakumaha anu dijelaskeun ku Allah tina awal > surat Al Baqarah. Jalma-jalma munafiq ti golongan ieu bakal aya sapanjang > zaman. Engke maranehna bakal disiksa di naraka pang handapna, sakumaha Allah > jelaskeun tina Dawuhan-Na : > "Saestuna jalma-jalma munafiq eta (ditempatkeun) tina tingkatan anu pang > handapna di naraka" (Q.S. An-Nisa : 145). > Â > Araya di naraka anu pang handapna jeung siksaan anu pang perihna anu henteu > kaliwat langkung. Wallahu'alam, maranehna nyaeta musuh anu hese dieceskeun > jeung kajahatan jeung dendam kasumat anu pohara, anu hakekatna maranehna > jalma-jalma Islam jeung ummatna. > Â > Kadua nifaq amali, nyaeta kamunafikan anu disebabkeun ku lemahna iman, > sahingga manehna migawe kalakuan-kalakuan anu kacida gorengna jeung dilarang > Islam. Ciri-cirina nyaeta aya opat sakumaha dijelaskeun di luhur. Jalma Islam > anu ngalakukeun salah sahiji ti opat hal di luhur, hartina manehna ngabogaan > sifat munafik. Jeung mun manehna ngalakukeun laku lampah eta, manehna kaasup > golongan salaku jalma munafik murni. > Â > 3). Difinisi munafik nyaeta jalma anu nembongkeun kaalusan, tapi dina jero > hatena nyimpen maksud jahat. > Jalma ngabohong disebut munafik kusabab manehna ngomong bohong, ucapanna ngan > ukur amis di biwir, tapi hatena nolak naon anu dikecapkeun lisanna (nyimpen > maksud jahat). > Jalma ngajanji tapi henteu nepatan janjina disebut munafik kusabab manehna > nyikapkeun anu bener-bener ka jalma lain jeung janjina (nembongkeun kaalusan) > tapi dina jero hatena manehna hayang ngingkaran janji anu manehna kecapkeun > (nyimpen maksud jahat). > Jalma anu dipercaya tapi katerusna ngahianatan disebut munafik kusabab ti > awalna manehna ngayakinkeun jalma anu mere amanat yen manehna bakal > nyampekeun amanat kasebut, tapi kanyataana manehna henteu nyampekeun amanat > malah ngahianatan. > Â > Jalma anu beda faham jeung bawahanna, tuluy manehna boga laku lampah doraka > (zalim) disebut munafik kusabab dina lahirna, mangsa paharep-harep manehna > nganggap beda faham teh biasa jeung geus dianggap beres, tapi tungtungna > manehna neangan tipu daya muslihat pikeun nyilakakeun bawahanna (nikam ti > tukang). > Â > Kukituna, kaopat ciri-ciri jalma munafik anu dijelaskeun ku hadits Nabi Saw. > sasuai jeung definiisi umum jalma munafik. > Â > Wallahu'alam, > Â > Â > Maraji : > 1. Syarhu Riyadhus Shalihin, juz IV/576, Ibnu Utsaimin > 2. Fi Dhilalil Qur'an, I/30-32 jeung 42-43, Sayyid Qutb > 3. Tafsir Ibnu Katsir, I/78 > Â > Â > Â Â Â > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
