haturan baraya, kuring ka kantor sok make sapedah, ngan geus meh sabulan
ieu mah sapedah teh rusak. ngan aya untungna geuning, jadi resep leumpang.

pakulian teh di daerah menteng, ti bogor sok make krl (kareta rel listrik)
turun di stasiun cikini. mun leumpang, nepi ka buruan pakulen teh kira-kira
25 menit.

salian, cenah, matak sehat, leumpang teh keur kuring mah matak beuki pogot
ngalamun (tah hiji deui hobi kuring!). sakabeh nu katingali salila leumpang
teu weleh narik jadi bahan lamuneun. teu iwal ti trotoar, liang drainaseu,
jeung kios rokok nepi ka jadi hiji carita di handap ieu:

*(carita jalan-jalan) jadi rambo*
*http://goo.gl/nR2Ny*

reketek. bengker beureum téh ditarik. m16 nu ti tatadi disosorén laju
dicekel, sayaga témbak. aya nu anéh di lemah liliwateun. samar. mun lain ku
mata nu geus kalatih mah moal katara. taneuh dua léngkah hareupeun téh semu
teu rata, béda jeung sabudeureunna. kitu deui warnana. béda. leuwih ngora.
'burang! ranjau!,' cek dina pikir. komo katingali samar-samar di kajauhan,
di luhur pasir hareupeun réa karung ditumpuk-tumpuk. teu salah deui geus
asup ka wilayah musuh. teu héran mun réa burang nu ditaheun. kuring laju
tiarap.

kodomang. lalaunan ngarayap. m16 tetep sayaga dina cekelan. sanggeus
deukeut jeung nu jadi sasangkaan. beuki pertéla. bener burang! katingali
aya pentil ka luar ti jero taneuh. mun katincak, langsung ngabeledug. alus
milik, ukur suku nu ajur.

terus kokodomangan. geus di suku pasir. sakabéh burang bisa disingkahan.
tambah untung, di pasir téh réa kénéh rungkun keur nyumput, muru musuh. m16
beuki pageuh dicekel. siap didorododkeun.

gap. leungeun katuhu kana palebah cankéng. granat dicepeng.

ukur dua, musuh nu katingali. rada balangah. silih hareupan, jiga keur maén
catur. bedilna, AK47, katingali masih disarorén.

beuki deukeut. sapamaledogan. pamicu granat ditarik. belewer dialungkeun ka
nu keur tonggoy. beledug. anggota awak paburisat. opat leungeun, dua awak.
dina dua hulu nu ogé ngalayang, dua baham teu kaburu ngocéak.

deregdeg. lumpat muru puncer. di handapeun tumpukan karung aya liang. liang
asup bunker. dorodod. m16 ngabekas. unggal nu kaluar ngajurahroh. guyang
getih.

dorodod. dorodod. m16 teu eureun. nepi ka magazin kosong. solongsong
ngabayak. geus taya musuh nu kaluar. gap deui kana cangkéng. granat deui.
pamicuna ditarik. granat dialungkeun kana liang. nambaan panasaran. bisi
aya nu masih nyumput jero bunker.

deregdeg. saacan granat ngabeledug. lumpat ka suku pasir sabelahna.
sakalumpat-lampet..... inggis...

"TIIIIIDIIIIIIID!!!". rénjag. "NGALAMUN. ANJING!". motor terus ngadius.
ngan katingali kénéh, sakolébatan nu tumpak téh beureum beungeut. euceuy.
kakara sadar. geus di parapatan. di luhureun aspal saléngkah ti tungtung
trotoar.

[image: Gambar sisip 1]

--
hatur nuhun tos kersa maca lamunan uing :p

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke