makana, tibatan mikiran trotoar beak kunu dagang mah mending jadikeun lamunan geura ibi. sopir angkot, nu dagang teh lain dicabok deui. tapi leuwih rohaka, digranat! eta teh tamba ambek kapegung. haha
2012/2/20 Yeni Kurniatin <[email protected]> > ** > > > ** Ambuing.. Bah Dud. > Sami atuh, ibi oge sok pirajeunan leuleumpangan. Biasana ti Cihampelas mun > entas teterekelan, bras ka bale kota, nepi ka tegalega. > Nya kitu tea geuningan ojol2 aya angkot heok, garudas-garidus siga indung > hayam leungit anakna. Reug! Eureun hareupeun irung pisan. Matak ngarenjag. > "Kalapa Neng.." Bari ngelaksonan. > Boro-boro hayang kalapa, hayang nyabok nu aya. > Atuda rek leumpang na trotoar beak ku nu dagang. Aya nu lowong pabuis > jeung motor. > Cag ah, > Caritana nyambungan heu heu heu > > www.bioeti.com > Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos > ------------------------------ > *From: * Dudi Herlianto <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Mon, 20 Feb 2012 14:22:16 +0700 > *To: *<[email protected]>; Urangsunda<[email protected]>; > [email protected]<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo > > > > haturan baraya, kuring ka kantor sok make sapedah, ngan geus meh sabulan > ieu mah sapedah teh rusak. ngan aya untungna geuning, jadi resep leumpang. > > pakulian teh di daerah menteng, ti bogor sok make krl (kareta rel listrik) > turun di stasiun cikini. mun leumpang, nepi ka buruan pakulen teh kira-kira > 25 menit. > > salian, cenah, matak sehat, leumpang teh keur kuring mah matak beuki pogot > ngalamun (tah hiji deui hobi kuring!). sakabeh nu katingali salila leumpang > teu weleh narik jadi bahan lamuneun. teu iwal ti trotoar, liang drainaseu, > jeung kios rokok nepi ka jadi hiji carita di handap ieu: > > *(carita jalan-jalan) jadi rambo* > *http://goo.gl/nR2Ny* > > reketek. bengker beureum téh ditarik. m16 nu ti tatadi disosorén laju > dicekel, sayaga témbak. aya nu anéh di lemah liliwateun. samar. mun lain ku > mata nu geus kalatih mah moal katara. taneuh dua léngkah hareupeun téh semu > teu rata, béda jeung sabudeureunna. kitu deui warnana. béda. leuwih ngora. > 'burang! ranjau!,' cek dina pikir. komo katingali samar-samar di kajauhan, > di luhur pasir hareupeun réa karung ditumpuk-tumpuk. teu salah deui geus > asup ka wilayah musuh. teu héran mun réa burang nu ditaheun. kuring laju > tiarap. > > kodomang. lalaunan ngarayap. m16 tetep sayaga dina cekelan. sanggeus > deukeut jeung nu jadi sasangkaan. beuki pertéla. bener burang! katingali > aya pentil ka luar ti jero taneuh. mun katincak, langsung ngabeledug. alus > milik, ukur suku nu ajur. > > terus kokodomangan. geus di suku pasir. sakabéh burang bisa disingkahan. > tambah untung, di pasir téh réa kénéh rungkun keur nyumput, muru musuh. m16 > beuki pageuh dicekel. siap didorododkeun. > > gap. leungeun katuhu kana palebah cankéng. granat dicepeng. > > ukur dua, musuh nu katingali. rada balangah. silih hareupan, jiga keur > maén catur. bedilna, AK47, katingali masih disarorén. > > beuki deukeut. sapamaledogan. pamicu granat ditarik. belewer dialungkeun > ka nu keur tonggoy. beledug. anggota awak paburisat. opat leungeun, dua > awak. dina dua hulu nu ogé ngalayang, dua baham teu kaburu ngocéak. > > deregdeg. lumpat muru puncer. di handapeun tumpukan karung aya liang. > liang asup bunker. dorodod. m16 ngabekas. unggal nu kaluar ngajurahroh. > guyang getih. > > dorodod. dorodod. m16 teu eureun. nepi ka magazin kosong. solongsong > ngabayak. geus taya musuh nu kaluar. gap deui kana cangkéng. granat deui. > pamicuna ditarik. granat dialungkeun kana liang. nambaan panasaran. bisi > aya nu masih nyumput jero bunker. > > deregdeg. saacan granat ngabeledug. lumpat ka suku pasir sabelahna. > sakalumpat-lampet..... inggis... > > "TIIIIIDIIIIIIID!!!". rénjag. "NGALAMUN. ANJING!". motor terus ngadius. > ngan katingali kénéh, sakolébatan nu tumpak téh beureum beungeut. euceuy. > kakara sadar. geus di parapatan. di luhureun aspal saléngkah ti tungtung > trotoar. > > [image: Gambar sisip 1] > > -- > hatur nuhun tos kersa maca lamunan uing :p > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
