bi Oeti pangusaha nyah? 
nga klik www.bioeti.com warna ungu, ari breh teh ........aya mukena, anggean 
muslimah,
syukur we...sing sukses we
 

________________________________
 Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 20 Februari 2012 14:35
Judul: Re: [kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo
  

 
   
 
 Ambuing.. Bah Dud.
Sami atuh, ibi oge sok pirajeunan leuleumpangan. Biasana ti Cihampelas mun 
entas  teterekelan,  bras ka bale kota, nepi ka tegalega. 
Nya kitu tea geuningan ojol2 aya angkot heok, garudas-garidus siga indung hayam 
leungit anakna. Reug! Eureun hareupeun irung pisan. Matak ngarenjag.
"Kalapa Neng.." Bari ngelaksonan. 
Boro-boro hayang kalapa, hayang nyabok nu aya. 
Atuda rek leumpang na trotoar beak ku nu dagang. Aya nu lowong pabuis jeung 
motor. 
Cag ah,
Caritana nyambungan heu heu heu 


www.bioeti.com 
Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos

________________________________

From:  Dudi Herlianto <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Mon, 20 Feb 2012 14:22:16 +0700
To: <[email protected]>; Urangsunda<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo
   
haturan baraya, kuring ka kantor sok make sapedah, ngan geus meh sabulan ieu 
mah sapedah teh rusak. ngan aya untungna geuning, jadi resep leumpang.

pakulian teh di daerah menteng, ti bogor sok make krl (kareta rel listrik) 
turun di stasiun cikini. mun leumpang, nepi ka buruan pakulen teh kira-kira 25 
menit.

salian, cenah, matak sehat, leumpang teh keur kuring mah matak beuki pogot 
ngalamun (tah hiji deui hobi kuring!). sakabeh nu katingali salila leumpang teu 
weleh narik jadi bahan lamuneun. teu iwal ti trotoar, liang drainaseu, jeung 
kios rokok nepi ka jadi hiji carita di handap ieu: 

(carita jalan-jalan) jadi rambo
http://goo.gl/nR2Ny

reketek. bengker beureum téh ditarik. m16 nu ti tatadi disosorén laju dicekel, 
sayaga témbak. aya nu anéh di lemah liliwateun. samar. mun lain ku mata nu geus 
kalatih mah moal katara. taneuh dua léngkah hareupeun téh semu teu rata, béda 
jeung sabudeureunna. kitu deui warnana. béda. leuwih ngora. 'burang! ranjau!,' 
cek dina pikir. komo katingali samar-samar di kajauhan, di luhur pasir 
hareupeun réa karung ditumpuk-tumpuk. teu salah deui geus asup ka wilayah 
musuh. teu héran mun réa burang nu ditaheun. kuring laju tiarap. 

kodomang. lalaunan ngarayap. m16 tetep sayaga dina cekelan. sanggeus deukeut 
jeung nu jadi sasangkaan. beuki pertéla. bener burang! katingali aya pentil ka 
luar ti jero taneuh. mun katincak, langsung ngabeledug. alus milik, ukur suku 
nu ajur. 

terus kokodomangan. geus di suku pasir. sakabéh burang bisa disingkahan. tambah 
untung, di pasir téh réa kénéh rungkun keur nyumput, muru musuh. m16 beuki 
pageuh dicekel. siap didorododkeun. 

gap. leungeun katuhu kana palebah cankéng. granat dicepeng. 

ukur dua, musuh nu katingali. rada balangah. silih hareupan, jiga keur maén 
catur. bedilna, AK47, katingali masih disarorén.  

beuki deukeut. sapamaledogan. pamicu granat ditarik. belewer dialungkeun ka nu 
keur tonggoy. beledug. anggota awak paburisat. opat leungeun, dua awak. dina 
dua hulu nu ogé ngalayang, dua baham teu kaburu ngocéak. 

deregdeg. lumpat muru puncer. di handapeun tumpukan karung aya liang. liang 
asup bunker. dorodod. m16 ngabekas. unggal nu kaluar ngajurahroh. guyang getih. 

dorodod. dorodod. m16 teu eureun. nepi ka magazin kosong. solongsong ngabayak. 
geus taya musuh nu kaluar. gap deui kana cangkéng. granat deui. pamicuna 
ditarik. granat dialungkeun kana liang. nambaan panasaran. bisi aya nu masih 
nyumput jero bunker. 

deregdeg. saacan granat ngabeledug. lumpat ka suku pasir sabelahna. 
sakalumpat-lampet..... inggis...

"TIIIIIDIIIIIIID!!!". rénjag. "NGALAMUN. ANJING!". motor terus ngadius. ngan 
katingali kénéh, sakolébatan nu tumpak téh beureum beungeut. euceuy. kakara 
sadar. geus di parapatan. di luhureun aspal saléngkah ti tungtung trotoar. 



--
hatur nuhun tos kersa maca lamunan uing :p 

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
    
      

Kirim email ke