Alhamdulillah Kang SP nuju dikeureuyeuh. Hatur nuhun tos rurumpaheun, teu acan dioprek deui. Nuju nyiapkeun kanggo 2012. Tah engke mah kang, salian ngiderkeun sendal, iderkeun atuh mukena abdi heu heu heu.. Bah Dud, cuang ngimpleng! Lara crof ngulampreng ka trotoar. Tada teuing beuki riweuh nya di jalan.
www.bioeti.com Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos -----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 20 Feb 2012 16:08:16 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo bi Oeti pangusaha nyah? nga klik www.bioeti.com warna ungu, ari breh teh ........aya mukena, anggean muslimah, syukur we...sing sukses we ________________________________ Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Senin, 20 Februari 2012 14:35 Judul: Re: [kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo Ambuing.. Bah Dud. Sami atuh, ibi oge sok pirajeunan leuleumpangan. Biasana ti Cihampelas mun entas teterekelan, bras ka bale kota, nepi ka tegalega. Nya kitu tea geuningan ojol2 aya angkot heok, garudas-garidus siga indung hayam leungit anakna. Reug! Eureun hareupeun irung pisan. Matak ngarenjag. "Kalapa Neng.." Bari ngelaksonan. Boro-boro hayang kalapa, hayang nyabok nu aya. Atuda rek leumpang na trotoar beak ku nu dagang. Aya nu lowong pabuis jeung motor. Cag ah, Caritana nyambungan heu heu heu www.bioeti.com Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos ________________________________ From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 20 Feb 2012 14:22:16 +0700 To: <[email protected]>; Urangsunda<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] (carita jalan-jalan) jadi rambo haturan baraya, kuring ka kantor sok make sapedah, ngan geus meh sabulan ieu mah sapedah teh rusak. ngan aya untungna geuning, jadi resep leumpang. pakulian teh di daerah menteng, ti bogor sok make krl (kareta rel listrik) turun di stasiun cikini. mun leumpang, nepi ka buruan pakulen teh kira-kira 25 menit. salian, cenah, matak sehat, leumpang teh keur kuring mah matak beuki pogot ngalamun (tah hiji deui hobi kuring!). sakabeh nu katingali salila leumpang teu weleh narik jadi bahan lamuneun. teu iwal ti trotoar, liang drainaseu, jeung kios rokok nepi ka jadi hiji carita di handap ieu: (carita jalan-jalan) jadi rambo http://goo.gl/nR2Ny reketek. bengker beureum téh ditarik. m16 nu ti tatadi disosorén laju dicekel, sayaga témbak. aya nu anéh di lemah liliwateun. samar. mun lain ku mata nu geus kalatih mah moal katara. taneuh dua léngkah hareupeun téh semu teu rata, béda jeung sabudeureunna. kitu deui warnana. béda. leuwih ngora. 'burang! ranjau!,' cek dina pikir. komo katingali samar-samar di kajauhan, di luhur pasir hareupeun réa karung ditumpuk-tumpuk. teu salah deui geus asup ka wilayah musuh. teu héran mun réa burang nu ditaheun. kuring laju tiarap. kodomang. lalaunan ngarayap. m16 tetep sayaga dina cekelan. sanggeus deukeut jeung nu jadi sasangkaan. beuki pertéla. bener burang! katingali aya pentil ka luar ti jero taneuh. mun katincak, langsung ngabeledug. alus milik, ukur suku nu ajur. terus kokodomangan. geus di suku pasir. sakabéh burang bisa disingkahan. tambah untung, di pasir téh réa kénéh rungkun keur nyumput, muru musuh. m16 beuki pageuh dicekel. siap didorododkeun. gap. leungeun katuhu kana palebah cankéng. granat dicepeng. ukur dua, musuh nu katingali. rada balangah. silih hareupan, jiga keur maén catur. bedilna, AK47, katingali masih disarorén. beuki deukeut. sapamaledogan. pamicu granat ditarik. belewer dialungkeun ka nu keur tonggoy. beledug. anggota awak paburisat. opat leungeun, dua awak. dina dua hulu nu ogé ngalayang, dua baham teu kaburu ngocéak. deregdeg. lumpat muru puncer. di handapeun tumpukan karung aya liang. liang asup bunker. dorodod. m16 ngabekas. unggal nu kaluar ngajurahroh. guyang getih. dorodod. dorodod. m16 teu eureun. nepi ka magazin kosong. solongsong ngabayak. geus taya musuh nu kaluar. gap deui kana cangkéng. granat deui. pamicuna ditarik. granat dialungkeun kana liang. nambaan panasaran. bisi aya nu masih nyumput jero bunker. deregdeg. saacan granat ngabeledug. lumpat ka suku pasir sabelahna. sakalumpat-lampet..... inggis... "TIIIIIDIIIIIIID!!!". rénjag. "NGALAMUN. ANJING!". motor terus ngadius. ngan katingali kénéh, sakolébatan nu tumpak téh beureum beungeut. euceuy. kakara sadar. geus di parapatan. di luhureun aspal saléngkah ti tungtung trotoar. -- hatur nuhun tos kersa maca lamunan uing :p -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
