abdi mah ngadukung tahlillan http://albanduni.wordpress.com http://ahmadsahidin.wordpress.com
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 9 Maret 2012 6:07 Judul: [kisunda] pipilueun masalah tahlil Cek kuring Tahlil teh Hiji Budaya Lokal, nu ayana di Indonesia ( wungkul ). Tahlilan jelas lain IBADAH. Sakali deui lain Ibadah nu diparentah ku syaareat Islam. Eta mah ngan ukur Budaya Lokal. Tapi sagala kalakuan manusa saenyana kaasup amal ibadah. Mun urang ayeuna kudu meunteun masalaah tahlil/tahlilan; kieeu meureun : Cek Kuring, punten ieu mah cek kuring; jajauheun ti na Qur_an : Lamun Persis/Salafy/Muhammadiyah/Wahabbi teu naarima Tahlilan, eta wajar jeung bisa disebut BENER; lantaran memang euweuh ti dituna. Kumaha nu satuju ka na Tahlil, nu nyomot ti na budaya Lokal ? Ieu ge bisa dibenerkeun ! Naon sababna ? Kapan Nabi oge tos nyaarios : soal Ibadah sok naanya ka Kaula; tapi masalah amal ibadah antara maanusa aya ahlina nu leuwih ngarti ti batan Kaula. Tah ku saabab Tahlilan maah euweuh di BUDAYA ARAB; ayana di BUDAYA Nusantara. Dilelemes; eta Budaya Lokal jadi Budaya NGADOA. Sedengkeun Doa teh kapan dianjurkeun/diparentah pisan ku Gusti Allah. Malah alus pisan ti na budaya nu nyembah Dewa; disalurkeun jadi Budaya Doa nu Islami Piraku nu sakitu alusna rek dituduh HARAM ! Eta alesan para Ulamaa tradisionil neruskeun budaya Tahlil/an. Kade ieu BUDAYA; naha rek dipupus sakabeh BUDAYA ku ISLAM ? Mun kitu mah atuh ISLAM teh lain Rahmaatan lil alamiin deui ? Naha sakabeh Budaya kudu dipupus, ti BUMI ieu pedah di ARAB taya budaya kitu !? Tah ieu nu ngamatakkeun anggapan yen salafy/Wahabbi teh ARABISASI ! Ayeuna hiji Budaya geus diasupan ku PANGARUH Islam; diganti jadi Doa nu Islami; naha eta lain kaalusan ? Naha bet divonis jadi HARAM ? Ku sabab BUDAYA eta euweuh di ARAB ? Naha ISLAM = Keur urang ARAB wungkul ? Jeung Budayana kudu PERSIS ARAB ? Teu meunang urang Indonesia boga Budaya sorangan ? Kabeh diharamkeun ? Ieu ahirna jadi masalah. Di EOR kamari ieu aya tahlilan, dilakukeunana di musholla; teu aya lalawuh, dalah cai ge teu aya ! Tahlil we terus. Da eta mah saukur Do'a. Jeung nu disebut Tahlilaan teh naon aatuh eusina ? Gegedena mah shalawat ! ka Nabi. Ngagungkeun Allah. Cenah eta doana ditungtungan ku menta ampun keur sakumna muslim/mumin. Nya atuh alus oge lantaran kapan urang teh kudu silih doakeun. Masalah ditarima henteuna mah hak Prerogatif Allaah nyalira. Ari kuring mah NGEDUL. Diundang Tahlil; paling sakali we hadir; sesana mah ku adi kuring. Kumaha sacara mental/moral ? Ieu ngagedekeun hate nu tunggara ditinggalkeun maot ku salah sahiji kulawargana; maranehna ngarasa reugreug. Pan eta positif. Kumahaa ari cek kuring ? Ari kuring mah sakuringeun; hadiah Fatihah ka nu ku kuring dipihormat, dipikainget, dipikacinta; soal ditampi henteuna mah kumahaa Gusti. Ngan wae kuring nenedana kieu : Duuuh Gustiii, abdi teh sok sasarengan sareng si A si B si C; kapungkur waktos maranehna masih hirup. Ayeuna tos teu aya dikieuna; tah ieu mah kaingetan abdi Gustiii ka maranehna, mudah2an Anjeun kersa ngahubungkeunana; da mung ieu nu tiasa dilakukeun ku abdi; abdi teh rumasaa boga dosa ka maranehna bari teu sempet menta dihampura; da tos maraot teu tiasa deui abdi menta maaf ka maranehna; mudah2an wae ku ieu Fatihah Anjeun tiasa ngahapus sabagean ti na kasalahan kuring ka si eta. Kitu ari kuring maah. Sakuringeun. Wallahualam. EOR, 9 Maret 2012
