Nambahan ngacapruk ah. Keur ukuran jaman modern nu sagalana diukur ku untung rugi, memang rada aneh oge keur naon nu maot make dihajatan sagala (komo plus nganjuk ngahutang mah), nya maot mah, maot we, cukup diruang, beres weh, praktis jeung ekonomis. Ngan kunaon ritual kamaotan nu satengah pesta tetep eksis? Meureun ieu teh tina filosofina yen jelema maot teh lain leungit, jadi teu aya, tapi pindah ka ALAM SEJEN NU LEUWIH HADE. Tah kulantaran pindah ka alam sejen nu leuwih hade, kulawargana wajib ngayakeun hajat, nandakeun KAGUMBIRAAN. Kamaotan lain kasedihan, kamaotan lir ibarat nyambut kalahiran atawa hajat kawinan, ngarayakeun nu rek "hidup baru". Nganjuk ngahutang teu masalah, da nu hajat kawinan oge aya nu nganjuk ngahutang ...hehehe
Etnik nu paling ekstrim nganut filosofi ieu etnik Toraja, nu mestakeun anu maot tepi ka bebeakan, meuncit munding tepika puluh atawa ratusna. Di Sunda oge, sigana filosofi ieu kungsi hirup, contona di lembur kuring baheula, lamun aya nu maot, kulawargana sok peupeuncitan ( Nu beunghar sok meuncit sapi atawa Munding) dagingna dibagikeun ka masyarakat. Mungkin kulantaran ayeuna ku alesan ekonomi/kapraktisan hirup jeung alesan ageman, hajat ritual kamaotan mimiti dikurangan atawa mungkin engke mah euweuh pisan. Tapi satungtung jelema percaya yen maot teh ngan saukur pindah alam wungkul, ritual-ritual ieu bakal tetep eksis.... WLY --- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote: > > Di Indonesia, paling henteu anu katempo ku kuring di Atambua Timor, nu agamana Katholik oge osok ngahajatkeun anu maot : Tiluna, Tujuhna, 40 poena. Harita taun 2006, kuring survey apruk-aprukan di lembur urang ditu bari diaanteur ku urang ditu, pagawe Pemda. Ceuk pagawe Pemda Uskup Atambua nu harita anyar keneh diangkat ku Vatikan, geus ngahimbau supaya upacara2 kamaotan teh teu kudu make upacara Tiluna, Tujuhna ..Opat puluh poena sagala. Tapi himbauan ieu, lain disambut positip ku masyarakat tapi negatip. Masyrakat leuwih resep uskup nu tiheula nu tara barang-geureuh. Padahal Uskup anyar ieu, asli urang NTT, beda jeung Uskup nu tiheula nu urang Bule. > > Ngareungeu kitu, kuring ukur nyerengeh, bet inget ka lembur sorangan, > > WLY > > > > > --- In [email protected], Gunawan Yusuf Miarsadireja <gunawan_yusuf@> wrote: > > > > jalma maot (islam) tuluy didoa-keun nepi ka sababaraha poe, aya oge di sababaraha nagara timur tengah, yordania, iraq, yaman, puguh di malaysia mah, aya oge nu make tahlil sataun sakali ampir di sakabeh nagara muslim tradisional ngarana 'haul', kuring mah teu satuju yen tahlil dicandak tina budaya lokal pra islam, buktina di baduy teu aya acara 1-7 poe jalma maot, geus maot maot bae ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
