tahlil teh pan eusina ngadu'akeun. bisa wae mun teu "hajatan" oge, bisa dulur 
saimah ngayakaeuna

 
http://albanduni.wordpress.com 
http://ahmadsahidin.wordpress.com


________________________________
 Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 9 Maret 2012 10:24
Judul: Re: Bls: [kisunda] pipilueun masalah tahlil Cek kuring
 

  
Tahlil ubar nu matih tapi mahal keur kulawarga nu ditinggalkeun

--- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote:
>
> Nambahan ngacapruk ah. Keur ukuran jaman modern nu sagalana diukur ku untung
> rugi, memang rada aneh oge keur naon nu maot make dihajatan sagala (komo plus
> nganjuk ngahutang mah), nya maot mah, maot we, cukup diruang, beres weh, 
> praktis
> jeung ekonomis. Ngan kunaon ritual kamaotan nu satengah pesta tetep eksis?
> Meureun ieu teh tina filosofina yen jelema maot teh lain leungit, jadi teu 
> aya,
> tapi pindah ka ALAM SEJEN NU LEUWIH HADE. Tah kulantaran pindah ka alam sejen
> nu leuwih hade, kulawargana wajib ngayakeun hajat, nandakeun KAGUMBIRAAN. 
> Kamaotan lain kasedihan, kamaotan lir ibarat nyambut kalahiran atawa hajat
> kawinan, ngarayakeun nu rek "hidup baru". Nganjuk ngahutang teu masalah, da nu
> hajat kawinan oge aya nu nganjuk ngahutang ...hehehe
> 
> Etnik nu paling ekstrim nganut filosofi ieu etnik Toraja, nu mestakeun anu 
> maot
> tepi ka bebeakan, meuncit munding tepika puluh atawa ratusna. Di Sunda oge,
> sigana filosofi ieu kungsi hirup, contona di lembur kuring baheula, lamun aya 
> nu
> maot, kulawargana sok peupeuncitan ( Nu beunghar sok meuncit sapi atawa 
> Munding)
> dagingna dibagikeun ka masyarakat.
> 
> Mungkin kulantaran ayeuna ku alesan ekonomi/kapraktisan hirup jeung alesan
> ageman, hajat ritual kamaotan mimiti dikurangan atawa mungkin engke mah euweuh
> pisan. Tapi satungtung jelema percaya yen maot teh ngan saukur pindah alam
> wungkul, ritual-ritual ieu bakal tetep eksis....
> 
> WLY
> 
> 
> --- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@> wrote:
> >
> > Di Indonesia, paling henteu anu katempo ku kuring di Atambua Timor, nu 
> > agamana
> Katholik oge osok ngahajatkeun anu maot : Tiluna, Tujuhna, 40 poena. Harita 
> taun
> 2006, kuring survey apruk-aprukan di lembur urang ditu bari diaanteur ku urang
> ditu, pagawe Pemda. Ceuk pagawe Pemda Uskup Atambua nu harita anyar keneh
> diangkat ku Vatikan, geus ngahimbau supaya upacara2 kamaotan teh teu kudu make
> upacara Tiluna, Tujuhna ..Opat puluh poena sagala. Tapi himbauan ieu, lain
> disambut positip ku masyarakat tapi negatip. Masyrakat leuwih resep uskup nu
> tiheula nu tara barang-geureuh. Padahal Uskup anyar ieu, asli urang NTT, beda
> jeung Uskup nu tiheula nu urang Bule.
> >
> > Ngareungeu kitu, kuring ukur nyerengeh, bet inget ka lembur sorangan,
> >
> > WLY
> >
> >
> >
> >
> > --- In [email protected], Gunawan Yusuf Miarsadireja 
> > <gunawan_yusuf@>
> wrote:
> > >
> > > jalma maot (islam) tuluy didoa-keun nepi ka sababaraha poe, aya oge di
> sababaraha nagara timur tengah, yordania, iraq, yaman, puguh di malaysia mah,
> aya oge nu make tahlil sataun sakali ampir di sakabeh nagara muslim 
> tradisional
> ngarana 'haul', kuring mah teu satuju yen tahlil dicandak tina budaya lokal 
> pra
> islam, buktina di baduy teu aya acara 1-7 poe jalma maot, geus maot maot bae
>


 

Kirim email ke