Karek ku sajurus andelan, can kaluar kabeh!! Mantapzz.. Lajeng ah, mugia jadi pahala meupeuskeun kapanasaran batur, Ki Abbas. Baktos, ::zya
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Thursday, 15 March 2012 2:35 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 109 Enya we musuh karaget; areureun; ngan sakeudeung eta kajadian teh; tapi sakeudeung eta cukup keur Jalma ngagebug Ki Seca nepi ka ngaJungkiringna. Geus kitu Jalma najong Ki Garniwa satakerna nepi ka totolonjongan; abd Rauf jeung Abd Gofar harita keneh nyerang ka Jalma; Jalma ngahaja luncat ka hareup nurutkeun eta gebugan; nya atuh Jalma ge kabanting ti gugulitik. Tapi gancang hudang deui terus nyerang deui ka Abd Gofar nepi ka manehna oge tigugulitik; terus wae diuk lantaran ti na sungutna kaluar getih. Nempo kitu Abd Rauf mani hookeun; tapi terus we brek deku :”Duh Pendekar; Kaula limaan nyerah, moal wani deui ngalawan; nyata sampeyan teh hebat pisan; teu disangka ku Kaula. Hampura Kula geus wani2 ka Andika; nu nyata Pendekar hebat. Mun diidinan Kula rek balik ayeuna keneh ka Cirebon.” Jalma melong we ka Abd Rauf, unggeuk saeutik; atuh biur wae limaanana kalabur naek kuda; kaldena mah cul wae ditinggalkeun. Maranehna gesat gesut lantaran rek ngubaran “luka dalam”. Hanca
