Sumhun Kang Narayana, kira-kira kumaha tah? Kumaha upami teras diwaler wae ayeuna ku No 110. Sigana mantep pisan jawabanna... -hehehe
________________________________ From: Narayana Adipranata <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Thursday, 15 March 2012 2:42 PM Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 109 nuhun bah AA. ngan eta kaldena dikumahakeun tah ku jalma???? ________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 15 Maret 2012 14:35 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 109 Enya we musuh karaget; areureun; ngan sakeudeung eta kajadian teh; tapi sakeudeung eta cukup keur Jalma ngagebug Ki Seca nepi ka ngaJungkiringna. Geus kitu Jalma najong Ki Garniwa satakerna nepi ka totolonjongan; abd Rauf jeung Abd Gofar harita keneh nyerang ka Jalma; Jalma ngahaja luncat ka hareup nurutkeun eta gebugan; nya atuh Jalma ge kabanting ti gugulitik. Tapi gancang hudang deui terus nyerang deui ka Abd Gofar nepi ka manehna oge tigugulitik; terus wae diuk lantaran ti na sungutna kaluar getih. Nempo kitu Abd Rauf mani hookeun; tapi terus we brek deku :”Duh Pendekar; Kaula limaan nyerah, moal wani deui ngalawan; nyata sampeyan teh hebat pisan; teu disangka ku Kaula. Hampura Kula geus wani2 ka Andika; nu nyata Pendekar hebat. Mun diidinan Kula rek balik ayeuna keneh ka Cirebon.” Jalma melong we ka Abd Rauf, unggeuk saeutik; atuh biur wae limaanana kalabur naek kuda; kaldena mah cul wae ditinggalkeun. Maranehna gesat gesut lantaran rek ngubaran “luka dalam”. Hanca
