Kuring mah arek nungguan edisi cetakna we engke ngarah aya ti awal nepi ka 
akhirna...maklum macana cilingcingcat jadi rada tinggaleun kumaha wae ketakna 
Jalma ti poe ka hiji nepi ka nu 109.
 
Bah AA, bade ngantosan 365 kaca (sataun) kitu sateuacan dibukukeun?


________________________________
From: Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Thursday, March 15, 2012 3:50 PM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 109

  
Sumhun Kang Narayana, kira-kira kumaha tah?
Kumaha upami teras diwaler wae ayeuna ku No 110.
Sigana mantep pisan jawabanna... -hehehe


________________________________
From: Narayana Adipranata <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Thursday, 15 March 2012 2:42 PM
Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 109

  
nuhun bah AA. ngan eta kaldena dikumahakeun tah ku jalma????


________________________________
Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 15 Maret 2012 14:35
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 109

  
Enya we musuh karaget; areureun; ngan sakeudeung eta kajadian teh; tapi 
sakeudeung eta cukup keur Jalma ngagebug Ki Seca nepi ka ngaJungkiringna.

Geus kitu Jalma najong Ki Garniwa satakerna nepi ka totolonjongan; abd Rauf 
jeung Abd Gofar harita keneh nyerang ka Jalma; Jalma ngahaja luncat ka hareup 
nurutkeun eta gebugan; nya atuh Jalma ge kabanting ti gugulitik. Tapi gancang 
hudang deui terus nyerang deui ka Abd Gofar nepi ka manehna oge tigugulitik; 
terus wae diuk lantaran ti na sungutna kaluar getih.

Nempo kitu Abd Rauf mani hookeun; tapi terus we brek deku :”Duh Pendekar; Kaula 
limaan nyerah, moal wani deui ngalawan; nyata sampeyan teh hebat pisan; teu 
disangka ku Kaula. Hampura Kula geus wani2 ka Andika; nu nyata Pendekar hebat. 
Mun diidinan Kula rek balik ayeuna keneh ka Cirebon.”

Jalma melong we ka Abd Rauf, unggeuk saeutik; atuh biur wae limaanana kalabur 
naek kuda; kaldena mah cul wae ditinggalkeun. Maranehna gesat gesut lantaran 
rek ngubaran “luka dalam”.    

Hanca
  

Kirim email ke