Mang Asnawi boga anak ngarana Ableh umurna geus manjing 25 taun. Hiji mangsa
Mang Asnawi nanya anakna sangkan geura neangan pipamajikaneun. Nu ditanya ah uh
teu puguh jentre, basana teh "Ah pa, haroream, mun bapa nitah neangan embe
bikang meureun poe ieu oge meunang". Ceuk bapana rada mentegeg "Ah dia mah ari
ditanya kitu bae, kumaha mun aing anu neangan pikeun ewe dia" Dijawab ku si
Ableh "Hop bae lah pa ari daekmah, abdi mah kumaha bapa bae". Meunang jawaban
kitu ti anakna Mang Asnawi rada bungah "Heueuh ari dia sangeuk neangan
mah. Heueuh aing mah rada teu ngarti ka dia, anu rek ewean dia, aing anu kudu
neangan ewena", bari ngoloyor katengah imah ninggalkeun si Ableh anu keur
cungar cengir jiga kuda rek kawinan.
Geus dua minggu harita saprak mang Asnawi nanya anakna, di imahna aya semah
tilua urang, katenjo aya hiji cawene anu rada budak keneh ditaksir umurna kara
17 taunan. Eta semah singhoreng Mang Adung jeung pamajikana dibarengan ku
anakna anu cawene ngarana Iroh. Mang Asnawi jeung Mang Adung geus badami rek
ngamprokkeun anak-anakna. Piribumi jeung tamu keur aya di tepas imah, teu lila
mang Asnawi ngageroan anakna si Dulah "Dul..Dul...Dulaaah!! mang Asnawi rada
nyengor ngageroan anakna. Anu digeroan lain buru-buru nembalan, malah repeh
bae. "Keur naon eta budak teh digeroan cicing bae" laju mang Asnawi cengkat
dina diukna lempang ka tengah imah neangkeun si Dulah. Anu digeroan singhoreng
keur ngorekan liang ceuli ku bulu hayam. "Polongo dia, digeroan ngajedog bae,
geura ka harep dia,aya semah jeung anakna". Ditembal ku Si Dulah "Semah timana
pa, apan perluna ka bapa lain ka abdi". Ceuk mang Asnawi "Tong nembal dia,
geura timuan ku dia". laju narik leungeun
si Ableh dibawa ka tepas imah.
Di tepas imah mang Asnawi ngamprokeun anakna jeung anak mang Adung, anu
tujuanna ngajodokeun. "Tah Ableh, eta cawene anakna Mang Adung, ngarana Iroh.
Tenjo ku dia, budakna geulis, geura deukeutan" ceuk mang Asnawi ka si Ableh.
Teu lila si Ableh ngaharewos ka bapana, pokna teh "Pa, ieu cawena awakna rada
begang, abdi mah embung cawena begang kieu mah". Meunang harewos anakna kitu,
mang Asnawi rada mentegeg laju narik leungeun anakna ka jero imah "Dia mah
goreng patut petana, aing geus cape-cape neangan eweeun dia, malah dicawad, ari
kitu dia hayang model kumaha". Jawab si Ableh "Pa abdi mah hayang cawene anu
awakna rada lintuh, jeung tumbungna bekem bisa ditumpakana ngeunah!!".
Mang Asnawi molotot mata simeuteun, teu bisa ngajawab, dina jero hatena "Dia
hayang boga ewe tumbungna bekem, naha teu kajeueung ku dia indung dia oge
begang, naon dia bae anu hayang tumbung bekem, aing ge hayang".