Nuhun kanggo quick respona, tiasa di Japri manawi.

Nuhuns 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
oman abdurahman
Sent: Monday, April 23, 2012 1:34 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Tumaros soal melak sengon

 

  

Wilujeng siang,

Kang Sumirat, si kuring seja maparin bongbolongan, tapi henteu langsung.
Kieu dongengna: Aya babaturan si kuring namina Kang Didi Ahmad Djamhir (kang
DAD). Anjeunna kapeto (ditugaskeun) ku ikatan alumni itb81 pikeun
ngokolakeun desa inovasi (desinov). Taya lian kusabab kang DAD geus meh aya
kana 10 taun-na usaha dina tatanen, kaasup melak kayu, ngusahakeun pepelakan
kapol laga, oge miara sapi; boh sorangan oge paroan jeung patani. Desa
rintisan anu ngalaksanakeun program desinov ieu nyaeta Desa Guntur Mekar,
Kacamatan ..., Kabupaten Sumedang. Tah, kukituna, pikeun kang Sumirat terjun
dina widang melak sengon ieu saena mah konsultasi sareng kang DAD nya. Sok
komo deui upama lokasina sami di Sumedang, pas pisan; malah bisa jadi asup
wae sakalian kana gawe bareng dina mekarkeun desinov. Alamat email sareng no
hp kang DAD ke dijaprikeun upama kang Sumirat aya emutan ngobrol sareng kang
DAD.

Sakitu heula.

manar

 

On Mon, Apr 23, 2012 at 12:46 PM, <[email protected]> wrote:

  

Wilujeng siang kanggo sadayana

 

Bade tumaros, simkuring teh keur gaduh niatan bade mantuan melakan kebon ku
kai sengon. Tah tapi teu acan terang kumaha2 na

Manawi aya anu kungsi pangalaman atanapi kaparengan keur melak sengon oge
simkuring tumaros kieu diantawisna.

1.    Ari bibit sengon sabaraha satangkalna ? ukuran bibit dipelak teh
ukuran sabaraha?

2.    Harga sengon umur 2 tahun lamun diasumsikeun diameterna 10 senti
sabaraha pangaosna? Naha enya sok diical yuswa 2 tahunan (jiga nyapih orok
wae)

3.    Tah lamun nincak umur 5 taun diasumsikeun (bhs sundana teu terang)
diameterna geus 30 cm jadi sabaraha hargana ?

Nuhun sateuacana

 

Salam Baktos 

Mang Ii

Mun aya gawir diawian

 

 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke