Wilujeng siang,

Kang Sumirat, si kuring seja maparin bongbolongan, tapi henteu langsung.
Kieu dongengna: Aya babaturan si kuring namina Kang Didi Ahmad Djamhir
(kang DAD). Anjeunna kapeto (ditugaskeun) ku ikatan alumni itb81 pikeun
ngokolakeun desa inovasi (desinov). Taya lian kusabab kang DAD geus meh aya
kana 10 taun-na usaha dina tatanen, kaasup melak kayu, ngusahakeun
pepelakan kapol laga, oge miara sapi; boh sorangan oge paroan jeung patani.
Desa rintisan anu ngalaksanakeun program desinov ieu nyaeta Desa Guntur
Mekar, Kacamatan ..., Kabupaten Sumedang. Tah, kukituna, pikeun kang
Sumirat terjun dina widang melak sengon ieu saena mah konsultasi sareng
kang DAD nya. Sok komo deui upama lokasina sami di Sumedang, pas pisan;
malah bisa jadi asup wae sakalian kana gawe bareng dina mekarkeun desinov.
Alamat email sareng no hp kang DAD ke dijaprikeun upama kang Sumirat aya
emutan ngobrol sareng kang DAD.

Sakitu heula.

manar



On Mon, Apr 23, 2012 at 12:46 PM, <[email protected]> wrote:

> **
>
>
> Wilujeng siang kanggo sadayana****
>
> ** **
>
> Bade tumaros, simkuring teh keur gaduh niatan bade mantuan melakan kebon
> ku kai sengon. Tah tapi teu acan terang kumaha2 na****
>
> Manawi aya anu kungsi pangalaman atanapi kaparengan keur melak sengon oge
> simkuring tumaros kieu diantawisna.****
>
> **1.    **Ari bibit sengon sabaraha satangkalna ? ukuran bibit dipelak
> teh ukuran sabaraha?****
>
> **2.    **Harga sengon umur 2 tahun lamun diasumsikeun diameterna 10
> senti sabaraha pangaosna? Naha enya sok diical yuswa 2 tahunan (jiga nyapih
> orok wae)****
>
> **3.    **Tah lamun nincak umur 5 taun diasumsikeun (bhs sundana teu
> terang)  diameterna geus 30 cm jadi sabaraha hargana ?****
>
> Nuhun sateuacana****
>
> ** **
>
> Salam Baktos ****
>
> Mang Ii****
>
> *Mun aya gawir diawian*
>
> ** **
>
> ** **
>
> ****
>
>  
>

Kirim email ke