Wilujeng siang kanggo sadayana

 

Bade tumaros, simkuring teh keur gaduh niatan bade mantuan melakan kebon ku
kai sengon. Tah tapi teu acan terang kumaha2 na

Manawi aya anu kungsi pangalaman atanapi kaparengan keur melak sengon oge
simkuring tumaros kieu diantawisna.

1.    Ari bibit sengon sabaraha satangkalna ? ukuran bibit dipelak teh
ukuran sabaraha?

2.    Harga sengon umur 2 tahun lamun diasumsikeun diameterna 10 senti
sabaraha pangaosna? Naha enya sok diical yuswa 2 tahunan (jiga nyapih orok
wae)

3.    Tah lamun nincak umur 5 taun diasumsikeun (bhs sundana teu terang)
diameterna geus 30 cm jadi sabaraha hargana ?

Nuhun sateuacana

 

Salam Baktos 

Mang Ii

Mun aya gawir diawian

 

 

Kirim email ke