[email protected], diantosss
Regards,
UJSupri

-----Original Message-----
From: Narayana Adipranata <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 24 Aug 2012 09:43:45 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Bls: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 255

satuju upami kitu mah atuh. mangga teraskeun..tos ngadepong ddeui yeuh nungguan 
lanjutanna.


________________________________
 Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 23 Agustus 2012 16:03
Judul: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 255
 

  
Hapunten ... ieu flash back bakal teras dugi ka Jalma ngupingkeun sadayana 
informasi ti Mawar Hideung dkk sareng ti Nyi Padmini ...
nu engkena bakal mangaruhan ka na masa depan Jalma ....
ulah dugi ka aya pataarosan : Geuning Jalma bla bla bla ?  Geuningan kieu 
lalakonna teh ? kumaha atuh latar tukangna ? .... pan barabe mun ujug2 ayeuna 
lalakon Jalma bari teu dituntaskeun flashbackna lantaran eta aya hubungan nu 
gede pisan ...jadi ulah infoermasina ngambang satengah2.

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> Boboran syiam. taqobalalloohu mina wa minkum.. bah Aa. hapunten samudaya 
> kalelepatan. ulah panjang teuing atuh bah aa edisi flashbackna. nepi ka setan 
> alas kobar paeh we atuh. geus sono ka si jalma...:) 
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Selasa, 21 Agustus 2012 14:58
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 255
> 
> 
>   
> Ahirna
> Lasmini pindah ti Cirebon, ka tutugan gunung Cereme; terus manggil tukang; ti
> lembur nu deukeut ka dinya; supaya pangadegkeun hiji imah gede keur hiji
> paguron.
> 
> Lantaran
> Ilmu Silat Lasmini dadasarna ka na kagesitan, jurus2na diumpamakeun walet nu
> kesit; jurus2na disebut ku ngaran2 manuk walet; nya Ilmu Silatna disebut oge 
> Elmu
> Manuk Walet. Tah Paguronna ge disebut we Paguron Walet Hideung; atawa Kumpulan
> Walet Hideung.
> 
> Ari Si Setan
> Alas Kobar mah, salila sapuluh taun teh, mesuh raga ningkatkeun Elmu
> kanuraganana; ari Mawar Hideung terus ngumpulkeun murid2na, bari dibere
> indroktinasi yen lalaki teh neken pisan ka awewe. Jadi awewe ti semet ayeuna,
> ulah eleh ku lalaki, nu sok ngahina basa ka awewe.
> 
> Tapi sanajan
> Mawar Hideung sibuk ku pagawean ngurus Paguronna jeung ngamajukeun kumpulan
> Walet Hideung; tapi manehna ge teu poho ningkatkeun kanuraganana, utamana di 
> na
> maledogkeun senjata rasiah tea.
> 
> Di na hiji
> mangsa, Lasmini keur ulin ka Tatar pasundan, manehna panggih jeung budak 
> awewe,
> nu lulumpatan bari kaciri ceurik; terus we Lasmini nuturkeun eta budak awewe
> bari samuni; teu nembongan, hayang nyaho ku naon sabab2na.
> 
> Kaciri eta
> budak awewe teh siga aya kasieun, sigana nekad kabur ti imahna da estu teu 
> mawa
> bebekelan sama sakali. Rupana eta budak awewe teh “geulis”; wah bahaya pisan
> yeuh, cek batin Lasmini. Nya terus we nuturkeun ti kajauhan.
> Papakean eta
> budak awewe teh pantes; jadi pastina ge anak jelema senang; naon sababna make
> kabur !? kitu pikiran Lasmini sajeroning nuturkeun eta budak awewe.
> 
> Eta wanoja
> terus we nuju ka warung nu aya di sisi jalan; di dinya keur dariuk tilu jelema
> barosongot, siga bangsana oah2 da marawa bedog. Eta budak awewe teh bari rada
> sosolotokan terus muru tempat diuk; terus mesen kadaharan jeung inuman. Oah nu
> tiluan silih pelong jeung pada baturna, bari ti na paromanna kaciri aya niat 
> nu
> kurang hade. 
> 
> 
> Lasmini nyerangkeun we terus ti kajauhan, can niat turun; hayang
> nyaho nepi ka mana, jeung kumaha eta budak awewe teh.
> 
> HANCA
>


 

Kirim email ke