Boboran syiam. taqobalalloohu mina wa minkum.. bah Aa. hapunten samudaya kalelepatan. ulah panjang teuing atuh bah aa edisi flashbackna. nepi ka setan alas kobar paeh we atuh. geus sono ka si jalma...:)
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 21 Agustus 2012 14:58 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 255 Ahirna Lasmini pindah ti Cirebon, ka tutugan gunung Cereme; terus manggil tukang; ti lembur nu deukeut ka dinya; supaya pangadegkeun hiji imah gede keur hiji paguron. Lantaran Ilmu Silat Lasmini dadasarna ka na kagesitan, jurus2na diumpamakeun walet nu kesit; jurus2na disebut ku ngaran2 manuk walet; nya Ilmu Silatna disebut oge Elmu Manuk Walet. Tah Paguronna ge disebut we Paguron Walet Hideung; atawa Kumpulan Walet Hideung. Ari Si Setan Alas Kobar mah, salila sapuluh taun teh, mesuh raga ningkatkeun Elmu kanuraganana; ari Mawar Hideung terus ngumpulkeun murid2na, bari dibere indroktinasi yen lalaki teh neken pisan ka awewe. Jadi awewe ti semet ayeuna, ulah eleh ku lalaki, nu sok ngahina basa ka awewe. Tapi sanajan Mawar Hideung sibuk ku pagawean ngurus Paguronna jeung ngamajukeun kumpulan Walet Hideung; tapi manehna ge teu poho ningkatkeun kanuraganana, utamana di na maledogkeun senjata rasiah tea. Di na hiji mangsa, Lasmini keur ulin ka Tatar pasundan, manehna panggih jeung budak awewe, nu lulumpatan bari kaciri ceurik; terus we Lasmini nuturkeun eta budak awewe bari samuni; teu nembongan, hayang nyaho ku naon sabab2na. Kaciri eta budak awewe teh siga aya kasieun, sigana nekad kabur ti imahna da estu teu mawa bebekelan sama sakali. Rupana eta budak awewe teh “geulis”; wah bahaya pisan yeuh, cek batin Lasmini. Nya terus we nuturkeun ti kajauhan. Papakean eta budak awewe teh pantes; jadi pastina ge anak jelema senang; naon sababna make kabur !? kitu pikiran Lasmini sajeroning nuturkeun eta budak awewe. Eta wanoja terus we nuju ka warung nu aya di sisi jalan; di dinya keur dariuk tilu jelema barosongot, siga bangsana oah2 da marawa bedog. Eta budak awewe teh bari rada sosolotokan terus muru tempat diuk; terus mesen kadaharan jeung inuman. Oah nu tiluan silih pelong jeung pada baturna, bari ti na paromanna kaciri aya niat nu kurang hade. Lasmini nyerangkeun we terus ti kajauhan, can niat turun; hayang nyaho nepi ka mana, jeung kumaha eta budak awewe teh. HANCA
