Ari "sosolotokan" teh naon Bah AA?

2012/8/21 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Ahirna Lasmini pindah ti Cirebon, ka tutugan gunung Cereme; terus manggil
> tukang; ti lembur nu deukeut ka dinya; supaya pangadegkeun hiji imah gede
> keur hiji paguron.
>
>
> Lantaran Ilmu Silat Lasmini dadasarna ka na kagesitan, jurus2na
> diumpamakeun walet nu kesit; jurus2na disebut ku ngaran2 manuk walet; nya
> Ilmu Silatna disebut oge Elmu Manuk Walet. Tah Paguronna ge disebut we
> Paguron Walet Hideung; atawa Kumpulan Walet Hideung.
>
>
> Ari Si Setan Alas Kobar mah, salila sapuluh taun teh, mesuh raga
> ningkatkeun Elmu kanuraganana; ari Mawar Hideung terus ngumpulkeun
> murid2na, bari dibere indroktinasi yen lalaki teh neken pisan ka awewe.
> Jadi awewe ti semet ayeuna, ulah eleh ku lalaki, nu sok ngahina basa ka
> awewe.
>
>
> Tapi sanajan Mawar Hideung sibuk ku pagawean ngurus Paguronna jeung
> ngamajukeun kumpulan Walet Hideung; tapi manehna ge teu poho ningkatkeun
> kanuraganana, utamana di na maledogkeun senjata rasiah tea.
>
>
> Di na hiji mangsa, Lasmini keur ulin ka Tatar pasundan, manehna panggih
> jeung budak awewe, nu lulumpatan bari kaciri ceurik; terus we Lasmini
> nuturkeun eta budak awewe bari samuni; teu nembongan, hayang nyaho ku naon
> sabab2na.
>
>
> Kaciri eta budak awewe teh siga aya kasieun, sigana nekad kabur ti imahna
> da estu teu mawa bebekelan sama sakali. Rupana eta budak awewe teh
> “geulis”; wah bahaya pisan yeuh, cek batin Lasmini. Nya terus we nuturkeun
> ti kajauhan.
>
> Papakean eta budak awewe teh pantes; jadi pastina ge anak jelema senang;
> naon sababna make kabur !? kitu pikiran Lasmini sajeroning nuturkeun eta
> budak awewe.
>
>
> Eta wanoja terus we nuju ka warung nu aya di sisi jalan; di dinya keur
> dariuk tilu jelema barosongot, siga bangsana oah2 da marawa bedog. Eta
> budak awewe teh bari rada sosolotokan terus muru tempat diuk; terus mesen
> kadaharan jeung inuman. Oah nu tiluan silih pelong jeung pada baturna, bari
> ti na paromanna kaciri aya niat nu kurang hade.
>
>
> Lasmini nyerangkeun we terus ti kajauhan, can niat turun; hayang nyaho
> nepi ka mana, jeung kumaha eta budak awewe teh.
>
>
> HANCA
>

Kirim email ke