Aya pasoalan serius anu dilakukeun ku pamarentah Saudi Arabia: bari ngaratakeun titinggal sajarah lahir, tumuwuh jeung sumebarna Islam, inyana oge nyieun "bid'ah" sajarah: gedong-gedong anu nujul ka langit anu sebanerna ngaluhuran Ka'bah tina jihat jangkungna.
Jadi matak sedih, palias engkeka hareup Ka'bah (imah Alloh) jadi beuki kahieuman gedong-gedong jarangkung, imah atawa tempat usaha jelema. Goenawan Mohammad (GM) lain aya-aya wae, tapi nyodorkeun masalah serius. Talatahna GM teges, nandeskeun deui naon hal anu geus diiberan ku Kundera: poho teh akar tina sagala rupa laku ngarogahala atawa nindes. manar 2012/11/12 Waluya <[email protected]> > ** > > > > --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_bdg@...> wrote: > > Ari ceuk kereteg hate si kuring nu pangjerona, keun we lah deuk di > > gulanggaper ge palebah nu kituna mah, nu penting rukun jeung sarat > > sah ibadah (haji) katedunan, Ka'bah masih bungkeleukan keneh teu di > > ropea… tah kitu.. > > > > Atawa cing sugan aya nu apal dalil ngeunaan tong dibukbrak patilasan > > sajarah, nuhun…. > > Sanes bade ngajawab perkara dalil, da teu faham kuring mah, ngan > ngancurkeun patilasan sajarah, kacida gorengna, sabab patilasan teh salah > sahiji bukti sajarah. Tah ari buktina diancurkeun, sajarah akhirna ngan > ukur "cariosan kosong" wungkul. Lamun patilasan2 di Mekkah > diancur-ancurkeun, 1000- 2000 taun deui, bisa-bisa jelema poho, da teu aya > tapakna. Nu bakal katempo teh pastina ge ukur gedongna nu luhur nu make jam > nu niru "big ben" ....... > > WLY > > >
