Enya Bah, mugia bae perkara kayakinan mah teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan ka sirep ku umur 1000-2000 taun alatan leungitna 'tapak sajarah', cindek sugan al-Qur'an moal aya nu wani ngagugat dugika akhir jaman, sakumaha dijanjikeun. Paralun da si kuring pribadi lain salah sahiji jalma nu milu surak atoh alatan situs2 sajarah dilebur, tapi sagedengeun ti eta oge lain salah sahiji jalma nu milu ribut ku alatan kasus sarupa, sababna mah nya ngan hiji, salila pamarentah Saudi teu ngaropea perkara nu utama, nya mangga teh teuing, ceuk ijiran, deuk ngabangun masjid 10 lantey, asal ulah ngarubah posisi jeung bentuk Ka'bah, Safa Marwah, sok prak teu nanaon, niatna deuk agul atawa keur kamaslahatan ummat? Anging Gusti Allah Ta'ala nu Uninga. Asa pamohalan atuh dina ti jalegirna wangunan kaayeunakeun jeung jaga, dina eta wangunan nu ngalingkung Ka'bah ngadon diayakeun fasilitas tempat judi atawa psk mah.
Eta Bah nu hemeng kana tulisan mang GM nu panungtung, "Tapi apa arti perjalanan ziarah, tanpa menapak tilas sejarah dan menengok yang pedih dan yang dahsyat di masa silam? " Ceuk pangarti kuring, siga nu umajak ka kumna "nu maca" yen ayeunamah teu guna ziarah (Tapi apa arti perjalanan ziarah) ka taneuh suci teh alatan situs2 sajarah nu dilebur, goloyorna ieu kalimah kira-kira beda teu nya jeung "taya gunana Haji atawa umroh ka taneuh suci teh alatan situs2 sajarah nu dilebur"? Apanan (utamana ti urang) nu disebut ziarah ka tanah suci teh mungguh ngadon deuk umroh atawa haji sanes? Lebar temenan mun urang boga duit ngadon jalan-jalan wungkul mah, da taneuh suci (Makkah/Ka'bah) mah lain Mesir atawa Yunani, Roma, Borobudur jst nu ngadon mejeng sakulawarga bari di foto keur simpeneun jaga tembongkeneun ka tatangga atawa ka anak incu. Kitu nun pamendak simkuring, hapunten.. From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Monday, November 12, 2012 10:49 AM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) > --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Simkuring" <alkarta_bdg@...> wrote: > Ari ceuk kereteg hate si kuring nu pangjerona, keun we lah deuk di > gulanggaper ge palebah nu kituna mah, nu penting rukun jeung sarat > sah ibadah (haji) katedunan, Ka'bah masih bungkeleukan keneh teu di > ropea. tah kitu.. > > Atawa cing sugan aya nu apal dalil ngeunaan tong dibukbrak patilasan > sajarah, nuhun.. Sanes bade ngajawab perkara dalil, da teu faham kuring mah, ngan ngancurkeun patilasan sajarah, kacida gorengna, sabab patilasan teh salah sahiji bukti sajarah. Tah ari buktina diancurkeun, sajarah akhirna ngan ukur "cariosan kosong" wungkul. Lamun patilasan2 di Mekkah diancur-ancurkeun, 1000- 2000 taun deui, bisa-bisa jelema poho, da teu aya tapakna. Nu bakal katempo teh pastina ge ukur gedongna nu luhur nu make jam nu niru "big ben" ....... WLY
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
