Nu pasti mah ngala sisi spiritual haji bakal langkung sesah margi angin materialisme beuki kuat. Mung acara mabit di mudzdalifah nu masih "nature", nu sanesna mah tos dikasta ku "kenyamanan". Janten makna haji naon? Sigana gumantung jero deetna neuleuman aspek spiritualitas dina alam materialitas. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 13 Nov 2012 08:40:11 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) Ceuk ustad pembimbing haji kuring (nembe teh nalipung ti Mekah ba'da Isya waktu Arab), aya tradisi di kalangan para pangawsa Arab, upama jadi raja teh, ngawangun manara di masjidil Haram atawa di masjid Nabawi. Ngan aya hiji panto di masjid Madinah anu ngaranna rada mahiwal, nyaeta Panto Jibril, panto caket makam Nabi sareng sahabat Abubakar, Umar. mrachmatrawyani ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, November 13, 2012 5:52 AM Subject: Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) Memang dipikir-pikir mah aya nu kontradiktif dina kawijakan pengelolaan masjid-masjid di Saudi teh. Jiga ngurangan pamor tokoh-tokoh sajarah heubeul, tapi ngajaulkeun tokoh-tokoh anyar, utamana raja-rajana. Contona wae, mun nitenan Masjid Nabawi, kitu deui Masjid Al-Haram, tiap gerbang utama asup/kaluar masjid dingaranan ku ngaran raja-raja dinasti kiwari. Gerbang gede tur lega, bari ngajeblag ngaranna. Sementara tokoh-tokoh sejarah lama ukur dipake pikeun ngaran gerbang-gerbang nu laleutik bari ditulis sakadarna. Umumna masjid-masjid bersejarah di Madinah teu marake ngaran. Apal ngaran ukur ti beja pabeja-beja. Aya nu aneh deuih, ditiap masjid bersejarah nu dibagikeun teh lain informasi ngeunaan sejarah masjidna, tapi buku nu sarua, nu taya pakait langsung jeung informasi masjid. 2012/11/13 <[email protected]> > > Eta wangunan kungsi rek dipugar (diratakeun) tapi batal (ditunda?) saprak > diprotes muslim sakulibek dunya. Protes heuras nepi ka ditalek naon hakna > pangawasa ayeuna lalampahan ngaruksak titinggalan sajarah. Malah ti Libia > ngusulkeun tanah haram dikelola lembaga nu ngawakilan muslim sadunya lain > karajaan saudi. >Powered by Telkomsel BlackBerry® >________________________________ > >From: Ki Hasan <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Tue, 13 Nov 2012 07:53:33 +0800 >To: <[email protected]> >ReplyTo: [email protected] >Subject: Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) > > >Memang ngajenghok ninggali kaayaan Mekah kiwari teh. Jigana aya nu kaliwat, >teu kakobet ku GM. Nu katoongna ku uing mah ironi. Wetaneun Al-Haram aya >wangunan leutik, heubeul, kotor, pinuh ku kotoran manuk Japati. Eta wangunan >teh tacan kajamah modernisasi. Masih jandela kai, cakueum. Dijadikeun >perpustakaan leutik “Maktabah Makkah Al Mukaromah”. Numutkeun rupa-rupa sumber >eta wangunan teh tempat Rosululloh dibabarkeun (sok disebut wangunan Maulidur >Rosul). Kontras pisan mun dibandingkeun jeung wangunan kiduleunana. Gedong >jangkung ngajajar, nu salah sahijina wangunan jam raksasa tea. > > >2012/11/12 oman abdurahman <[email protected]> > > >> >>Aya pasoalan serius anu dilakukeun ku pamarentah Saudi Arabia: bari >>ngaratakeun titinggal sajarah lahir, tumuwuh jeung sumebarna Islam, inyana >>oge nyieun "bid'ah" sajarah: gedong-gedong anu nujul ka langit anu sebanerna >>ngaluhuran Ka'bah tina jihat jangkungna. >> >>Jadi matak sedih, palias engkeka hareup Ka'bah (imah Alloh) jadi beuki >>kahieuman gedong-gedong jarangkung, imah atawa tempat usaha jelema. >> >>Goenawan Mohammad (GM) lain aya-aya wae, tapi nyodorkeun masalah serius. >>Talatahna GM teges, nandeskeun deui naon hal anu geus diiberan ku Kundera: >>poho teh akar tina sagala rupa laku ngarogahala atawa nindes. >> >>manar >> >> >> >>2012/11/12 Waluya <[email protected]> >> >> >>> >>>> --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_bdg@...> wrote: >>>> Ari ceuk kereteg hate si kuring nu pangjerona, keun we lah deuk di >>>> gulanggaper ge palebah nu kituna mah, nu penting rukun jeung sarat >>>> sah ibadah (haji) katedunan, Ka'bah masih bungkeleukan keneh teu di > >>>> ropea… tah kitu.. >>>> >>>> Atawa cing sugan aya nu apal dalil ngeunaan tong dibukbrak patilasan >>>> sajarah, nuhun…. >>> >>> Sanes bade ngajawab perkara dalil, da teu faham kuring mah, ngan ngancurkeun patilasan sajarah, kacida gorengna, sabab patilasan teh salah sahiji bukti sajarah. Tah ari buktina diancurkeun, sajarah akhirna ngan ukur "cariosan kosong" wungkul. Lamun patilasan2 di Mekkah diancur-ancurkeun, 1000- 2000 taun deui, bisa-bisa jelema poho, da teu aya tapakna. Nu bakal katempo teh pastina ge ukur gedongna nu luhur nu make jam nu niru "big ben" ....... >>> >>>WLY >>>
