Memang dipikir-pikir mah aya nu kontradiktif dina kawijakan pengelolaan
masjid-masjid di Saudi teh. Jiga ngurangan pamor tokoh-tokoh sajarah
heubeul, tapi ngajaulkeun tokoh-tokoh anyar, utamana raja-rajana. Contona
wae, mun nitenan Masjid Nabawi, kitu deui Masjid Al-Haram, tiap gerbang
utama asup/kaluar masjid dingaranan ku ngaran raja-raja dinasti kiwari.
Gerbang gede tur lega, bari ngajeblag ngaranna. Sementara tokoh-tokoh
sejarah lama ukur dipake pikeun ngaran gerbang-gerbang nu laleutik bari
ditulis sakadarna. Umumna masjid-masjid bersejarah di Madinah teu marake
ngaran. Apal ngaran ukur ti beja pabeja-beja. Aya nu aneh deuih, ditiap
masjid bersejarah nu dibagikeun teh lain informasi ngeunaan sejarah
masjidna, tapi buku nu sarua, nu taya pakait langsung jeung informasi
masjid.

2012/11/13 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Eta wangunan kungsi rek dipugar (diratakeun) tapi batal (ditunda?)
> saprak diprotes muslim sakulibek dunya. Protes heuras nepi ka ditalek naon
> hakna pangawasa ayeuna lalampahan ngaruksak titinggalan sajarah. Malah ti
> Libia ngusulkeun tanah haram dikelola lembaga nu ngawakilan muslim sadunya
> lain karajaan saudi.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 13 Nov 2012 07:53:33 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad)
>
>
>
> Memang ngajenghok ninggali kaayaan Mekah kiwari teh. Jigana aya nu
> kaliwat, teu kakobet ku GM. Nu katoongna ku uing mah ironi. Wetaneun
> Al-Haram aya wangunan leutik, heubeul, kotor, pinuh ku kotoran manuk
> Japati. Eta wangunan teh tacan kajamah modernisasi. Masih jandela kai,
> cakueum. Dijadikeun perpustakaan leutik “Maktabah Makkah Al Mukaromah”.
> Numutkeun rupa-rupa sumber eta wangunan teh tempat Rosululloh dibabarkeun
> (sok disebut wangunan Maulidur Rosul). Kontras pisan mun dibandingkeun
> jeung wangunan kiduleunana. Gedong jangkung ngajajar, nu salah sahijina
> wangunan jam raksasa tea.
>
> 2012/11/12 oman abdurahman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Aya pasoalan serius anu dilakukeun ku pamarentah Saudi Arabia: bari
>> ngaratakeun titinggal sajarah lahir, tumuwuh jeung sumebarna Islam, inyana
>> oge nyieun "bid'ah" sajarah: gedong-gedong anu nujul ka langit anu
>> sebanerna ngaluhuran Ka'bah tina jihat jangkungna.
>>
>> Jadi matak sedih, palias engkeka hareup Ka'bah (imah Alloh) jadi beuki
>> kahieuman gedong-gedong jarangkung, imah atawa tempat usaha jelema.
>>
>> Goenawan Mohammad (GM) lain aya-aya wae, tapi nyodorkeun masalah serius.
>> Talatahna GM teges, nandeskeun deui naon hal anu geus diiberan ku Kundera:
>> poho teh akar tina sagala rupa laku ngarogahala atawa nindes.
>>
>> manar
>>
>>
>> 2012/11/12 Waluya <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> > --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_bdg@...> wrote:
>>> > Ari ceuk kereteg hate si kuring nu pangjerona, keun we lah deuk di
>>> > gulanggaper ge palebah nu kituna mah, nu penting rukun jeung sarat
>>> > sah ibadah (haji) katedunan, Ka'bah masih bungkeleukan keneh teu di >
>>> ropea… tah kitu..
>>> >
>>> > Atawa cing sugan aya nu apal dalil ngeunaan tong dibukbrak patilasan
>>> > sajarah, nuhun….
>>>
>>> Sanes bade ngajawab perkara dalil, da teu faham kuring mah, ngan
>>> ngancurkeun patilasan sajarah, kacida gorengna, sabab patilasan teh salah
>>> sahiji bukti sajarah. Tah ari buktina diancurkeun, sajarah akhirna ngan
>>> ukur "cariosan kosong" wungkul. Lamun patilasan2 di Mekkah
>>> diancur-ancurkeun, 1000- 2000 taun deui, bisa-bisa jelema poho, da teu aya
>>> tapakna. Nu bakal katempo teh pastina ge ukur gedongna nu luhur nu make jam
>>> nu niru "big ben" .......
>>>
>>> WLY
>>>
>>

Kirim email ke