Hehehe. Duka teuing nyonto kamana. Mun tea nyonto ka Arab, kapan di Arab,
real ge make duit keretas.

---------- Forwarded message ----------
From: rsyaifoel <[email protected]>
Date: 2012/12/9
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fwd: [Urang Sunda] Dompet vs Kanjut Kundang?
To: [email protected]


Milu nimbrung rahulan perkara duit jeung riba deui. Asana padungdengan ieu
pernah rame di ieu milis dina tread; "duit diemaskeun atawa emas
diduitkeun", sababaraha waktu ka tukang. Kuring rada jero oge
ngadiskusikeun ieu masalah jeung Kang Dian ti Jerman. Kacindekakana?
Teuing... da tara sapat he he he....

Anu jelas, topik model kieu ceuk kuring mah bet siga ngalengkah ka TUKANG!
Duit teh (naon bae bentukna) UKUR simbol! Disatukangeunana mah sistem jeung
kakuatan ekonomi anu jadi beking na. Pek bae nyitakan duit keretas
saloba2na.... ngan mun teu dibeking ku kaayaan ekonomi anu kuat, nya bakal
ngoleab! Cik naon anu ngabedakeun anatara duit keretas rupiah jeung dolas
misalna? Naha dolar sok kaitung leuwih gede nileyna? Lamun dolar
diemaskeun, oge rupiah diemaskeun? Naha nileyna BAKAL sarua kitu? Paling nu
sarua UKUR niley fisikna... digram! Eta bakal sarua, ari niley ekomisna mah
gumantung kana niley jeung kakuatan ekonomi anu ngaluarkeun eta mata duit.

Jeung deui, mun make logam mulia saperti emas jeung perak... na rek ti mana
meulina? Eta logam mulia teh pan TEU loba deuih. Hartina, bakal ngamonyah2
devisa jang meulian logam mulia. Kateuteuari asana teh.

Poin sejen na. Duit fisik sakeudeung deui bakal beak! Ayeuna geus usum
jaman duit digital! Kuring mun mayar parkir... tara ieu make duit, tapi
ukur make telepon! Oge balanja.... asa jarang make duit genjreng! Kabeh
make duit digital.

Anu teu kaharti, sok loba keneh jelema anu make lengkah katukang samodel
kieu.

Naha nya?

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: Obay <sobarh@...>
> Date: 2012/12/9
> Subject: Re: [Urang Sunda] Dompet vs Kanjut Kundang?
> To: [email protected]
>
>
> **
>
>
> ** Nyaeta Ki asa hemeng kuring mah ku jang Vadillo teh, da ari urusan riba
> mah tong boro duit dalah barang ge bisa wae. Nginjeum keun panci selang
> sabulan kudu dibalikeun jadi dua panci, kaasup riba.
>
> Jadi lain substansina kana riba, ieu mah masalah moneter ari lumpatna ka
> mata uang mah. Udagan jang Vadillo teh cenah masalah inflasi. Jadi teu
> sagemblengna masalah riba.
>
> Rasa inferior sok masih keneh dikukut diurang mah. Asal asing nu ngomong
> sok langsung diteleg.
>
> Powered by Kejo Bear®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <khs579@...>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sun, 9 Dec 2012 10:22:38 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Dompet vs Kanjut Kundang?
>
>
>
> Hehehe. Lain Kang Obay, na ari riba pakait jeung bentuk fisik mata uang
> kitu?
>
> 2012/12/9 Obay <sobarh@...>
>
> > **
> >
> >
> > ** Hanjakal beritana teu jero, padahal sistem mata uang mah lain ngan
> > ukur babandingan pisik wungkul. Didinnya aya nilai ekspektasi. Hartina
> > lamun dinar ngan dijamin ku niali pisikna, teu beda jeung emas biasa.
> >
> > Anu kuring hemeng dina berita ieu, jang Vadillo nyebutkeun sistem duit
> > ayeuna teh goreng alatan ulon-ulona amerika. Tapi geuning Dinar na
dicitak
> > di amerika. Asa ningali karikatur mahasiswa demo ngaboikot amerika bari
> > marake lepis jeung ngarinum kokakola, murak bekel burger mekdi. Tojaiah.

Kirim email ke