"Jadi ceuk kuring mah "sajarah" reformasi anu dijieun ku kuring leuwih onjoy, batan anu ditulis ku 100 para sejarahwan, sabab make "gambar hirup" lain tulisan."
Uing rada nyenghel maca petikan di luhur teh. Hehehe. Cing ari hayang nanya: "Ari ukur ku rekaman video, kira-kirana bisa nyusud kasang-tukang, hiji kajadian teu?" Toong tayangan mengbal di TV geura. Unggal juru dipasang kamera. Keur naon eta eth? Sabab batur mah gede rumasa, moal aya hiji ge manusa nu bisa ngarekam hiji kajadian kalawan lengkep. Numatak perlu direkam ti unggal titik panyawangan. Video, teh keur batur mah ukur SALAH SAHIJI data, keur ngawewegan hiji argumen tulisan. Nu tangtu lian ti video, perlu kajian literasi sejen, boh mangrupa rekaman wawancara, atawa observasi lianna. . 2013/2/8 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Halah, ti awit taun 2007 keneh, si kuring boga niat ngabinekaskeun bangsa, > utamana mah barudak sakola. > Ahli sajarah mah pan pakakasna teh tulisan. Tah, ari kuring mah pakakasna > teh video. > > Jigana memang tos ditakdirkeun kuring ngarekam demonstrasi mahasiswa UI di > Kampus Salemba taun 1998. Diteruskeun ngarekam dialog mahasiswa UI jeung > Fraksi ABRI di MPR ( 5 Maret 1998). Naon-naon wae anu jadi bahan > padungdengan dina demo jeung dialog eta, saujratna direkam. Teu aya anu > disumputsalindungkeun, sumawona "dibengkokkeun". Jadi ceuk kuring mah > "sajarah" reformasi anu dijieun ku kuring leuwih onjoy, batan anu ditulis > ku 100 para sejarahwan, sabab make "gambar hirup" lain tulisan. > > Judul sajarah anu dijieun ku kuring nyaeta "Membangun Demokrasi Tanpa > Anarki: Catatan perjalanan Perjuangan Mahasiswa UI pada awal Reformasi > 1998". Durasi videona 70 menit, dibagi tilu bagian. Bagian kahiji > ngagambarkeun demo di Kampus Salemba. Bagian kadua dialog mahasiswa UI > jeung Fraksi ABRI. bagian katilu konferensi pers. > > Rencanana mah rek dibagi-bagikeun haratis ka sakola SMP/SMA sa Indonesia. > Bisi aya lembaga atawa perorangan anu minat, nya mangga wae pesen. Tapi aya > infakna, pikeun waragad ngirimkeun video eta ka sakuliah Nusantara. Pikeun > ngarealisasikeun ide eta, kuring nyieun yayasana ngaranna GRACIAS (GeRAkan > Cinta Almamater Semesta). > > mrachmatrawyani >
