Sae kang Rachmat, dokumentasi langsung ngeunaan agiatan kampus ku salah saurang warga kampus :)
manar 2013/2/8 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Halah, ti awit taun 2007 keneh, si kuring boga niat ngabinekaskeun bangsa, > utamana mah barudak sakola. > Ahli sajarah mah pan pakakasna teh tulisan. Tah, ari kuring mah pakakasna > teh video. > > Jigana memang tos ditakdirkeun kuring ngarekam demonstrasi mahasiswa UI di > Kampus Salemba taun 1998. Diteruskeun ngarekam dialog mahasiswa UI jeung > Fraksi ABRI di MPR ( 5 Maret 1998). Naon-naon wae anu jadi bahan > padungdengan dina demo jeung dialog eta, saujratna direkam. Teu aya anu > disumputsalindungkeun, sumawona "dibengkokkeun". Jadi ceuk kuring mah > "sajarah" reformasi anu dijieun ku kuring leuwih onjoy, batan anu ditulis > ku 100 para sejarahwan, sabab make "gambar hirup" lain tulisan. > > Judul sajarah anu dijieun ku kuring nyaeta "Membangun Demokrasi Tanpa > Anarki: Catatan perjalanan Perjuangan Mahasiswa UI pada awal Reformasi > 1998". Durasi videona 70 menit, dibagi tilu bagian. Bagian kahiji > ngagambarkeun demo di Kampus Salemba. Bagian kadua dialog mahasiswa UI > jeung Fraksi ABRI. bagian katilu konferensi pers. > > Rencanana mah rek dibagi-bagikeun haratis ka sakola SMP/SMA sa Indonesia. > Bisi aya lembaga atawa perorangan anu minat, nya mangga wae pesen. Tapi aya > infakna, pikeun waragad ngirimkeun video eta ka sakuliah Nusantara. Pikeun > ngarealisasikeun ide eta, kuring nyieun yayasana ngaranna GRACIAS (GeRAkan > Cinta Almamater Semesta). > > mrachmatrawyani > > >
