Nya Sajarah kayeunakeun mah sigana moal katinggaleun2 teuing; kapan baroga 
mesin caranggih; atuh loba saki mata jrrd. Tapi pan nu disebut sajarh teh lin 
wae ayeuna; tpi ti baheula mula. Tah igan kumha th jlur carita taun2 baheula 
teh ? nu ayeun mh pn aya koran aya tv etc etc

--- On Fri, 8/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Nyieun sajarah sorangan...ngabinekaskeun 
bangsa
To: [email protected]
Cc: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Friday, 8 February, 2013, 7:08 AM
















 



  


    
      
      
      "Jadi ceuk kuring mah "sajarah"  reformasi anu dijieun ku kuring leuwih 
onjoy, batan anu ditulis ku 100 para sejarahwan, sabab make "gambar 
hirup" lain tulisan."

Uing rada nyenghel maca petikan di luhur teh. Hehehe. Cing ari hayang nanya: 
"Ari ukur ku rekaman video,  kira-kirana bisa nyusud kasang-tukang, hiji 
kajadian teu?" 


Toong tayangan mengbal di TV geura. Unggal juru dipasang kamera. Keur naon eta 
eth? Sabab batur mah gede rumasa, moal aya hiji ge manusa nu bisa ngarekam hiji 
kajadian kalawan lengkep. Numatak perlu direkam ti unggal titik panyawangan. 
Video, teh keur batur mah ukur SALAH SAHIJI data, keur ngawewegan hiji argumen 
tulisan. Nu tangtu lian ti video, perlu kajian literasi sejen, boh mangrupa 
rekaman wawancara, atawa observasi lianna. .


2013/2/8 MRachmat Rawyani <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Halah, ti awit taun 2007 keneh, si kuring boga niat ngabinekaskeun 
bangsa, utamana mah barudak sakola.Ahli sajarah mah pan  pakakasna teh tulisan. 
Tah, ari kuring mah pakakasna teh video.

Jigana memang tos ditakdirkeun kuring ngarekam demonstrasi mahasiswa UI di 
Kampus Salemba taun 1998. Diteruskeun ngarekam dialog mahasiswa UI jeung Fraksi 
ABRI di MPR ( 5 Maret 1998). Naon-naon wae anu jadi bahan padungdengan dina 
demo jeung dialog eta, saujratna direkam. Teu aya anu disumputsalindungkeun, 
sumawona "dibengkokkeun". Jadi ceuk kuring mah "sajarah"  reformasi anu dijieun 
ku kuring leuwih onjoy, batan anu ditulis ku 100 para sejarahwan, sabab make 
"gambar hirup" lain tulisan.

Judul sajarah anu dijieun ku  kuring nyaeta "Membangun Demokrasi Tanpa Anarki: 
Catatan perjalanan Perjuangan Mahasiswa UI pada awal Reformasi 1998". Durasi 
videona 70 menit, dibagi tilu bagian. Bagian kahiji ngagambarkeun demo di 
Kampus Salemba. Bagian kadua dialog mahasiswa UI jeung Fraksi ABRI. bagian 
katilu konferensi pers.


Rencanana mah rek dibagi-bagikeun haratis ka sakola SMP/SMA sa Indonesia. Bisi 
aya lembaga atawa perorangan anu minat, nya mangga wae pesen. Tapi aya infakna, 
pikeun waragad ngirimkeun video eta ka sakuliah Nusantara. Pikeun
 ngarealisasikeun ide eta, kuring nyieun yayasana ngaranna GRACIAS (GeRAkan 
Cinta Almamater Semesta).

mrachmatrawyani






    
     

    
    






  








Kirim email ke