Nuhun pisan Bah.. diantos pisan ah sambunganna tapi ulah lami teuing. Cangkeul 
ngadepongna, hehe..

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas Amien
Sent: Friday, February 15, 2013 10:13 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 380

 

  




“Kuring sarerea ditawan ku gorombolan nu cenah Singa Barong” Bi Uti ngawakilan 
nu sejen ngajawab; “untung ditulungan ku murid2 ieu Mbah Lanang; maranehna 
neneangan sampeyan; ku sabab teu panggih, nya terus nyiksa Kulo sedoyo.”

 

“Kurrang ajar !” Cek Mawar Hideung mani kekerot. “ Mun nyaho ti kamari mah eta 
si Nyoman Sakarta moal dibere ampun !”

 

“Keur kitu jol Mbah Lanang kaluar nyampeurkeun; terus we Mawar Hideung 
ngahormat, bari nganuhunkeun pisan. Mbah Lanang bari seuri nitah Mawar Hideung 
asup ka jero.

 

“Mawar Hideung” Cek Mbah Lanang muka carita. “ Aya hal lain nu sampeyan can 
apal .. tapi Kula menta sampean sing bisa nahan diri.”

 

Mawar Hideung rada robah paromanna, sabab ti na omongan ieu Mbah Lanang, pasti 
aya kajadian sejenna, salian ti nyiksa para badega. Lamun geus nyiksa Badega 
teu hasil; tangtu eta gorombolan teh amarah murang maring ! Naon deui salian ti 
ngaruksak imah di Losari ! Kitu pikiran Mawar Hideung; nu memang cerdas. Tapi 
manehna hayang nyaho nu sacerewelena; pok we ngomong :” Sok we Mbah Lanang , 
aya kajadian naon deui; paling ge meureun imah kuring diruksak !”

 

“Hahahaha ! Nyata sampeyan teh salian ti mandraguna, enyaan pinter pisan; lain 
wungkul diruksak tapi diduruk ! geus kitu maranehna kalabur; Kaula teu kaburu 
nyalametkeun imah sampeyan !”

 

“Hahahaha ! memang kurang ajar pisan eta gorombolan Singa Barong teh; Kula 
pamit ayeuna rek ngajorag ka markasna pisan; ulah sambat kaniaya ! Tunggu 
pamales ti Kula !  Mawar Hideung. Kapaksa Kula ngabeubeurat sampeyan miara ieu 
para abdi Kaula !” Cek Mawar Hideung susumbar.

 

“Ke heula anan, cek Mbah Lanang, sabar. Maranehna lobaan, jeung cenah jarago; 
ke urang itung heula kakuatan urang; ulah dapon maju wae.” Cek mbah Lanang bari 
nyoba nyekelan leungeun Mawar Hideung. 


Mawar Hideung surti, yen ieu Mbah Lanang rek nguji elmuna; 

Hanca



Kirim email ke