ari sugan teh geus ngalurjeunkeun ka cersil teh; meureun baroseneun.

--- On Fri, 15/2/13, Budi Setiadi <[email protected]> wrote:

From: Budi Setiadi <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda 380
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Friday, 15 February, 2013, 3:55 AM
















 



  


    
      
      
      bah, geuningan sakitu murudulna cersil teh?disimpen dimana wae meni lami 
teu ngurunyung wae cersil teh.
diantosan cersil sambunganana, Bah salam,
budi


        From: Abbas Amien <[email protected]>
 To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
 Sent: Friday, 15 February 2013 10:13 AM
 Subject: [kisunda] Cersil Sunda 380
   















 



    
      
      
      

“Kuring sarerea ditawan ku gorombolan nu cenah Singa Barong”
Bi Uti ngawakilan nu sejen ngajawab; “untung ditulungan ku murid2 ieu Mbah
Lanang; maranehna neneangan sampeyan; ku sabab teu panggih, nya terus nyiksa
Kulo sedoyo.”


“Kurrang ajar !” Cek Mawar Hideung mani kekerot. “ Mun nyaho
ti kamari mah eta si Nyoman Sakarta moal dibere ampun !”


“Keur kitu jol Mbah Lanang kaluar nyampeurkeun; terus we
Mawar Hideung ngahormat, bari nganuhunkeun pisan. Mbah Lanang bari seuri nitah
Mawar Hideung asup ka jero.


“Mawar Hideung” Cek Mbah Lanang muka carita. “ Aya hal lain
nu sampeyan can apal .. tapi Kula menta sampean sing bisa nahan diri.”


Mawar Hideung rada robah paromanna, sabab ti na omongan ieu
Mbah Lanang, pasti aya kajadian sejenna, salian ti nyiksa para badega. Lamun
geus nyiksa Badega teu hasil; tangtu eta gorombolan teh amarah murang maring !
Naon deui salian ti ngaruksak imah di Losari ! Kitu pikiran Mawar Hideung; nu
memang cerdas. Tapi manehna hayang nyaho nu sacerewelena; pok we ngomong :” Sok
we Mbah Lanang , aya kajadian naon deui; paling ge meureun imah kuring diruksak
!”


“Hahahaha ! Nyata sampeyan teh salian ti mandraguna, enyaan
pinter pisan; lain wungkul diruksak tapi diduruk ! geus kitu maranehna kalabur;
Kaula teu kaburu nyalametkeun imah sampeyan !”


“Hahahaha ! memang kurang ajar pisan eta gorombolan Singa
Barong teh; Kula pamit ayeuna rek ngajorag ka markasna pisan; ulah sambat
kaniaya ! Tunggu pamales ti Kula !  Mawar
Hideung. Kapaksa Kula ngabeubeurat sampeyan miara ieu para abdi Kaula !” Cek
Mawar Hideung susumbar.


“Ke heula anan, cek Mbah Lanang, sabar. Maranehna lobaan,
jeung cenah jarago; ke urang itung heula kakuatan urang; ulah dapon maju wae.”
Cek mbah Lanang bari nyoba nyekelan leungeun Mawar Hideung. 


Mawar
Hideung surti, yen ieu Mbah Lanang rek nguji elmuna; 

Hanca


    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke