Teu kenging kitu bah,
puguh diantos pisan cersil teh.......

Den's

At 14:56 15/02/2013, you wrote:
>
>
>ari sugan teh geus ngalurjeunkeun ka cersil teh; meureun baroseneun.
>
>--- On Fri, 15/2/13, Budi Setiadi <[email protected]> wrote:
>>
>>From: Budi Setiadi <[email protected]>
>>Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda 380
>>To: "[email protected]" <[email protected]>
>>Received: Friday, 15 February, 2013, 3:55 AM
>>
>>
>>
>>bah, geuningan sakitu murudulna cersil teh?
>>disimpen dimana wae meni lami teu ngurunyung wae cersil teh.
>>
>>diantosan cersil sambunganana, Bah
>>
>>salam,
>>budi
>>
>>
>>
>>From: Abbas Amien <[email protected]>
>>To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
>><[email protected]>
>>Sent: Friday, 15 February 2013 10:13 AM
>>Subject: [kisunda] Cersil Sunda 380
>>
>>
>>“Kuring sarerea ditawan ku gorombolan nu cenah Singa Barong” Bi Uti 
>>ngawakilan nu sejen ngajawab; “untung ditulungan ku murid2 ieu Mbah 
>>Lanang; maranehna neneangan sampeyan; ku sabab teu panggih, nya terus 
>>nyiksa Kulo sedoyo.”
>>
>>“Kurrang ajar !” Cek Mawar Hideung mani kekerot. “ Mun nyaho ti 
>>kamari mah eta si Nyoman Sakarta moal dibere ampun !”
>>
>>“Keur kitu jol Mbah Lanang kaluar nyampeurkeun; terus we Mawar Hideung 
>>ngahormat, bari nganuhunkeun pisan. Mbah Lanang bari seuri nitah Mawar 
>>Hideung asup ka jero.
>>
>>“Mawar Hideung” Cek Mbah Lanang muka carita. “ Aya hal lain nu 
>>sampeyan can apal .. tapi Kula menta sampean sing bisa nahan diri.”
>>
>>Mawar Hideung rada robah paromanna, sabab ti na omongan ieu Mbah Lanang, 
>>pasti aya kajadian sejenna, salian ti nyiksa para badega. Lamun geus 
>>nyiksa Badega teu hasil; tangtu eta gorombolan teh amarah murang maring ! 
>>Naon deui salian ti ngaruksak imah di Losari ! Kitu pikiran Mawar 
>>Hideung; nu memang cerdas. Tapi manehna hayang nyaho nu sacerewelena; pok 
>>we ngomong :” Sok we Mbah Lanang , aya kajadian naon deui; paling ge 
>>meureun imah kuring diruksak !”
>>
>>“Hahahaha ! Nyata sampeyan teh salian ti mandraguna, enyaan pinter 
>>pisan; lain wungkul diruksak tapi diduruk ! geus kitu maranehna kalabur; 
>>Kaula teu kaburu nyalametkeun imah sampeyan !”
>>
>>“Hahahaha ! memang kurang ajar pisan eta gorombolan Singa Barong teh; 
>>Kula pamit ayeuna rek ngajorag ka markasna pisan; ulah sambat kaniaya ! 
>>Tunggu pamales ti Kula !  Mawar Hideung. Kapaksa Kula ngabeubeurat 
>>sampeyan miara ieu para abdi Kaula !” Cek Mawar Hideung susumbar.
>>
>>“Ke heula anan, cek Mbah Lanang, sabar. Maranehna lobaan, jeung cenah 
>>jarago; ke urang itung heula kakuatan urang; ulah dapon maju wae.” Cek 
>>mbah Lanang bari nyoba nyekelan leungeun Mawar Hideung.
>>
>>Mawar Hideung surti, yen ieu Mbah Lanang rek nguji elmuna;
>>
>>Hanca
>>
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke