Helmi Pakudjati, Tarjamah Sundana :

Fikmin # TUKANG URUT MUNGGAH HAJI #



Jaba ti beunghar tur balabah, Gan Haji Husén, kaceluk haji 5 kali. Méh 4
taun sakali jaroh ka Tanah Suci. Usaha beusina tambah rongkah tur barokah,
uga Yayasan Yatim-Piatu nu dikokolakeuna tambah jembar. Ngan. Geus nincak
taun kaopat, sinarieun teu jaroh. Ceunah, alatan asam urat nu kronis.
Saminggu dua kali Gan Haji dirancétan Wa Dulatip, tatanggana.

“Wa Dulatip, pernah gaduh niat haji, henteu?” Gan Haji nanya ka Wa Dulatip
nu anteng meuseulan bitisna.

“Nawaétu mah, kantenan wé atuh, Gan. Unggal ba’da sholat, teu weléh neneda
ka Mantena supados dipasihan jalan. Malah pami kenging buruh ti Agan,
ngahaja dipisahkeun saalit. Nyéngcélengén na bungbung awi.”

“Saé, Wa. Enjing, Uwa nyarengan kuring daftar ONH pleus. Syaratna, di ditu
tugas Uwa ngarancétan, mun pareng asam urat kuring karasa.”

“Maksad, Agan?”

“Enya, Urang mangkat haji bareng, béa ditanggel ku kuring.”
“Subhanalloh..! Alhamdulillah..!” Wa Dulatip namprak, laju sujud syukur.
Aya nu ngeclak na juru panonna.

2013/2/28 Si Duleh <[email protected]>

> **
>
>
> ** Hartina kumaha eta teh ki..? Ciiik pangtejermahkeun ki..
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 26 Feb 2013 17:24:15 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[Urang Sunda] Carita Dermayonan - Tukang Urut Munggah Kaji
>
>
>
> Carita Dermayonan - Tukang Urut Munggah Kaji
> Ku Abah Helmi
>
> Kejaba sugih lan blabah, Gan Kaji Husén, kesora kaji ping lima. Méh patang
> taun pisan jaroh ning tanahsuci. Usaha wesiné tambah rongkah tur barokah,
> uga Yayasan Yatim-Piatu sing diurusé tambah jembar. Mung. Wis manjing
> patang taun, dingarén ora jaroh. Jaré, amerga asam urat sing kronis.
> Seminggu pindo Gan Kaji diurut Wa Dulatip, tanggané.
>
> “Wa Dulatip, tau gada niat kaji, tah?” Gan Kaji takon karo Wa Dulatip sing
> lagi anteng ngurut wetisé.
>
> “Baka nawaétu sih tamtu mawon, Gan. Haben ba’da sholat, tansah dedonga
> dumateng Kersané Gusti Allah supadosa diparingi dedalan. Malah baka olih
> bayaran saking Agan, nguja dipisahena sacuil, nggo nyéléngi nang bumbung
> pring.”
>
> “Apik, Wa. Sésuk, Uwa ngancani kula daftar ONH pleus. Syaraté, ning kana
> tugas Uwa nguruti kula, baka asam uraté kerasa.”
>
> “Maksadé, Agan?”
>
> “Iya, Kita mangkat kaji bareng. Biayané bagén kula sing nanggung.”
>
> “Subhanalloh..! Alhamdulillah..!” Wa Dulatip namprak, tuli sujud syukur.
> Ana sing tumétés ning pojok mripaté.
>

Kirim email ke