Sae Kang Febi, mundel pingsan nun... :) Pamendak sim abdi mah, kumargi Al-Qur'an teh mangrupakeun pituduh ka sakabeh manusa, tiasa urang ibaratkeun yen Qur'an teh rarambu atanapi peta anggeeun urang dina hirup kumbuh di dunya nuju kasampurnaan. Tah kumargi sabage rambu-rambu ea, pami urang teu terang elmu maca peta, teu weruh kana cara maca rarambu, ageung kamungkinannana urang bakalan nyasar atanapi mandeg puputeran di dinya-dinya keneh. Janten tetep urang kedah terang kana elmuna supados henteu nyasar. Muhun eta oge urang dipasihan akal, mung emut yen akal mah saukur alat ngolah elmu panemu tadi. Pami panemuna teu aya nya naon anu diolah ku akal salian ti persangkaan-persangkaan anu tacan puguh bener henteuna. Saur Imam Ghazali baturna akal mung aya 2, nyaeta nafsu sareng qolbu. Leuheung basa pami urang tos beresih tina nafsu amarah sareng lawwamah, pami henteu? inggis weh ke niat suci urang nafsirkeun rarambu teh malah nungtun lengkah urang ka jungkrang kasasaran lantaran akal urang masih dikokojoan ku dua nafsu eta. Tah di dieu panginten pentingna elmu teh, tiasa janten tetengger urang supados teu nurutkeun nafsu anu mawa kana kataledoran. Wallohu a'lam... Nuhun
>________________________________ > From: Ahmad Hazairin <[email protected]> >To: "[email protected]" <[email protected]>; urangsunda ><[email protected]> >Sent: Monday, 10 June 2013 12:09 PM >Subject: Re: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI > > > > >Wilujeng enjing bah AA :) > > >Perkawis syarat-syarat kanggo janten mufassir (ahli tafsir) sapertosna mah >kasepakatan para ulama eta teh. >Maksadna supados teu sagawayah jalmi nerbitkeun kitab tafsir tanpa aya >kamasagian dina elmuna (ngeunaan tafsir Quran). >Misalna, kumargi Al-Quran diturunkeun dina basa Arab nya panginten wajar upami >disyaratkeun anu janten mufassir teh kedah masagi dina elmu alat sapertos: >Nahwu, syaraf, Ma'ani, badi, bayan, sareng pokok-pokok dasar tarsir sapertos >asbabunuzul, nasakh-mansukh, mujmal muqayyad. Oge tangtosna kedah cekap >pangaweruhna dina elmu hadits kumargi seueur ayat-ayat Quran teh diterangkan >dina hadits. Oge kedah uninga atsar-atsar (katerangan) ti para sahabat nabi >ngeunaan tafsiran Al-Quran. > > >Tapi tangtosna syarat anu ku sim kuring disebat di luhur teh salah sawios >syarat formal, aya oge syarat anu sanesna sapertos: bersih aqidahna, tebih >tina hawa napsu; panginten ieu rada hese ngukurna. > > >Upami diibaratkeun produksi obat-obatan, tangtosna kedah aya izin khusus ti >departemen kasehatan kanggo produksi obat/farmasi, teu sagawayah jalmi tiasa >produksi obat teras dipasarkeun ka publik. Benten deui upami jalmi ngadamel >obat kanggo dirina nyalira, tangtosna tanggel waler nyalira eta mah. Tah >panginten tafsir Quran oge kitu, upami kanggo nyaliraeun atanapi lingkup >terbatas mah panginten moal aya anu kaabotan upami urang nafsirkeun Quran. >Tapi upami urang nerbitkeun buku tafsir tangtosna bakal aya nu naroskeun >kapasitas urang pantes henteuna. > > >Upami ijtihad, eta oge mirip. Hasil ijtihad kanggo pribadi mah kedah eta teh >saur sim kuring mah. Tapi upami ijtihad kanggo publik eta namina tos fatwa, >bakal aya syarat-syaratna deui panginten kapasitas kanggo ngaluarkeun fatwa. >Tapi memang sok kaleuleuwihi. Aya kacenderungan umat Islam disingsieunan >janten teu wantun ijtihad kanggo kasaean. Janten sapertos sagalana kedah >naroskeun landasan tekstualna, padahal hati nurani bersih urang oge tiasa >dijantenkeun landasan ijtihad pribadi. Tah hati nurani kedah dipasok ku elmu >sareng tafakur sacara sinambung supados langkung bersih tur seukeut. Kumargi >umat Islam disingsieunan kanggo ijtihad nyalira tah janten weh umat Islam teh >cenderung jumud, da atuh kedah nurutkeun tafsiran Quran ti jalmi 1000 tahun >kapengker. Ari saur sim kuring mah, tafsiran Quran oge bakal kapangaruhan ku >jaman, da jaman teh sabagian tina wawasan aktual oge. Janten saena mah >tafsiran 1000 taun kapengker teh kedah janten dasar masukan kanggo tafsiran kiwari. Tah tafsiran kiwari memang kedah rada dironjatkeun kualitas sareng kuantitasna. > > > >Dina sajarah oge dicarioskeun para ahli fiqh/ahli agama formal sok gaduh guru >informal anu saleresna si guru eta teu masagi dina elmu alat atanapi fiqh. >Kacarioskeun Imam Syafi'i sok nyumpingan tukang nganon domba kanggo tumaros >perkawis akhlaq sareng bebersih batin. Kumargi eta si tukang ngangon domba >dipasihan hikmah dina widang batiniah ku gusti Allah. Oge anu tos kakoncara >mah carita nabi Musa anu guguru ka nabi Khidir. Ari nabi anu formal mah nabi >Musa, pamingpin umat. Sedengkeun nabi Khidir mah informal tapi ngagadukan >hikmah di widang lain. > > >Perkawis bah AA 'nerbitkeun' tafsiran Quran dina milist ieu, saur sim kuring >mah sae pisan. Mangga dilajengkeun bah AA. >Engke oge panginten upami dilajengkeun bakal kapendak ayat Quran anu >nguningakeun 'hamba Allah anu dipaparin Kitab sareng Hikmah'. Tah, saur bah AA >naha bet aya 'Kitab sareng Hikmah', panginten eta benten maksadna, naon anu >dimaksad Kitab sareng naon anu dimaksad Hikmah. > > >Walalahu'alam, mangga atuh kumaha pamendak anu sanesna? > > > >Febi Ahmad Hazairin >============== > > > > >________________________________ > Von: Abbas Amien <[email protected]> >An: kisunda <[email protected]>; urangsunda ><[email protected]>; [email protected] >Gesendet: 6:20 Montag, 10.Juni 2013 >Betreff: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI > > >Lamun urang boga ijtihad cenah bakal meunang peunteun 1; mun bener jadi 2; mun >slah tetep boga 1. > >Saparantos kitu di na Qur_an sering pisan mumin muslim kudu ngagunakeun akal >pikiranana. > >Tah lamun ayeuna aya Muslim nu boga opini ngeunaan Islam; naha kudu >dipeungpeukan ? > >Jeung ti mana jeung saha nu nyieun aturan yen nu bisqa nafsirkeun kudu bla bla >bla saratna ? Ku Gusti Allah tiap Muslim dipiwarang MIKIR; ayeuna nu daek >mikir kalah ka dihalaangan ?! Kumaha tah ? > >Atuh cenah sieun eta tafsiran BEDA jeung nu disebut standard ? Da can tangtu, >jeung can karuhaan yen eta nu standard teh nu pangbenerna ? Naha pamikiran >Umat Islam rek diwatesan ? rek distop ? supaya teu ngagunakeun akal pikiranana >? > >Tah cing mangga kaang FEBI manahan. >Kuring oge hoyong apal kumaha pamadegan kan Avinkhan ? >Kitu deui KH, kang Oman sste. > >Mangga. > >
