Alhamdulillah, mangga bah AA insya Allah bade diaos tulisan bah AA perkawis tarjamah tafsiriyah Al_quran anu di-launching bah AA di milist ieu :) Mung da sim kuring oge tebih pisan kana level anu menguasai metodologi tafsir mah, janten nya paling oge ilubiung sacekapna sareng saayana weh panginten sim kuring mah :).
Perkawis istilah, saleresna aya anu langkung tepat kanggo tulisan bah AA teh, nyaeta: tarjamah tafsiriyah edisi basa Sunda. Janten bah AA nerjemahkeun Al-Quran kana basa Sunda kudilandasan panafsiran (sim kuring oge percanten bah AA gaduh oge referensi tafsir standarna, janten tafsiran bah AA di milist ieu teh teu sagawayah tapi tos ngalandaskeun kana tafsir anu kantos dibaca ku bah AA). Conto sanesna, tarjamah Departemen Agama anu tos beredar di Indonesia, eta tarjamah tekstual, sanes tarjamah tafsiriyah. Saleresna tarjamah tekstual teh tos diwagel ku para mufti di berbagai negara. Kumargi tarjamah tekstual tanpa dirojong kutafsiran anu dumasar kana tafsir standar sok janten ditafsirkeun sewang-sewangan sareng sapotong-sapotong ku umat Islam. Janten tarjamah Quran per kata atanapi per kalimat teh kirang sae, bahkan tiasa disebat lepat. Terjemahana kedah tos berdasarkeun tafsir, janten tos tersirat naon anu dimaksad ku ayat. Wallahu'alam. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]>; [email protected] Gesendet: 20:28 Dienstag, 11.Juni 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI Kang Febi; kumaha upaami kang Febi teras proaktif ningalian nu diserat ku kuring; bilih bae ayaa kalepatan nu mendasar significant; urang bahas deui. Tapi tangtos we saparantos kuring ngarilis hiji ayat; da panginten; upami teu acan mah; kang Febi moal tiasa apal naon nu diserat ku kuring nya ? Tah sok lah; upami tiasa nya sapertos bubuka nu ditulis ku kuring, yen ngabutuhkeun saran jeung kritik. Mung baw ari saraan ka na elmu standard mah raada lieur ngaresponse; lantaran panginten kabujeng abahnaa UZUR manten; atanapi kabujeng maot. Hehehehe --- On Mon, 10/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote: >From: Ahmad Hazairin <[email protected]> >Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI >To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" ><[email protected]> >Received: Monday, 10 June, 2013, 3:09 AM > > > >Wilujeng enjing bah AA :) > > >Perkawis syarat-syarat kanggo janten mufassir (ahli tafsir) sapertosna mah >kasepakatan para ulama eta teh. >Maksadna supados teu sagawayah jalmi nerbitkeun kitab tafsir tanpa aya >kamasagian dina elmuna (ngeunaan tafsir Quran). >Misalna, kumargi Al-Quran diturunkeun dina basa Arab nya panginten wajar upami >disyaratkeun anu janten mufassir teh kedah masagi dina elmu alat sapertos: >Nahwu, syaraf, Ma'ani, badi, bayan, sareng pokok-pokok dasar tarsir sapertos >asbabunuzul, nasakh-mansukh, mujmal muqayyad. Oge tangtosna kedah cekap >pangaweruhna dina elmu hadits kumargi seueur ayat-ayat Quran teh diterangkan >dina hadits. Oge kedah uninga atsar-atsar (katerangan) ti para sahabat nabi >ngeunaan tafsiran Al-Quran. > > >Tapi tangtosna syarat anu ku sim kuring disebat di luhur teh salah sawios >syarat formal, aya oge syarat anu sanesna sapertos: bersih aqidahna, tebih >tina hawa napsu; panginten ieu rada hese ngukurna. > > >Upami diibaratkeun produksi obat-obatan, tangtosna kedah aya izin khusus ti >departemen kasehatan kanggo produksi obat/farmasi, teu sagawayah jalmi tiasa >produksi obat teras dipasarkeun ka publik. Benten deui upami jalmi ngadamel >obat kanggo dirina nyalira, tangtosna tanggel waler nyalira eta mah. Tah >panginten tafsir Quran oge kitu, upami kanggo nyaliraeun atanapi lingkup >terbatas mah panginten moal aya anu kaabotan upami urang nafsirkeun Quran. >Tapi upami urang nerbitkeun buku tafsir tangtosna bakal aya nu naroskeun >kapasitas urang pantes henteuna. > > >Upami ijtihad, eta oge mirip. Hasil ijtihad kanggo pribadi mah kedah eta teh >saur sim kuring mah. Tapi upami ijtihad kanggo publik eta namina tos fatwa, >bakal aya syarat-syaratna deui panginten kapasitas kanggo ngaluarkeun fatwa. >Tapi memang sok kaleuleuwihi. Aya kacenderungan umat Islam disingsieunan >janten teu wantun ijtihad kanggo kasaean. Janten sapertos sagalana kedah >naroskeun landasan tekstualna, padahal hati nurani bersih urang oge tiasa >dijantenkeun landasan ijtihad pribadi. Tah hati nurani kedah dipasok ku elmu >sareng tafakur sacara sinambung supados langkung bersih tur seukeut. Kumargi >umat Islam disingsieunan kanggo ijtihad nyalira tah janten weh umat Islam teh >cenderung jumud, da atuh kedah nurutkeun tafsiran Quran ti jalmi 1000 tahun >kapengker. Ari saur sim kuring mah, tafsiran Quran oge bakal kapangaruhan ku >jaman, da jaman teh sabagian tina wawasan aktual oge. Janten saena mah >tafsiran 1000 taun kapengker teh kedah janten dasar masukan kanggo tafsiran kiwari. Tah tafsiran kiwari memang kedah rada dironjatkeun kualitas sareng kuantitasna. > > > >Dina sajarah oge dicarioskeun para ahli fiqh/ahli agama formal sok gaduh guru >informal anu saleresna si guru eta teu masagi dina elmu alat atanapi fiqh. >Kacarioskeun Imam Syafi'i sok nyumpingan tukang nganon domba kanggo tumaros >perkawis akhlaq sareng bebersih batin. Kumargi eta si tukang ngangon domba >dipasihan hikmah dina widang batiniah ku gusti Allah. Oge anu tos kakoncara >mah carita nabi Musa anu guguru ka nabi Khidir. Ari nabi anu formal mah nabi >Musa, pamingpin umat. Sedengkeun nabi Khidir mah informal tapi ngagadukan >hikmah di widang lain. > > >Perkawis bah AA 'nerbitkeun' tafsiran Quran dina milist ieu, saur sim kuring >mah sae pisan. Mangga dilajengkeun bah AA. >Engke oge panginten upami dilajengkeun bakal kapendak ayat Quran anu >nguningakeun 'hamba Allah anu dipaparin Kitab sareng Hikmah'. Tah, saur bah AA >naha bet aya 'Kitab sareng Hikmah', panginten eta benten maksadna, naon anu >dimaksad Kitab sareng naon anu dimaksad Hikmah. > > >Walalahu'alam, mangga atuh kumaha pamendak anu sanesna? > > > >Febi Ahmad Hazairin >============== > > > > >________________________________ > Von: Abbas Amien <[email protected]> >An: kisunda <[email protected]>; urangsunda ><[email protected]>; [email protected] >Gesendet: 6:20 Montag, 10.Juni 2013 >Betreff: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI > > > > >Lamun urang boga ijtihad cenah bakal meunang peunteun 1; mun bener jadi 2; mun >slah tetep boga 1. > >Saparantos kitu di na Qur_an sering pisan mumin muslim kudu ngagunakeun akal >pikiranana. > >Tah lamun ayeuna aya Muslim nu boga opini ngeunaan Islam; naha kudu >dipeungpeukan ? > >Jeung ti mana jeung saha nu nyieun aturan yen nu bisqa nafsirkeun kudu bla bla >bla saratna ? Ku Gusti Allah tiap Muslim dipiwarang MIKIR; ayeuna nu daek >mikir kalah ka dihalaangan ?! Kumaha tah ? > >Atuh cenah sieun eta tafsiran BEDA jeung nu disebut standard ? Da can tangtu, >jeung can karuhaan yen eta nu standard teh nu pangbenerna ? Naha pamikiran >Umat Islam rek diwatesan ? rek distop ? supaya teu ngagunakeun akal pikiranana >? > >Tah cing mangga kaang FEBI manahan. >Kuring oge hoyong apal kumaha pamadegan kan Avinkhan ? >Kitu deui KH, kang Oman sste. > >Mangga. > > >
