Kang Febi; kumaha upaami kang Febi teras proaktif ningalian nu diserat ku 
kuring; bilih bae ayaa kalepatan nu mendasar significant; urang bahas deui. 
Tapi tangtos we saparantos kuring ngarilis hiji ayat; da panginten; upami teu 
acan mah; kang Febi moal tiasa apal naon nu diserat ku kuring nya ?

Tah sok lah; upami tiasa nya sapertos bubuka nu ditulis ku kuring, yen 
ngabutuhkeun saran jeung kritik.

Mung baw ari saraan ka na elmu standard mah raada lieur ngaresponse; lantaran 
panginten kabujeng abahnaa UZUR manten; atanapi kabujeng maot. Hehehehe

--- On Mon, 10/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI
To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Received: Monday, 10 June, 2013, 3:09 AM
















 



  


    
      
      
      Wilujeng enjing bah AA :)
Perkawis syarat-syarat kanggo janten mufassir (ahli tafsir) sapertosna mah 
kasepakatan para ulama eta teh.Maksadna supados teu sagawayah jalmi nerbitkeun 
kitab tafsir tanpa aya kamasagian dina elmuna (ngeunaan tafsir Quran).Misalna, 
kumargi Al-Quran diturunkeun dina basa Arab nya panginten wajar upami 
disyaratkeun anu janten mufassir teh kedah masagi dina elmu alat sapertos: 
Nahwu, syaraf, Ma'ani, badi, bayan, sareng pokok-pokok dasar tarsir sapertos 
asbabunuzul, nasakh-mansukh, mujmal muqayyad. Oge tangtosna kedah cekap 
pangaweruhna dina elmu hadits kumargi seueur ayat-ayat Quran teh diterangkan 
dina hadits. Oge kedah uninga atsar-atsar (katerangan) ti para sahabat nabi 
ngeunaan tafsiran Al-Quran.
Tapi tangtosna syarat
 anu ku sim kuring disebat di luhur teh salah sawios syarat formal, aya oge 
syarat anu sanesna sapertos: bersih aqidahna, tebih tina hawa napsu; panginten 
ieu rada hese ngukurna.
Upami diibaratkeun produksi obat-obatan, tangtosna kedah aya izin khusus ti 
departemen kasehatan kanggo produksi obat/farmasi, teu sagawayah jalmi tiasa 
produksi obat teras dipasarkeun ka publik. Benten deui upami jalmi ngadamel 
obat kanggo dirina nyalira, tangtosna tanggel waler nyalira eta mah. Tah 
panginten tafsir Quran oge kitu, upami kanggo nyaliraeun atanapi lingkup 
terbatas mah panginten moal aya anu kaabotan upami urang nafsirkeun
 Quran. Tapi upami urang nerbitkeun buku tafsir tangtosna bakal aya nu 
naroskeun kapasitas urang pantes henteuna.
Upami ijtihad, eta oge mirip. Hasil ijtihad kanggo pribadi mah kedah eta teh 
saur sim kuring mah. Tapi upami ijtihad kanggo publik eta namina tos fatwa, 
bakal aya syarat-syaratna deui panginten kapasitas kanggo ngaluarkeun fatwa. 
Tapi memang sok kaleuleuwihi. Aya kacenderungan umat Islam disingsieunan janten 
teu wantun ijtihad kanggo kasaean. Janten sapertos sagalana kedah naroskeun 
landasan tekstualna, padahal hati nurani bersih urang oge tiasa dijantenkeun 
landasan ijtihad pribadi. Tah hati nurani
 kedah dipasok ku elmu sareng tafakur sacara sinambung supados langkung bersih 
tur seukeut. Kumargi umat Islam disingsieunan kanggo ijtihad nyalira tah janten 
weh umat Islam teh cenderung jumud, da atuh kedah nurutkeun tafsiran Quran ti 
jalmi 1000 tahun kapengker. Ari saur sim kuring mah, tafsiran Quran oge bakal 
kapangaruhan ku jaman, da jaman teh sabagian tina wawasan aktual oge. Janten 
saena mah tafsiran 1000 taun kapengker teh kedah janten dasar masukan kanggo 
tafsiran kiwari. Tah tafsiran kiwari memang kedah rada dironjatkeun kualitas 
sareng kuantitasna.

Dina sajarah oge dicarioskeun para ahli fiqh/ahli
 agama formal sok gaduh guru informal anu saleresna si guru eta teu masagi dina 
elmu alat atanapi fiqh. Kacarioskeun Imam Syafi'i sok nyumpingan tukang nganon 
domba kanggo tumaros perkawis akhlaq sareng bebersih batin. Kumargi eta si 
tukang ngangon domba dipasihan hikmah dina widang batiniah ku gusti Allah. Oge 
anu tos kakoncara mah carita nabi Musa anu guguru ka nabi Khidir. Ari nabi anu 
formal mah nabi Musa, pamingpin umat. Sedengkeun nabi Khidir mah informal tapi 
ngagadukan hikmah di widang lain.
Perkawis bah AA 'nerbitkeun' tafsiran Quran dina milist ieu, saur sim kuring 
mah sae pisan. Mangga dilajengkeun bah
 AA.Engke oge panginten upami dilajengkeun bakal kapendak ayat Quran anu 
nguningakeun 'hamba Allah anu dipaparin Kitab sareng Hikmah'. Tah, saur bah AA 
naha bet aya 'Kitab sareng Hikmah', panginten eta benten maksadna, naon anu 
dimaksad Kitab sareng naon anu dimaksad Hikmah.
Walalahu'alam, mangga atuh kumaha pamendak anu sanesna?

Febi Ahmad Hazairin==============

        Von: Abbas Amien <[email protected]>
 An: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]>; [email protected]
 
 Gesendet: 6:20 Montag, 10.Juni 2013
 Betreff: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI
   















 



    
      
      
      Lamun urang boga ijtihad cenah bakal meunang peunteun 1; mun bener jadi 
2; mun slah tetep boga 1.

Saparantos kitu di na Qur_an sering pisan mumin muslim kudu ngagunakeun akal 
pikiranana.

Tah lamun ayeuna aya Muslim nu boga opini ngeunaan Islam; naha kudu 
dipeungpeukan ?

Jeung ti mana jeung saha nu nyieun aturan yen nu bisqa nafsirkeun kudu bla bla 
bla saratna ? Ku Gusti Allah tiap Muslim dipiwarang MIKIR; ayeuna nu daek mikir 
kalah ka dihalaangan ?! Kumaha tah ?

Atuh cenah sieun eta tafsiran BEDA jeung nu disebut standard ? Da can tangtu, 
jeung can karuhaan yen eta nu standard teh nu pangbenerna ? Naha pamikiran Umat 
Islam rek diwatesan ? rek distop ? supaya teu ngagunakeun akal pikiranana ?

Tah cing mangga kaang FEBI manahan.
Kuring oge hoyong apal kumaha pamadegan kan Avinkhan ?
Kitu deui KH, kang Oman
 sste.

Mangga.


    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke