Alhamdulillaah ..... Alhamdulillaah .... Subhaanallah walhamdulillah walaa ilaaa ha illallaahu Allahu Akbar. Walaa haulaa wa laa quwwata illaaa billahil'aliyyil azdhiiim.
Wilujeng siang kang Febi, Duh bungah nu taya hingga sim kuring maca seratan kang Febi nu ieu ... lantaran naon ? Lantaran disagigiran ngadukung ka na tulisan kuring; Kang Febi oge ngingetan sabage sasama Muslim; bok bilih kuring salah kaprah. Sakali deui Alhamdulillah. Mudah2an wae atuh, mu diserat ku sim kuring teh rada ageung ka na mangpaat ti batan ka na nafsuna. Da ari naafsu mah jelas kuring teh boga pisan ieu teh; sahenteu henteu na meureun RIYA tea. Nu matak ti bareto can aya nu WANI nulis naa ieu MILIS soal NAFSIRKEUN Al Qur_an ! Kuring oge INGGIS saenyana mah; ngan mun teu aya wae nu WANI KORBAN .... saha dei atuh ? Engkena kaburu karolot manten ... sugan jeung sudan manawi sareng manawi ieu tulisan teh ngahudangkeun balarea ka na tolaabul Ilmi ngajeroan ka na Al Islam nu bener. Nu lempeng. Yah meureun mun ayeuna kuring aaya nu salah bakal gampang kapanggihna. Pasti bakal aya nu nyorowok. Jadi sakali deui kasuhuuun pisan omat omatanana; eta tandana nyaah ka Qur_an; nyaah ka Islam ; oge nyaah kaa Muslim ( balarea ); nyaah oge ka kuring sacara pribadi. Nuhun. Alhamdulillah. Billahi Taufiq wal hidayah, wassalaaamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh. --- On Mon, 10/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote: From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Monday, 10 June, 2013, 3:09 AM Wilujeng enjing bah AA :) Perkawis syarat-syarat kanggo janten mufassir (ahli tafsir) sapertosna mah kasepakatan para ulama eta teh.Maksadna supados teu sagawayah jalmi nerbitkeun kitab tafsir tanpa aya kamasagian dina elmuna (ngeunaan tafsir Quran).Misalna, kumargi Al-Quran diturunkeun dina basa Arab nya panginten wajar upami disyaratkeun anu janten mufassir teh kedah masagi dina elmu alat sapertos: Nahwu, syaraf, Ma'ani, badi, bayan, sareng pokok-pokok dasar tarsir sapertos asbabunuzul, nasakh-mansukh, mujmal muqayyad. Oge tangtosna kedah cekap pangaweruhna dina elmu hadits kumargi seueur ayat-ayat Quran teh diterangkan dina hadits. Oge kedah uninga atsar-atsar (katerangan) ti para sahabat nabi ngeunaan tafsiran Al-Quran. Tapi tangtosna syarat anu ku sim kuring disebat di luhur teh salah sawios syarat formal, aya oge syarat anu sanesna sapertos: bersih aqidahna, tebih tina hawa napsu; panginten ieu rada hese ngukurna. Upami diibaratkeun produksi obat-obatan, tangtosna kedah aya izin khusus ti departemen kasehatan kanggo produksi obat/farmasi, teu sagawayah jalmi tiasa produksi obat teras dipasarkeun ka publik. Benten deui upami jalmi ngadamel obat kanggo dirina nyalira, tangtosna tanggel waler nyalira eta mah. Tah panginten tafsir Quran oge kitu, upami kanggo nyaliraeun atanapi lingkup terbatas mah panginten moal aya anu kaabotan upami urang nafsirkeun Quran. Tapi upami urang nerbitkeun buku tafsir tangtosna bakal aya nu naroskeun kapasitas urang pantes henteuna. Upami ijtihad, eta oge mirip. Hasil ijtihad kanggo pribadi mah kedah eta teh saur sim kuring mah. Tapi upami ijtihad kanggo publik eta namina tos fatwa, bakal aya syarat-syaratna deui panginten kapasitas kanggo ngaluarkeun fatwa. Tapi memang sok kaleuleuwihi. Aya kacenderungan umat Islam disingsieunan janten teu wantun ijtihad kanggo kasaean. Janten sapertos sagalana kedah naroskeun landasan tekstualna, padahal hati nurani bersih urang oge tiasa dijantenkeun landasan ijtihad pribadi. Tah hati nurani kedah dipasok ku elmu sareng tafakur sacara sinambung supados langkung bersih tur seukeut. Kumargi umat Islam disingsieunan kanggo ijtihad nyalira tah janten weh umat Islam teh cenderung jumud, da atuh kedah nurutkeun tafsiran Quran ti jalmi 1000 tahun kapengker. Ari saur sim kuring mah, tafsiran Quran oge bakal kapangaruhan ku jaman, da jaman teh sabagian tina wawasan aktual oge. Janten saena mah tafsiran 1000 taun kapengker teh kedah janten dasar masukan kanggo tafsiran kiwari. Tah tafsiran kiwari memang kedah rada dironjatkeun kualitas sareng kuantitasna. Dina sajarah oge dicarioskeun para ahli fiqh/ahli agama formal sok gaduh guru informal anu saleresna si guru eta teu masagi dina elmu alat atanapi fiqh. Kacarioskeun Imam Syafi'i sok nyumpingan tukang nganon domba kanggo tumaros perkawis akhlaq sareng bebersih batin. Kumargi eta si tukang ngangon domba dipasihan hikmah dina widang batiniah ku gusti Allah. Oge anu tos kakoncara mah carita nabi Musa anu guguru ka nabi Khidir. Ari nabi anu formal mah nabi Musa, pamingpin umat. Sedengkeun nabi Khidir mah informal tapi ngagadukan hikmah di widang lain. Perkawis bah AA 'nerbitkeun' tafsiran Quran dina milist ieu, saur sim kuring mah sae pisan. Mangga dilajengkeun bah AA.Engke oge panginten upami dilajengkeun bakal kapendak ayat Quran anu nguningakeun 'hamba Allah anu dipaparin Kitab sareng Hikmah'. Tah, saur bah AA naha bet aya 'Kitab sareng Hikmah', panginten eta benten maksadna, naon anu dimaksad Kitab sareng naon anu dimaksad Hikmah. Walalahu'alam, mangga atuh kumaha pamendak anu sanesna? Febi Ahmad Hazairin============== Von: Abbas Amien <[email protected]> An: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>; [email protected] Gesendet: 6:20 Montag, 10.Juni 2013 Betreff: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI Lamun urang boga ijtihad cenah bakal meunang peunteun 1; mun bener jadi 2; mun slah tetep boga 1. Saparantos kitu di na Qur_an sering pisan mumin muslim kudu ngagunakeun akal pikiranana. Tah lamun ayeuna aya Muslim nu boga opini ngeunaan Islam; naha kudu dipeungpeukan ? Jeung ti mana jeung saha nu nyieun aturan yen nu bisqa nafsirkeun kudu bla bla bla saratna ? Ku Gusti Allah tiap Muslim dipiwarang MIKIR; ayeuna nu daek mikir kalah ka dihalaangan ?! Kumaha tah ? Atuh cenah sieun eta tafsiran BEDA jeung nu disebut standard ? Da can tangtu, jeung can karuhaan yen eta nu standard teh nu pangbenerna ? Naha pamikiran Umat Islam rek diwatesan ? rek distop ? supaya teu ngagunakeun akal pikiranana ? Tah cing mangga kaang FEBI manahan. Kuring oge hoyong apal kumaha pamadegan kan Avinkhan ? Kitu deui KH, kang Oman sste. Mangga.
