"Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur"
Akibat legenda sungai nil tea panginten nya. Ngan eta, indonesia mah dielehkeun 
wae dina sagalana. Dugi keun ka taneuh na wae mesir man 6x leuwih subur. 
Padahal saur koes ploes mah cenah tongkat pun jadi tanaman di indonesia mah. 
Meureun di mesir mah tongkat langsung jadi bungbuahan he.. he.. he..  Komo ka 
jalmina anu di salorban mah urang indonesia asa pendak sareng nabi anu 1000x 
langsung alus ti urang indonesia he.. he.. he..

Perkawis investasi anu sanesna nya sapertos saur sim kuring dina tulisan anu 
sanesna, sapertos na mah nembe rencana. Da moal mungkin teu acan sataun tiasa 
eksekusi. Ari indonesia oge rencana mah seueur, hoyong china muka investasi 
pabrik elektronik terbesar di asia tenggara di Indonesia. Tapi pan ari prung na 
mah tiasa benten deui, tiasa lumpat ka vietnam atanapi thailand.

Ngeunaan 'dosa' nu sanes na mah percanten weh sim kuring mah, pastina Mursi mah 
ahli tahajjud.  ngan kade, ulah asa ahli ibadah, asa pangabelana ka islam jadi 
malah paranoid jeung bangga sorangan. Sakabeh anu nentang diri teh dianggap 
karena diri alus teuing, jadi anu nentang teh nentang ka Gusti nu Maha Suci. 
Pan di urang oge kitu, anu nentang diri teh cenah pakait jeung Yahudi. KPK oge 
cenah pakait jeung amrik + yahudi. Jadi euweuh weh 'muhasabah' teh, ningali boh 
kasalahan dosa diri atawa sahenteuna kasalahan taktik strategi. Langsung pan 
kasalahan di batur kabeh jeung mamawa konpirasi amrik+yahudi. Eta budaya 
pamikiran mesir teh diimport oge ka indonesia, padahal indonesia mah jauh jeung 
israel. Ti baheula pan Soekarno geus mawa kana non-blok indonesia mah, der ieu 
kalahka dibabawa wae kana konpirasi amrik+yahudi.

Seueur rerencangan sim kuring oge ahli tahajjud, tapi hasil na teh 
benten-benten. Nya kana strategi ngolah nagara salaku nagarawan oge tiasa 
benten pangaruhna. Tahajjud teh ibarat praktek anu bener, masih kedah aya 
pamahan anu bener sareng pandangan anu bener. Pamahaman dibentuk ku elmu jeung 
informasi. Pandangan bener dibentuk ku batin anu bersih. Lamun dua eta tos 
kabentuk, praktekna bakal bener tuh efesien. Makana dina hadis disebutkan, 
sarena jalma anu ngabogaan elmu leuwih hade tibatan solat sunat na jalma 
bodo/awwam ahli ibadah. Sae na mah beuki ahli ibadah, beuki ngartos wawasan 
islam teh jadi kudu beuki welas asih, beuki ngaladenan, ngajenan ka sagala rupa 
makhluk. Tong waka ka makhluk ngarana jelema anu islam atawa kapir, pak ka sato 
saperti ucing jeung anjinig oge dianjurkeun welas asih ku rasulullah Muhammad 
saw. Ieu mah beuki dina organisasi islam teh beuki garalak wae, siap pasea. Da 
jihad teh disaruakeun jeung pasea. Komo di jaman ayeuna
 atuh, anu bener ge ari carana peupelekeuk mah moal raresepeun jelema teh. 
Tingali weh anu korupsi oge kalahka umat imut wae, strategi tinggi; asa teu 
boga dosa, teuneung ludeung. Naha bet eleh strategi kunu korupsi atuh. Cenah 
negakeun kasajatian, tapi kalahka huak-haok jeung ngajak pasea wae, laina murah 
senyum jeung mikanyaah. Sieun rugi meureun lamaun mikanyaan kanu teu islami 
teh. Padahal Gusti mah rek nu islami rek nu henteu oge angger weh dibere kejo, 
dibere dahar. Maenya urang teu ngeunteng kana 'perilaku' Gusti mu Maha Suci.

Conto praktek teu efesien: karek jadi kapala nagara, der langsung nangtang 
dunya. Nyaho dunya teh curiga ka islam, der langsung hayang negakeun nyariat 
islam dina sagala rupa hukum nagara. Pan wajib ti Gusti nu Maha Suci. Enya, 
salian wajib, strategi jeung kamaslahatan oge wajib. Jiga kapala nagara Iran, 
Ahmad Dinejad, dina forum resmi, der ngomong: Israel harus dihapus dari muka 
bumi. Teu baleg. Teu tanggung jawab jeung teu strategis. Nu kitu mah teu patut 
diomongkeun ku kapala nagara. Lamun ku tukang kuli wangunan anu keur hoghag 
atawa keur emosi mah patut meureun.

Urang teh kudu loba diajar tina Sunnah nabi. Lamun pas 11 tahun awal turunna 
islam di mekah nabi neugtrueg pasea jeung urang kapir, geus tumpur eta umat 
islam moal lila. Tapi kan nabi milih hijrah. Lain ngan saukur rek nyalametkeun 
awak, tapi rek investasi waktu pikeun ngadidik batin umat. Geus di madinah 
cenah, loba nu teu kuat hayang perang ngalawan orang kapir, geus keuheul teu 
kuat. Teu meunang keneh. Batin silaing can cukup iman. Pamahaman jeung 
pandangan bener can cukup dina diri. Tah pan ari geus waktuna nyumponan mah 
sagala peperangan bisa diladenan.

Cenah nabi mah kantos katingali dina tonggongna urut kalakay korma. Sarena dina 
kalakay korma. Padahal nabi boga hak rampasan perang 5% tapi tara dicokot. Ari 
ieu hayang ngadegkeun syariat islam, bojo 4 diimahan tingkat 2, mobil anu 
marahal. Atuh tingkat batin kitu mah uing oge bisa, si asep jeung si encep oge 
bisa. Pan tingkat batin pamingpin islam anu hayang nanjeurkeun islam mah kudu 
aya bedana meureun? Lamun euweuh bedana nya moal nanjeur. Tepi engka aya 
mangsana sorangan, aya waktu anu nyumponan.

Wallahu'alam

Febi
===




________________________________
 Von: nasrul jatnika <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]> 
Gesendet: 5:17 Freitag, 5.Juli 2013
Betreff: Bls: [kisunda] Dosa Mursi?
 


  
Assalamualaikum we wb
Sakaterang abdi Moursi, mrogramkeun swasembada gandum sareng sistem import 
gandum anu teu gumantung ka Amrik saatosna rezim mubarrak digulung kakuatan 
ra'yat.Pola tanan sareng jukungan kana kawijakan pertanian di Mesir langkung 
mihak ka patani. Dina sakali tanam gandum (sanes Jagong) 60% kaperyogian dalam 
nagri tos kapenuhi. Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur manan tanah 
indonesia. Lamun Mentan Anton Apriantono bisa swasembada beras dina waktos 2 
taun, bari kabutuhan kanggo 200juta WNI, teu mustahil Mentan Mesir dina waktu 6 
bulan tiasa menuhi 60% kebutuhan dalam Negri. Sareng saatosna dibenum janten 
persiden Mesir, anjeunna minuhan deui kas nagara ku kebijakan penghematan 
sareng kebijakan ekspor/impor nu leuwih nguntungkeun Mesir. Kalebet kebijakan 
impor senjata rongsokan ti USA. Perkawis pembukaan terusan Suez, penambahan 
devisa sanes tina pariwisata hungkul. Dina laporan keuangan pertriwulan Menko, 
penerimaan kas setara pajeg, beacukai sareng
 kerja sama pembukaan perdagangan sareng nagara saperti Sudan,Maroco, Imarat 
sareng Nagara Teluk umumna, tos ngahasilkeun 23 milyar dollars. Janten wajar 
lamun dina taun anggaran 2013/2014 target pemerintahan Moursi (sanes target 
pribadi) bakal dugi kana angka 100 milyar dollars.

Pembukaan pabrik Samsung di Mesir diakui langsung ku Director Operational 
Samsung kanggo Afrika sareng Timur Tengah. Proyek tos sapuk, mulai taun 2014 
bade dikawitan. Alesan Samsung muka pabrik di Mesir, tenaga kerja murah, tanah 
murah sareng afrika jauh, tiasa langsung dijangkau. Sareng bea masuk terusan 
Suez janten 0 (zero tax). Jadi ideu muka pabrik di Mesir ideu cerdas saleresna 
mah.

Poin anu sanes nu dianggap dosa Moursi, naha henteu di bahas nya?


________________________________
 Dari: dudi <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Cc: "[email protected]" <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 4 Juli 2013 18:09
Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi?
 


  
oh, eta sadaya gara-gara naon nya bah? Sareng eta sadaya tanda-tanda bade naon 
tah?

aya operasi kulon sareng wahyudina oge teu nya, bah?

Salajengna, saur abah, kumaha tah ngungkulanna? Naha kedah cara mesir, 
revolusi? kinten2 indonesia tiasaeun moal? Upama teu tiasaeun, naon cara nu pas 
nu tiasa dilakukeun sangkan sagala masalah eta tiasa tutas?

:)

On Thursday, July 4, 2013, Abbas Amien <[email protected]> wrote:
>  
>
> Haaaah ... kutan teh teu uningaa seueur masalah di NKRI ? Jadi salami ieu 
> Kang DUD kamana wae atuh ? Naha Kang dud ngaraos lempeng wae ieu NKRI teh 
> pamarentaahanana ? Penguasana ? Astaghfirullah. Kakantun pisan nya kang Dud 
> teh atuh ? Teu uninga kisah Bank Century ? Masalah BLBI ? masalah 
> Nganagaaeakeun sakian rebu BUMN ? EDI Tanzil ? Nya teu aneh upami kang Dud 
> kalebet salah sahiji nu lolong.
>
> --- On Thu, 4/7/13, dudi <[email protected]> wrote:
>
> From: dudi <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Dosa Mursi?
> To: "[email protected]" <[email protected]>
> Cc: "[email protected]" <[email protected]>, "Baraya Sunda" 
> <[email protected]>
> Received: Thursday, 4 July, 2013, 10:56 AM
>
>  
>
> biasana kitu bah. Mun teu kulon nya wahyudi :)
>
> Nkri kunaon kitu, bah?
>
> On Thursday, July 4, 2013, Abbas Amien <[email protected]> wrote:
>>  
>>
>> Ah ari rahaayat Mesir Lolong mah, teu kudu ku Baraat2 teuing atuh. Teu 
>> karaos ayaeuan di NKRI ?????
>>
>> --- On Thu, 4/7/13, dudi <[email protected]> wrote:
>>
>> From: dudi <[email protected]>
>> Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Dosa Mursi?
>> To: "[email protected]" <[email protected]>
>> Cc: "Urang Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" 
>> <[email protected]>
>> Received: Thursday, 4 July, 2013, 7:35 AM
>>
>>  
>>
>> jeung rahayat mesir lolong? heded euy barat hahahaha
>>
>>
>>
>> 2013/7/4 Ki Hasan <[email protected]>
>>
>>  
>>
>> UIng meunang inbox ti mahasiswa Indonesia nu keur sakola di Al-Azhar. Eusina 
>> jiga di handap.
>> ===
>>
>> Dosa Mursi itu adalah karena dia bisa mengantarkan Mesir dalam setahun ke 
>> arah swasembada pangan. Yang dulu zaman mubarak gandum hanya boleh 
>> diproduksi dalam negeri sebanyak 20 % paling banyak, sekarang sudah melampai 
>> 60 %. Dulu harus mengimpor ke Amerika, sekarang Mursi mengimpor dari negara 
>> yang dia inginkan, yang lebih menguntungkan rakyat. Kondisi ini mampu 
>> menghemat belanja negara sampai milyaran dollar pertahun sekaligus 
>> meningkatkan perekonomian petani.
>>
>> Dosa Mursi adalah karena mengembangkan terusan Suez menjadi pasar bebas 
>> dunia. Yang dulu di zaman mubarak hanya menghasilkan uang sebanyak 5.6 
>> milyar dollar pertahun, akan meningkat 100 milyar dollar pertahun.
>>
>> Dosa Mursi adalah menaikkan gaji PNS dan pensiunan sebanyak 200 % lebih, 
>> sementara harga-harga barang bisa dipertahankan tidak naik, sehingga PNS 
>> jadi lebih makmur.
>>
>> Dosa Mursi adalah membangun pabrik samsung terbesar di Arab di provinsi Bani 
>> Suwef, sehingga harga barang elektronik menjadi murah.
>>
>> Dosa Mursi adalah membuat pabrik mobil sendiri sehingga untuk tahun-tahun ke 
>> depan tidak perlu lagi mengimpor mobil.
>>
>> Dosa Mursi adalah membuat pabrik senjata sendiri sehingga tidak perlu lagi 
>> mengimpor senjata-senjata rongsokan dari Amerika.
>>
>> Dosa Mursi adalah membuat pabrik innar (sejenis tablet/ipad), sehingga 
>> seluruh rakyat nanti bisa mencicipi enaknya memakai barang elektronik 
>> bermutu dengan harga terjangkau. Anak-anak sekolah bisa belajar pakai alat 
>> canggih.
>>
>> Dosa Mursi adalah mampu mempertahankan, bahkan menambah cadangan devisa 
>> Mesir yang sebelumnya sudah di ambang kebangkrutan.
>>
>> Dosa Mursi terbesar adalah dia selalu shalat berjamaah di mesjid, hafal al 
>> Qur'an, selalu tahajjud dan sabar terhadap segala caci maki.
>>
>> Dosa Mursi adalah mendukung perjuangan Palestina, Suriah dan Myanmar.
>>
>> Dosa Mursi yang tidak kalah parahnya mengeluarkan Mesir dari rongrongan 
>> kekuasaan militer dalam 40 hari, di mana Erdogan butuh bertahun-tahun untuk 
>> melakukan itu.
>>
>> Dosa Mursi meningkatkan harga diri negara Mesir di hadapan negara Arab lain 
>> bahkan dunia. Hingga Mesir jadi negara yang diperhitungkan.
>>
>> Dosa Mursi adalah berusaha mengembangkan tenaga nuklir dan tenaga matahari 
>> sebagai energi alternatif di Mesir.
>>
>> Dosa Mursi adalah karena ia mampu menarik investor luar negeri dan 
>> mempertahankan kepercayaan asing di Mesir.
>>
>> Dosa Mursi adalah membuka kembali jalan darat antara Mesir dan Sudan 
>> sehingga kerja sama dalam bidang ekonomi kedua negara akan meningkat.
>>
>> Dosa Mursi adalah mampu membuka lapangan kerja baru untuk 600 ribu lebih 
>> orang pengangguran.
>>
>> Dosa Mursi adalah berusaha mengembalikan harta yang dibawa kabur ke luar 
>> negeri oleh Husni Mubarak dan antek-anteknya.
>>
>> Dosa Mursi adalah menegakkan peradilan yang sebenarnya dan berusaha 
>> menghabisi kecurangan.
>>
>> Dan banyak lagi dosa-dosanya yang tidak bisa kita sebutkan satu persatu yang 
>> membikin lawan politik, terutama Amerika dan Israel jadi meradang.
>>
>> Karena dosa-dosa itulah maka Mursi akan digulingkan oleh sisa-sisa antek 
>> Mubara
>
> 


 

Kirim email ke