Kuring mah maca republika tempo gatra wungkul sih , jeung sababaraha situs
kenca hahaha

On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote:
>
>
> Tujuh las juta? Wah, mekkah wae unggal haji mung nampung, 2 juta jalmi.
Jelema pagilinggisik masih tiasa. Tahrir Square hampir sami sareng bunderan
HI di Lembur. Nu jelas teu sagede saperti Mekkah. Massa Mursi nu aya di
Ash'ad, Ismailiyah sareng Iskandariah (Alexandria, kota-kota lain anu
rahayatna pro Mursi siap ngabanjiran Kairo upami legitimasi Mursi dicabut.
Ngan, sakali deui media teu aya nu ngaliput. Keun wae cuang tingalikeun.
Punten, masalahna sanes caket atanapi henteuna ti Puseur kajantenan, tapi
sumber informasi sareng berita anu dugi ka urang. Al Jazeera masih mending.
Anu sae Adda'wah, Jamiuturrahmah TV, Iftihar sareng nu sanesna. Mangga
saena diuningaan di situs-situs nu benten sareng sumber Reuteur, CNN sareng
CNBC. Hatur nuhun..
> ________________________________
> Dari: dudi <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 13:55
> Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi?
>
>
> seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer?
>
> demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya nu
nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu
demo nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta cenah.
>
> aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali
kaayaan mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku
rahayat. rek diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih
ngarugikeun kaayaan mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge
ngilu nurunkeun mubarak.
>
> saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi.
kacindekan eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer.
diantarana, dina sataun pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali
bantuan ti imf. sanggeus kajadian, obama manghandeueulkeun ayana kudeta.
samalah cenah, bantuan ti amerika ge bakal dibatalkeun.
>
> naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung kawijaksanaan
mursi?
>
> hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah assisi
ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh agung al
azhar ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii.
>
> salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat
mesir, nya jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing
golonganna.
>
> sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi pasti
teu seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih di
kairo atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :)
>
> On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote:
>>
>>
>> Salam..
>> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos
ngalibetkeun panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu
ngajukung Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami
ningali kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget
ngapalkeun Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya
hiji lembur di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti
nincak umur 7 taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam
juz'an hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an
30 juz. Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D
>> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan
Mubarrak, malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi
pemerintahan Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit
rezim Mubarrak, kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina
satangtungna sajarah ieu nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil.
Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2
digit (hartina diluhureun 10%). Bari jeung ngandelkeun kakuatan dalam
Negri. Lain nginjeum ka LN.
>> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat,
eta kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup
sopan santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung
rumahtangga sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku
USA)nu aya di tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung.
Hartina balik deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih aya
keneh kudeta militer? Padahal Mursi, persiden anu dipilih kalawan
demokratis dina salila Mesir jadi Nagara. Referendum, jaya. Ahirna para
komprador anu teu walakaya ngagunakeun kakuatan heubeul, (nyatana Militer)
sangkan Mursi tijungkel. Nagara saperti Brazil, angger ngaku yen Mursi
Persiden anu sah. Kalawan dipilih rahayat, sarta diakui make rule of the
games anu disapukkan ku sakabeh komponen bangsa Mesir.
>> Dina pamarentahan Mursi, Kristen Koptik meunang perlindungan anu tohaga.
Malah aya hak maranehna nu langsung dibukukeun dina undang-undang syareat
Islam. Haram getih jeung kahormatan Ahlu dzimmah digorobaskeun kana lelecek
sajarah. Nu siga embe kaduruk janggot mah, Israel. Sab jelas, manehna mah
Penjajah. Jadi, kapentingan USA leutik (israel) jeung kapentingan Israel
gede (USA) nu kaancam ku nanjeurna Mursi jeung sareat Islam di Mesir. Ari
jeung Israel mah, kapan Enonesa oge musuhan. Sab dina sajarahna jelas.
Kamerdekaan Enonesa, nalika mimiti najeur, dijukung ku Mesir jeung
Palestina. Meser ngaliwatan Mursyid Am kahiji Ikhwanul Muslimin, Hasan Al
Banna. Sedengkeun Palestina ngaliwatan Mufti Palestina Muhammad Amiin Al
Husaeni.
>> Urang heulakeun husnudzan. Da Kudeta mah geus jelas-jelas teu aya
koridorna dina Demokrasi mah. Anu jadi hemeng, eta loba jalma ahli elmu
pamarentahan nyatujuan hasil kudeta. Lamun Montesque diteang dina kuburna,
boa keur ngabangingik alatan dihianat ku nagara-nagara nu cenah ngaku
panglima demokratis. Media, geus teu kacatur. Jadi alat jang mepehek
kahayang para Kapitalis. Jendran Asisi mareuman informasi jadi Televisi
>
> 

Kirim email ke