seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer?

demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya nu
nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu
demo nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta
cenah.

aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali kaayaan
mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku rahayat.
rek diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih ngarugikeun
kaayaan mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge ngilu
nurunkeun mubarak.

saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi.
kacindekan eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer.
diantarana, dina sataun pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali
bantuan ti imf. sanggeus kajadian, obama manghandeueulkeun ayana kudeta.
samalah cenah, bantuan ti amerika ge bakal dibatalkeun.

naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung kawijaksanaan
mursi?

hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah assisi
ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh agung al
azhar ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii.

salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat mesir,
nya jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing golonganna.

sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi pasti
teu seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih di
kairo atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :)

On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote:
>
>
> Salam..
> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos ngalibetkeun
panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu ngajukung
Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami ningali
kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget ngapalkeun
Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya hiji lembur
di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti nincak umur 7
taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam juz'an
hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an 30
juz. Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D
> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan Mubarrak,
malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi pemerintahan
Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit rezim Mubarrak,
kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina satangtungna sajarah
ieu nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil. Samalah, lamun dijadikeun
tuluy 5 taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2 digit (hartina diluhureun
10%). Bari jeung ngandelkeun kakuatan dalam Negri. Lain nginjeum ka LN.
> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat,
eta kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup
sopan santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung
rumahtangga sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku
USA)nu aya di tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung.
Hartina balik deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih aya
keneh kudeta militer? Padahal Mursi, persiden anu dipilih kalawan
demokratis dina salila Mesir jadi Nagara. Referendum, jaya. Ahirna para
komprador anu teu walakaya ngagunakeun kakuatan heubeul, (nyatana Militer)
sangkan Mursi tijungkel. Nagara saperti Brazil, angger ngaku yen Mursi
Persiden anu sah. Kalawan dipilih rahayat, sarta diakui make rule of the
games anu disapukkan ku sakabeh komponen bangsa Mesir.
> Dina pamarentahan Mursi, Kristen Koptik meunang perlindungan anu tohaga.
Malah aya hak maranehna nu langsung dibukukeun dina undang-undang syareat
Islam. Haram getih jeung kahormatan Ahlu dzimmah digorobaskeun kana lelecek
sajarah. Nu siga embe kaduruk janggot mah, Israel. Sab jelas, manehna mah
Penjajah. Jadi, kapentingan USA leutik (israel) jeung kapentingan Israel
gede (USA) nu kaancam ku nanjeurna Mursi jeung sareat Islam di Mesir. Ari
jeung Israel mah, kapan Enonesa oge musuhan. Sab dina sajarahna jelas.
Kamerdekaan Enonesa, nalika mimiti najeur, dijukung ku Mesir jeung
Palestina. Meser ngaliwatan Mursyid Am kahiji Ikhwanul Muslimin, Hasan Al
Banna. Sedengkeun Palestina ngaliwatan Mufti Palestina Muhammad Amiin Al
Husaeni.
> Urang heulakeun husnudzan. Da Kudeta mah geus jelas-jelas teu aya
koridorna dina Demokrasi mah. Anu jadi hemeng, eta loba jalma ahli elmu
pamarentahan nyatujuan hasil kudeta. Lamun Montesque diteang dina kuburna,
boa keur ngabangingik alatan dihianat ku nagara-nagara nu cenah ngaku
panglima demokratis. Media, geus teu kacatur. Jadi alat jang mepehek
kahayang para Kapitalis. Jendran Asisi mareuman informasi jadi Televisi
tunggal. Asa balik deui ka jaman wa Ato di lembur. Please, ayeuna teh kapan
jaman tehnologi informasi. Warta nu nepi karahayat bia ti mana wae
sumberna. Heheheheh..
> Cag.
> ________________________________
> Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 7:04
> Judul: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi?
>
>
> "Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur"
> Akibat legenda sungai nil tea panginten nya. Ngan eta, indonesia mah
dielehkeun wae dina sagalana. Dugi keun ka taneuh na wae mesir man 6x
leuwih subur. Padahal saur koes ploes mah cenah tongkat pun jadi tanaman di
indonesia mah. Meureun di mesir mah tongkat langsung jadi bungbuahan he..
he.. he..  Komo ka jalmina anu di salorban mah urang indonesia asa pendak
sareng nabi anu 1000x langsung alus ti urang indonesia he.. he.. he..
>
> Perkawis investasi anu sanesna nya sapertos saur sim kuring dina tulisan
anu sanesna, sapertos na mah nembe rencana. Da moal mungkin teu acan sataun
tiasa eksekusi. Ari indonesia oge rencana mah seueur, hoyong china muka
investasi pabrik elektronik terbesar di asia tenggara di Indonesia. Tapi
pan ari prung na mah tiasa benten deui, tiasa lumpat ka vietnam atanapi
thailand.
>
> Ngeunaan 'dosa' nu sanes na mah percanten weh sim kuring mah, pastina
Mursi mah ahli tahajjud.  ngan kade, ulah asa ahli ibadah, asa pangabelana
ka islam jadi malah paranoid jeung bangga sorangan. Sakabeh anu nentang
diri teh dianggap karena diri alus teuing, jadi anu nentang teh nentang ka
Gusti nu Maha Suci. Pan di urang oge kitu, anu nentang diri teh cenah
pakait jeung Yahudi. KPK oge cenah pakait jeung amrik + yahudi. Jadi euweuh
weh 'muhasabah' teh, ningali boh kasalahan dosa diri atawa sahenteuna
kasalahan taktik strategi. Langsung pan kasalahan di batur kabeh jeung
mamawa konpirasi amrik+yahudi. Eta budaya pamikiran mesir teh diimport oge
ka indonesia, padahal indonesia mah jauh jeung israel. Ti baheula pan
Soekarno geus mawa kana non-blok indonesia mah, der ieu kalahka dibabawa
wae kana konpirasi amrik+yahudi.
>
> Seueur rerencangan sim kuring oge ahli tahajjud, tapi hasil na teh
benten-benten. Nya kana strategi ngolah nagara salaku nagarawan oge tiasa
benten pangaruhna. Tahajjud teh ibarat praktek anu bener, masih kedah aya
pamahan anu bener sareng pandangan anu bener. Pamahaman dibentuk ku elmu
jeung informasi. Pandangan bener dibentuk ku batin anu bersih. Lamun dua
eta tos kabentuk, praktekna bakal bener tuh efesien. Makana dina hadis
disebutkan, sarena jalma anu ngabogaan elmu leuwih hade tibatan solat sunat
na jalma bodo/awwam ahli ibadah. Sae na mah beuki ahli ibadah, beuki
ngartos wawasan islam teh jadi kudu beuki welas asih, beuki ngaladenan,
ngajenan ka sagala rupa makhluk. Tong waka ka makhluk ngarana jelema anu
islam atawa kapir, pak ka sato saperti ucing jeung anjinig oge dianjurkeun
welas asih ku rasulullah Muhammad saw. Ieu mah beuki dina organisasi islam
teh beuki garalak wae, siap pasea. Da jihad teh disaruakeun jeung pasea.
Komo di jaman ayeuna atuh, anu bener ge ari carana peupelekeuk mah moal
raresepeun jelema teh. Tingali weh anu korupsi oge kalahka umat imut wae,
strategi tinggi; asa teu boga dosa, teuneung ludeung. Naha bet eleh
strategi kunu korupsi atuh. Cenah negakeun kasajatian, tapi kalahka
huak-haok jeung ngajak pasea wae, laina murah senyum jeung mikanyaah. Sieun
rugi meureun lamaun mikanyaan kanu teu islami teh. Padahal Gusti mah rek nu
islami rek nu henteu oge angger weh dibere kejo, dibere dahar. Maenya urang
teu ngeunteng kana 'perilaku' Gusti mu Maha Suci.
>
> Conto praktek teu efesien: karek jadi kapala nagara, der langsung
nangtang dunya. Nyaho dunya teh curiga ka islam, der langsung hayang
negakeun nyariat islam dina sagala rupa hukum nagara. Pan wajib ti Gusti nu
Maha Suci. Enya, salian wajib, strategi jeung kamaslahatan oge wajib. Jiga
kapala nagara Iran, Ahmad Dinejad, dina forum resmi, der ngomong: Israel
harus dihapus dari muka bumi. Teu baleg. Teu tanggung jawab jeung teu
strategis. Nu kitu mah teu patut diomongkeun ku kapala nagara. Lamun ku
tukang kuli wangunan anu keur hoghag atawa keur emosi mah patut meureun.
>
> Urang teh kudu loba diajar tina Sunnah nabi. Lamun pas 11 tahun awal
turunna islam di mekah nabi neugtrueg pasea jeung urang kapir, geus tumpur
eta umat islam moal lila. Tapi kan nabi milih hijrah. Lain ngan saukur rek
nyalametkeun awak, tapi rek investasi waktu pikeun ngadidik batin umat.
Geus di madinah cenah, loba nu teu kuat hayang perang ngalawan orang kapir,
geus keuheul teu kuat. Teu meunang keneh. Batin silaing can cukup iman.
Pamahaman jeung pandangan bener can cukup dina diri. Tah pan ari geus
waktuna nyumponan mah sagala peperangan bisa diladenan.
>
> Cenah nabi mah kantos katingali dina tonggongna urut kalakay korma.
Sarena dina kalakay korma. Padahal nabi boga hak rampasan perang 5% tapi
tara dicokot. Ari ieu hayang ngadegkeun syariat islam, bojo 4 diimahan
tingkat 2, mobil anu marahal. Atuh tingkat batin kitu mah uing oge bisa, si
asep jeung si encep oge bisa. Pan tingkat batin pamingpin islam anu hayang
nanjeurkeun islam mah kudu aya bedana meureun? Lamun euweuh bedana nya moal
nanjeur. Tepi engka aya mangsana sorangan, aya waktu anu nyumponan.
>
> Wallahu
>
> 

Kirim email ke