Tujuh las juta? Wah, mekkah wae unggal haji mung nampung, 2 juta jalmi. Jelema 
pagilinggisik masih tiasa. Tahrir Square hampir sami sareng bunderan HI di 
Lembur. Nu jelas teu sagede saperti Mekkah. Massa Mursi nu aya di Ash'ad, 
Ismailiyah sareng Iskandariah (Alexandria, kota-kota lain anu rahayatna pro 
Mursi siap ngabanjiran Kairo upami legitimasi Mursi dicabut. Ngan, sakali deui 
media teu aya nu ngaliput. Keun wae cuang tingalikeun. Punten, masalahna sanes 
caket atanapi henteuna ti Puseur kajantenan, tapi sumber informasi sareng 
berita anu dugi ka urang. Al Jazeera masih mending. Anu sae Adda'wah, 
Jamiuturrahmah TV, Iftihar sareng nu sanesna. Mangga saena diuningaan di 
situs-situs nu benten sareng sumber Reuteur, CNN sareng CNBC. Hatur nuhun..


________________________________
 Dari: dudi <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 13:55
Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi?
 


  
seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer?

demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya nu 
nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu demo 
nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta cenah. 

aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali kaayaan 
mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku rahayat. rek 
diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih ngarugikeun kaayaan 
mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge ngilu nurunkeun mubarak.

saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi. kacindekan 
eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer. diantarana, dina sataun 
pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali bantuan ti imf. sanggeus kajadian, 
obama manghandeueulkeun ayana kudeta. samalah cenah, bantuan ti amerika ge 
bakal dibatalkeun.

naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung kawijaksanaan mursi? 

hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah assisi 
ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh agung al azhar 
ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii.

salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat mesir, nya 
jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing golonganna.

sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi pasti teu 
seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih di kairo 
atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :)

On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote:
>  
>
> Salam.. 
> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos ngalibetkeun 
> panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu ngajukung Mursi, 
> henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami ningali kahirupanana, 
> leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget ngapalkeun Qur'an misalna, 
> ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya hiji lembur di wilayah Asyut, 
> nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti nincak umur 7 taun. 
> Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam juz'an hafidzuk?" 
> Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an 30 juz. Maenya kanu 
> hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D
> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan Mubarrak, 
> malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi pemerintahan 
> Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit rezim Mubarrak, 
> kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina satangtungna sajarah ieu 
> nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil. Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 
> taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2 digit (hartina diluhureun 10%). Bari 
> jeung ngandelkeun kakuatan dalam Negri. Lain nginjeum ka LN.
> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat, eta 
> kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup sopan 
> santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung rumahtangga 
> sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku USA)nu aya di 
> tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung. Hartina balik 
> deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih aya keneh kudeta 
> militer? Padahal Mursi, persiden anu dipilih kalawan demokratis dina salila 
> Mesir jadi Nagara. Referendum, jaya. Ahirna para komprador anu teu walakaya 
> ngagunakeun kakuatan heubeul, (nyatana Militer) sangkan Mursi tijungkel. 
> Nagara saperti Brazil, angger ngaku yen Mursi Persiden anu sah. Kalawan 
> dipilih rahayat, sarta diakui make rule of the games anu disapukkan ku 
> sakabeh komponen bangsa Mesir. 
> Dina pamarentahan Mursi, Kristen Koptik meunang perlindungan anu tohaga. 
> Malah aya hak maranehna nu langsung dibukukeun dina undang-undang syareat 
> Islam. Haram getih jeung kahormatan Ahlu dzimmah digorobaskeun kana lelecek 
> sajarah. Nu siga embe kaduruk janggot mah, Israel. Sab jelas, manehna mah 
> Penjajah. Jadi, kapentingan USA leutik (israel) jeung kapentingan Israel gede 
> (USA) nu kaancam ku nanjeurna Mursi jeung sareat Islam di Mesir. Ari jeung 
> Israel mah, kapan Enonesa oge musuhan. Sab dina sajarahna jelas. Kamerdekaan 
> Enonesa, nalika mimiti najeur, dijukung ku Mesir jeung Palestina. Meser 
> ngaliwatan Mursyid Am kahiji Ikhwanul Muslimin, Hasan Al Banna. Sedengkeun 
> Palestina ngaliwatan Mufti Palestina Muhammad Amiin Al Husaeni.
> Urang heulakeun husnudzan. Da Kudeta mah geus jelas-jelas teu aya koridorna 
> dina Demokrasi mah. Anu jadi hemeng, eta loba jalma ahli elmu pamarentahan 
> nyatujuan hasil kudeta. Lamun Montesque diteang dina kuburna, boa keur 
> ngabangingik alatan dihianat ku nagara-nagara nu cenah ngaku panglima 
> demokratis. Media, geus teu kacatur. Jadi alat jang mepehek kahayang para 
> Kapitalis. Jendran Asisi mareuman informasi jadi Televisi tunggal. Asa balik 
> deui ka jaman wa Ato di lembur. Please, ayeuna teh kapan jaman tehnologi 
> informasi. Warta nu nepi karahayat bia ti mana wae sumberna. Heheheheh..
> Cag.
> ________________________________
> Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 7:04
> Judul: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi?
>
>  
> "Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur"
> Akibat legenda sungai nil tea panginten nya. Ngan eta, indonesia mah 
> dielehkeun wae dina sagalana. Dugi keun ka taneuh na wae mesir man 6x leuwih 
> subur. Padahal saur koes ploes mah cenah tongkat pun jadi tanaman di 
> indonesia mah. Meureun di mesir mah tongkat langsung jadi bungbuahan he.. 
> he.. he..  Komo ka jalmina anu di salorban mah urang indonesia asa pendak 
> sareng nabi anu 1000x langsung alus ti urang indonesia he.. he.. he..
>
> Perkawis investasi anu sanesna nya sapertos saur sim kuring dina tulisan anu 
> sanesna, sapertos na mah nembe rencana. Da moal mungkin teu acan sataun tiasa 
> eksekusi. Ari indonesia oge rencana mah seueur, hoyong china muka investasi 
> pabrik elektronik terbesar di asia tenggara di Indonesia. Tapi pan ari prung 
> na mah tiasa benten deui, tiasa lumpat ka vietnam atanapi thailand.
>
> Ngeunaan 'dosa' nu sanes na mah percanten weh sim kuring mah, pastina Mursi 
> mah ahli tahajjud.  ngan kade, ulah asa ahli ibadah, asa pangabelana ka islam 
> jadi malah paranoid jeung bangga sorangan. Sakabeh anu nentang diri teh 
> dianggap karena diri alus teuing, jadi anu nentang teh nentang ka Gusti nu 
> Maha Suci. Pan di urang oge kitu, anu nentang diri teh cenah pakait jeung 
> Yahudi. KPK oge cenah pakait jeung amrik + yahudi. Jadi euweuh weh 
> 'muhasabah' teh, ningali boh kasalahan dosa diri atawa sahenteuna kasalahan 
> taktik strategi. Langsung pan kasalahan di batur kabeh jeung mamawa konpirasi 
> amrik+yahudi. Eta budaya pamikiran mesir teh diimport oge ka indonesia, 
> padahal indonesia mah jauh jeung israel. Ti baheula pan Soekarno geus mawa 
> kana non-blok indonesia mah, der ieu kalahka dibabawa wae kana konpirasi 
> amrik+yahudi.
>
> Seueur rerencangan sim kuring oge ahli tahajjud, tapi hasil na teh 
> benten-benten. Nya kana strategi ngolah nagara salaku nagarawan oge tiasa 
> benten pangaruhna. Tahajjud teh ibarat praktek anu bener, masih kedah aya 
> pamahan anu bener sareng pandangan anu bener. Pamahaman dibentuk ku elmu 
> jeung informasi. Pandangan bener dibentuk ku batin anu bersih. Lamun dua eta 
> tos kabentuk, praktekna bakal bener tuh efesien. Makana dina hadis 
> disebutkan, sarena jalma anu ngabogaan elmu leuwih hade tibatan solat sunat 
> na jalma bodo/awwam ahli ibadah. Sae na mah beuki ahli ibadah, beuki ngartos 
> wawasan islam teh jadi kudu beuki welas asih, beuki ngaladenan, ngajenan ka 
> sagala rupa makhluk. Tong waka ka makhluk ngarana jelema anu islam atawa 
> kapir, pak ka sato saperti ucing jeung anjinig oge dianjurkeun welas asih ku 
> rasulullah Muhammad saw. Ieu mah beuki dina organisasi islam teh beuki 
> garalak wae, siap pasea. Da jihad teh disaruakeun jeung pasea. Komo di jaman 
> ayeuna
 atuh, anu bener ge ari carana peupelekeuk mah moal raresepeun jelema teh. 
Tingali weh anu korupsi oge kalahka umat imut wae, strategi tinggi; asa teu 
boga dosa, teuneung ludeung. Naha bet eleh strategi kunu korupsi atuh. Cenah 
negakeun kasajatian, tapi kalahka huak-haok jeung ngajak pasea wae, laina murah 
senyum jeung mikanyaah. Sieun rugi meureun lamaun mikanyaan kanu teu islami 
teh. Padahal Gusti mah rek nu islami rek nu henteu oge angger weh dibere kejo, 
dibere dahar. Maenya urang teu ngeunteng kana 'perilaku' Gusti mu Maha Suci.
>
> Conto praktek teu efesien: karek jadi kapala nagara, der langsung nangtang 
> dunya. Nyaho dunya teh curiga ka islam, der langsung hayang negakeun nyariat 
> islam dina sagala rupa hukum nagara. Pan wajib ti Gusti nu Maha Suci. Enya, 
> salian wajib, strategi jeung kamaslahatan oge wajib. Jiga kapala nagara Iran, 
> Ahmad Dinejad, dina forum resmi, der ngomong: Israel harus dihapus dari muka 
> bumi. Teu baleg. Teu tanggung jawab jeung teu strategis. Nu kitu mah teu 
> patut diomongkeun ku kapala nagara. Lamun ku tukang kuli wangunan anu keur 
> hoghag atawa keur emosi mah patut meureun.
>
> Urang teh kudu loba diajar tina Sunnah nabi. Lamun pas 11 tahun awal turunna 
> islam di mekah nabi neugtrueg pasea jeung urang kapir, geus tumpur eta umat 
> islam moal lila. Tapi kan nabi milih hijrah. Lain ngan saukur rek 
> nyalametkeun awak, tapi rek investasi waktu pikeun ngadidik batin umat. Geus 
> di madinah cenah, loba nu teu kuat hayang perang ngalawan orang kapir, geus 
> keuheul teu kuat. Teu meunang keneh. Batin silaing can cukup iman. Pamahaman 
> jeung pandangan bener can cukup dina diri. Tah pan ari geus waktuna nyumponan 
> mah sagala peperangan bisa diladenan.
>
> Cenah nabi mah kantos katingali dina tonggongna urut kalakay korma. Sarena 
> dina kalakay korma. Padahal nabi boga hak rampasan perang 5% tapi tara 
> dicokot. Ari ieu hayang ngadegkeun syariat islam, bojo 4 diimahan tingkat 2, 
> mobil anu marahal. Atuh tingkat batin kitu mah uing oge bisa, si asep jeung 
> si encep oge bisa. Pan tingkat batin pamingpin islam anu hayang nanjeurkeun 
> islam mah kudu aya bedana meureun? Lamun euweuh bedana nya moal nanjeur. Tepi 
> engka aya mangsana sorangan, aya waktu anu nyumponan.
>
> Wallahu
>
> 
 

Kirim email ke