Nyutat hadits anu ditulis ku kang Yadi: Sareng Rasulullah saw, numutkeun riwayat kantos sasauran: “Teu pernah aya panon nu pernah nenjo kana nikmat-nikmat surga, pon kitu deui oge teu aya ceuli nu kantos nguping, pon kitu deui oge teu aya pikiran manusa ngamalum” (Buhari).
Hadits di luhur tiasa ditafsirkeun ku sababaraha cara: (1) Yen kanikmatan sawarga teh can aya bandinganana di dunya ieu. Sagala anu dicaritakeun ngeunaan kanikmatan sawarga teh ngan saukur paumpamaan. Tapi paumpamaan eta moal ngudag kana kanyataanana, nyaeta kanyataan kanikmatan di sawarga. Jadi, naon wae anu diumpamakeun ku perbandingan kanikmatan di dunya ieu, jeung oge tangtuna kanikmatan dunya teh kakait ku budaya (budaya kawin loba, budaya mabok minuman, jeung nu lain-laina deui), pasti leuwih ti eta kanikmatan sawarga mah. Moal kahontal ku carita. (2) Yen kanikmatan sawarga teh can pernah katenjo ku panon, jeung can pernah kadenge ku ceuli. Ku kituna, eta teh nunjukeun yang kanikmatan sawarga mah lain kanikmatan panca indra, atawa indra anu genep (panca indra ditambah pikiran, anu kagenep). Jadi kanikmatan sawarga teh kanikmatan adiduniawi, nyaeta kanikmatan non-duniawi. Lamun aya parumpamaan, nya eta mah pikeun ka jelema anu sok biasa ngudag napsu indrawi supaya kabita. Tapi jelama anu geus biasa neuleuman makrifat, geus ngarasa nikmatna makrifat, cenah mah eta teh geus leuwih ngeunah tina kanikmatan seksual. Komo atuh kanikmatan di sawarga mah, leuwih deui tina kanikmatan makrifat di dunya panginten. Tah, wallahu'alam. Tapi ari saur sim kuring mah, tong ngagugulung nyipta-nyipta sawarga atuh ari kalakuan can aya kapatut urang teh. Tah kumaha ayeu na mah nyieun katartiban di dunya, supaya nanjeur kahadean. Kahadean ieu hiji-hijina anu bisa jadi tetecean urang ka sawarga. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: YADI supriadi wendy <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 11:36 Mittwoch, 17.Juli 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Sawarga On 2013-07-17 10:46, Kamal Idris wrote: > wah lamun di surga tos teu aya napsu deui keur naon dibere bidadari > atuh... > Kahirupan bada maot mung ngarupakeun bayangan jeung penjelmaan kahirupan di dunya ieu, jeung ganjaran sarta hukuman di aherat mung bakal mangrupa perwujudan jeung bayangan pagawean urang salila di dunya ieu. Surga jeung naraka lain hiji alam serba kabendaan anyar nu datang ti luar. Bener pisan, surga jeung naraka bakal bisa ditingali jeung dirasakeun, misalna bae, kabendaan, tapi surga jeung naraka mung ngarupakeun perwujudan kanyataan hirup karohanian ieu. Sagala kasulitan di dunya ieu bakal katingal di aherat saperti belenggu nu meulit di kadua suku. Kitu deui oge panas nu ngahuru hate di dunya ieu, bakal katingali kalayan jelas salaku hurungna seuneu nu ngabela-bela, jeung kacintaan ka Allah ta ala nu dirasakeun ku jalma mumin bakal katingal di alam aherat engke dina wujud saperti anggur, jste. Kulantaran eta bakal aya kebon, susukan, susu, madu, daging manuk, anggur, buah-buahan, singasana, jodoh-jodoh, jeung loba barang lainna deui di surga, tapi barang-barang eta moal sarupa jeung barang-barang nu aya di dunya, iwal mangrupa perwujudan kanyataan-kanyataan kahirupan rohani di dunya ieu. Kecap-kecap zawwajnaa, huur dan ‘iin, saperti diterangkeun dina Ath Thur:20, nembongkeun yen di surga abdi Pangeran nu muttaqi bakal hirup babarengan jeung jodoh-jodo sucina nu pameunteuna sumringah ku kageulisan rohani nu moncorong, atawa maranehna bakal boga batur hirup – widadari geulis – nyaeta pamajikan maranehna keneh. Supaya ngarti jeung bisa paham kana sifat ganjaran jeung hukuman di kahirupan bada maot, supaya diinget yen kahirupan di ditu mangrupa terusan kahirupan nu pernah ku urang dijalanan. Sagancangna bada roh manusa ninggalkeun jasad taneuhna, inyana dibere jisim anyar; sabab roh teu bisa nyieun kamajuan atawa teu bisa ngarasakeun kanikmatan atawa nyeri mun teu jeung jasad. Jasad anyar ieu sarua lemesna saperti roh di dunya satacan maot. Kulantaran bentuk jeung sifat jasad anyar urang ieu bakal lain jeung jasad jasmani urang ayeuna, katambah deuih beda eta hese ku urang dipikaharti, sifat ganjaran jeung hukuman di alam aherat engke, Allah ta ala ngadawuh: “Jeung moal aya saurang oge nu nyaho kana naon nu samuni ti manehna tina penyejuk mata salaku pahala tina naon-naon nu tos ku maranehna lakukeun” (32:17) Sareng Rasulullah saw, numutkeun riwayat kantos sasauran: “Teu pernah aya panon nu pernah nenjo kana nikmat-nikmat surga, pon kitu deui oge teu aya ceuli nu kantos nguping, pon kitu deui oge teu aya pikiran manusa ngamalum” (Buhari) Kanyataan yen di surga engke teu aya dosa, kasalahan, atawa omongan nu kosong, teu aya kasukaan jasmani nu ku urang kaharti ayeuna, iwal ti kaamanan jeung karidoan Allah ta ala wungkul, nu ngalingkup sagala (56:25-26). -- -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
