Mang Kaby: "Jadi naha Sunda anu dipangaruhan ku Ibrahim atawa sabalikna?".
Tiasa oge mang teu aya saling pangaruhan. Pan Gusti mah Maha ber-Firman. Gusti mere pituduh ka kabeh makhlukna tanpa pandang bulu. Pituduh anu katarima ku manusa bakal diaplikasikeun/diterapkeun kana nilai rohani, religiusitas, jeung budaya masyarakat-na. Janten anu disebut sumberna sami teh sanes misalna sumber asalna ti Ibrahim, tapi sumberna ti Gusti anu ngawahyukeun ka makhluk anu dipilih ku Anjeuna. Masyarakat jahiliyah Qurays Arab teh sok maehan orok awewe. Sok dikurebkeun hirup-hirup. Umar bin Khatab anu engkena jadi Khalifah, pamingpin adil tur arif, anu kadua dina sajarah Islam, waktu jaman jahiliyah oge kungi ngurebkeun orok awewe hirup-hirup. Di urang mah di sunda asa teu kacaritakeun budaya sadis jiga kitu nya. Tah atuh cara komunikasi rohani jeung budaya arab sadis jahiliyah kitu kudu kumaha? Maenya ujug-ujug ruhani tingkat tinggi. Pan meureun kudu didibita heula ku widadari 70 urang. Tah ari geus iman tingkat tinggi mah pan Umar bin Khatab oge basa jadi Khalifah naklukeun Yerusalem teh bajuna oge sederhana jiga karung goni. Kalakuan umar di umur kolot jauh pisan jeung kalakuanana waktu ngora, jauh jiga bumi jeung langit. Geus kolot mah, geus asak iman, Umar teh hirupna sederhana pisan, cenah geus embung dahar daging oge da asa mewah teuing. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: mang kaby <[email protected]> An: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]> Gesendet: 20:35 Mittwoch, 17.Juli 2013 Betreff: [kisunda] Re: Sawarga Wooow hadeee Mang, Tah geuning ari nu ngarti jeung bisa nalungtik mah loba kamiripan jeung kasaruaan anu inti / hakekatna kurang leuwih sarua ngan bedana palebah istilah jeung cara ngomunikasikeun. Palebah dieu teori si Kang Herwig anu nyebutkeun boh Sunda atawa Agama Samawi turunan Ibrahim dina hal ieu Islam teh it cames from the same source alias ti sumber anu sarua beuki bengras. Tah anu jadi kapanasaranan Mamang ari eta Dinasti Sanjaya jaman Sunda jeung Jawa ngahiji abad ka sabaraha? Terus bukuna Mang Engkus jeung nu dicaritakeun ngeunaan Ajaran Karuhun anu aya Nu Ngersakeun, Sunan Ambu, jrrd eta di Urang geus aya ti taun sabaraha? Pan lamun nempo kronologis mah : - Ceuk Mang Yadi Adam AS sekitar 7000 thn SM - Ibrahim pelopor Ageman samawi 2000 SM - Musa sangeus Ibrahim - Isa teh 1 masehi lin? - Muhammad SAW pan abad ka-7Masehi, ngarangkum ti jaman Adam AS, Ibrahim, Yakub, Musa, Harun, Daud, Isa, jrrd. Tah Sunda ieu geus aya ti iraha? Jadi naha Sunda anu dipangaruhan ku Ibrahim atawa sabalikna? Ari kapangaruhan ku Islam mah teu mungkin da geus puguh Purnawarman oge pan geus exist ti Abad ka-4 Masehi, hartina Ageman Sunda geus aya samemeh Islam aya. Tah ngeunaan Nu Ngersakeun ~ Batara Tunggal anu pang luhurna tea? Terus Sunan Ambu ieu anu level ka-2 naha ieu teh Adam AS tea? Dina harti ceuk Kang Herwig Batara Cikal tea? Tah sigana anu rada beda saeutik teh lamun tea mah Adam jeung Hawa sabage level ka-2, lamun di Ageman Samawi anu leuwih dominan ditonjolkeun teh Adam-na/ Lalakina. Lamun di Sunda justru Sunan Ambu ~Awewe, naha Sunan Ambu teh Hawa/ Eve atawa Eva tea? Sakitu heula iyeu si bibi nawaran mpe-mpe haneut hahaha. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com ________________________________ From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 17 Jul 2013 13:59:06 +0100 (BST) To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] RE: [Urang Sunda] Sawarga Hatur nuhun pisan kang Engkus. Mundel pisan tah tulisan kang Engkus teh kanggo ditafakuran. Seueur pisan silokana tulisan kang Engkus teh, tapi sim kuring bade ngomentaran sababaraha point anu ku sim kuring dianggap menarik pisan: (1) Jelema anu maot teh aya anu nga-hyang. Dina sababaraha kapercayaan/kaimanan di masyarakat saperti sunda jeung oge islam, disebutkeun yen jalma anu maot dina jalan dipikarido ku gusti teh dina kanyataanana mah teu maot, tapi 'balik mulang ka gusti', anu dina istilah sunda mah disebut nga-hyang. "Janganlah kamu mengira bahwa orang-orang yang gugur di jalan Allah itu mati; bahkan mereka itu hidup di sisi Tuhannya dengan mendapat rezki. mereka dalam keadaan gembira disebabkan karunia Allah yang diberikan-Nya kepada mereka, dan mereka bergirang hati terhadap orang-orang yang masih tinggal di belakang yang belum menyusul mereka, bahwa tidak ada kekhawatiran terhadap mereka dan tidak (pula) mereka bersedih hati." (QS. Ali Imran: 169-170). Tah janten istilah nga-hyang dina kapercayaan sunda teh aya oge dina kapercayaan lian saperti islam jeung oge buddhisme. Sapertina memang hal ieu teh bener pisan. Da piraku eta sababaraha agama gede saperti islam, buddhisme jeung oge sunda aya bewara jiga kitu. Jadi eta teh shoheh ceuk sim kuring mah. Iman jeung percaya sim kuring mah. Ngan kumaha eta proses nga-hyang teh nya teu apal sim kuring oge. Panginten aya alam khusus pikeun jalma-jalma salamet saperti kitu. Maraneh na teh lamun ujian universitas mah ditarima tanpa test anu standard, baheula mah disebutna teh PMDK; jalur khusus. Ngan bab kumaha waragadna, ari sim kuring mah percaya yen waragadna geus beda jeung daging/tulang anu aya di dunya ieu ayeuna. Da daging, tulang jeung getih mah mulang ka asal nyaeta kana taneuh, anu baheula oge Adam diciptakeun tina taneuh. Ari roh/jiwa mah pan 'ditiupkeun' ku gusti kana waragad urang, dina umur urang 40 poe dina kandungan. Jadi ari jiwa mah mulang ka asal ka gusti anu maha suci. (2) "mun urang boga cita-cita geus paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah gambaran sifat jeung nafsu duniawi, atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu" Tah ieu sae pisan kang Engkus. Jelema teh loba pisan kakait batinna ku kadunyaan. Kakait ku harta, ku kulawarga, ku jabatan jeung nu laina. Padahal disebutkeun dina Quran: “Ketahuilah oleh kalian, sesungguhnya kehidupan dunia itu hanyalah permainan dan sesuatu yang melalaikan, perhiasan dan bermegah-megahan di antara kalian serta berbangga-banggaan dengan banyaknya harta dan anak, seperti hujan yang karenanya tumbuh tanam-tanaman yang membuat kagum para petani, kemudian tanaman itu menjadi kering dan kamu lihat warnanya kuning lantas menjadi hancur. Dan di akhirat nanti ada adzab yang keras dan ampunan dari Allah serta keridhaan- Nya. Dan kehidupan dunia itu tidak lain hanyalah kesenangan yang menipu.” (QS. Al- Hadid: 20). Jadi dunya teh tipuan. Jalma anu beurat ku dunya teh geus katipu. Lain urang kudu tambelar ke kulawarga. Lain urang kudu teu tanggungjawab kana pagawean di dunya. Tapi sagala oge kudu jalan tengah. Lamun mikacinta, kudu sacukupna, ulah napel jadi obsesif. Kudu diajar cinta universal. Kabudak batur jiga ka budak sorangan. Ka kolot batur jiga ka kolot sorangan. Ka lanceuk jeung adi batur jiga ka dulur sorangan. Ali bin Abi Thalib, salah sahiji sahabat anu ngawaris elmu batin ti nabi Muhammad pernah ngomong: "lamun urang mikacinta, ulah jero teuing mikacintana, lamun urang mikangewa ulah jero teuing mikangewana". Dina Quran oge disebutkeun: “Tiap-tiap yang berJiwa akan merasakan mati. Kami akan menguji kamu dengan keburukan dan kebaikan sebagai cobaan (yang sebenar-benarnya). Dan hanya kepada Kamilah kamu dikembalikan.” (QS. Al Anbiyaa: 35). Tah jadi cocoba teh lain kagorengan wae, kaalusan oge bisa jadi cobaan. Arti ayat di luhur lain kagorengan teh kamiskinan wungkul, anu dianggap ujian, terus kaalusan teh kabeungharan, eta oge ujian atawa amanat. Lain eta wae, sanajan lolobana ustad mah nerangkeuna teh kitu. Tapi ceuk pamikir sim kuring mah, lamun urang ngalaksanakeun kasholehan, apal Quran, ulah agul, ulah hayang dianggap moal mungkin salah nyokot kaputusan. Lamun urang ngabogaan karomah, ulah ngarasa istimewa. Eta mah kabeh oge mung 'nu kitu'. Boh alus boh goreng 'mung nu kitu'. Ulah asup napel na hate. Anu asup napel na hate mah mung gusti nu maha suci. Salian eta mah 'mung nu kitu'. Laa ilaaha illallah. Jadi ulah oge napel na hate teh surga jeung naraka. Eta oge 'mung nu kitu'. (3) Manunggaling Kawula Gusti Ieu teh loba pisan disalah artikeun. Ku kituna sok dicaram dina agama islam mah yen faham manunggaling kawula gusti teh haram, sesat. Kulantaran eta faham teh loba salah faham atuh da. Jalma bodo ngaromongkeun manunggaling kawula gusti, bari agul asa geus jadi manunggaling kawula gusti ku kabodoan. Sabenerna syahadat urang 'laa ilaaha illallah" teh geus ngajarkeun yen eweuh deui anu nerap dina pikiran jeung hate salian ti Allah. Euweuh eksistensi salian ti Allah. Jadi alam ieu teh euweuh (fana), diri urang oge euweuh (fana). Nu aya mung gusti Allah. Jadi ku ngucap syahadat teh sabenerna urang teh dititah ngajalanan batin, diajar nepikeun karasa pisan arti fana anu saenyana. Saenggeus fana, bisa asup kana tingkatan baqa, nyaeta sakabeh eksistensi mung Allah swt. Ieu memang rada hese diolah ku pamikiran urang, da hese oge ngaguar ku carita. Saur para salihin anu geus ngahontal tataran ieu teh nya kudu dialaman ku sorangan. Hese nerangkeun ka budak ulah nyoo seuneu bisi panas kaduruk. tah lamun budak geus ngarasa sorangan panasna seuneu teu kudu diterangkeun deui. Sabenerna eta maknana ibadah. makna sholat. Makna puasa teh. Pikeun mersihan batin. Soalna, makna fana moal kahontal lamun dina batin aya anu lian ti Allah. Cenah Allah teh timburuan pisan. Lamun dina batin urang ngadua, aya keneh anu lian, kaasup cinta ka diri sorangan, moal bisa dina batin urang aya gusti nu maha suci. Ari widadari mah etamah es bonbon supaya budak leutik daek sakola. Ari anu saenyana rek dihontal mah kabersihan batin supaya batin urang hudang moncorong kawalan bisa ngahontal tataran fana jeung baqa. Wallahu'alam Anu nerangkeun jalma bodo, janten upami teu kahartos nyungkeun dimaklum. Febi Ahmad Hazairin =================== ________________________________ Von: engkus ruswana <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 18:02 Mittwoch, 17.Juli 2013 Betreff: Bls: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga Sampurasun! Mang Jamal, oge dulur-dulur, hampura simkuring rek mairan nyoko kana ajaran kolot. Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu disilokakeun dina wayang, sawarga teh disebutna swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-mani-loka, nu hartina sawaruga = sadiri sakujur, mani (keur awewe manikem) = bahan diri, loka = tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung tempat mani", nu ngawasana disebut Sanghyang Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina "gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing saha jalma nu lain asal tina cahaya mani??. Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina saha bae jalma bakal guguru teh ka nu aya dina diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat pangawasa Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), nyaeta pangawasa, pangersa/kadaek, hirup, uninga, rungu, tingali, ngandika, seperti nu digambarkeun dina carita sangkuriang jeung Mundinglayadikusumah. Nya ngolahna make alat anggauta badan nu sok diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung sifat batinna, nyaeta 1. uteuk jeung elinganna, 2. ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4. sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6. hate jeung pikirna, 7. syaraf jeung rasana, 8. leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna. Tah eta wali sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni disimbulkeun dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina kendang indung ku 9 tali paragi ngantengkeun kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)... meureun hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa nu kudu dirarawat. Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang Jagatnata...nu hartina ngatur jagat/dunya...dunya gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha nu ngatur jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu aya dina sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus teu aya hyangna) mah tong boro bisa ngatur dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu diatur ku batur. Manikmaya oge disebut Hyang Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot. Lian ti eta masih keneh aya ngaran-ngaran alias lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok disebut oge Kahyangan (tempat hyang atawa Kagustian/KaTuhanan). Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro (beungeut), matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu taranjang (sagala kadaharan nu rek asup kana diri kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun aya nu aneh sok diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi robah). Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala kanikmatan jeung kamewahan, loba widadari (Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah nginum, nikmat sare, nikmatna sapatemon laki-bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah, pamandangan jsb.....make naon mun teu make diri... mun teu make diri sarua jeung ngalamun alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih ka jati mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur papat) geus baralik ka sa-asalna deui, asal seuneu balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka angin/udara, asal cai balik ka cai, asal bumi balik ka bumi. ......dina asup ka sawarga ngeunah-genah-merenah-tumaninahna rek make naon????. Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah "candradimuka" (candra = gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu asup teu dipiharep boh nu teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah sok ngagolak, matak mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon kitu deui panyakit, eta beungeut sok robah jadi beureum atawa pias, sungut/kawah nyorocos ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun panyakit sok rumahuh atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu genah cicing. Tah kaayaan dina kitu diri teh jadi tepat sagala katugenahan alias jadi naraka. Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung naraka teh nya aya dina diri, jeung dina kaayaan keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya kudu ku cara ngajaga diri sangkan cageur, kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di enya-enya) dijiwaan ku sikep jujur, tangtu salamet, mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka. Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot urang teh ngan ukur ngubara di dunya, mun urang geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu disebut "alam padang pwe panjang nagara tunjung sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka alam (seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai jeung tiisna, bumi jeung tetepna). Tah nu asal ti Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui jeung Gusti nu teu nitis deui ka dunya (mangga imeutan Siksakandang karesian sok sanajan make istilah-istilah jiga Hindu, tapi eusina asali Sunda). Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal" Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna sawarga mun urang geus paeh......... pan tadi disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna sawarga mah nya di dunya keur hirup keur make keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah gambaran sifat jeung nafsu duniawi, atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu???.... matak mungkin ku hal eta loba jalma nu geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu bablas ngarah ka jalan paasalan, da mungkin neangan sawarga. Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun "geus teu naon-naon ku naon-naon" lir ibarat bayi (sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah masih suci???? ngacung).... tah kabeh urang ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung teu naon-naon ku naon-naon.... jadi ajaran luluhur mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik deui suci jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka dunya dina kaayaan suci. Mun jalma dina beak lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa "ngahyang"....... ceuk kolot urang gubrag gumelar ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung kuringna......, naha dina mulang bet teu babarengan? kuringna jeung batina balik tiheula, ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek bisa balik deui ka asalna... atuh teu adil teu kompak. Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna sababaraha luluhur urang, ceuk pangarti kuring lain hayalan, sabab ceuk ajaran datang ka dunya jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu babarengan ulah silih tinggalkeun antara lahir (waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun). Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??...... tapi sugan we bisa nambahan kanyaho kana ajaran luluhur Sunda. Rampes. pun tabe Engkus nun ________________________________ Dari: mj <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 16 Juli 2013 15:23 Judul: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga hese nyaritakeun sawarga nu saeunyana mah, kabeh ge ngan ukur ngimpleng, boh dumasar katerangan quran boh imaji science-fiction/sci-fi. Hiji-hiji cara sangkan nyaho persis mah, nya kudu maot heula. Tapi nya kudu asup sawarga, da mun asup naraka mah rek kumaha ngadongengkeun sawarga? Wkwkwkw. Bilih aya nu bade ti payun mangga pisan. Ke we dongengkeun di milis kusnet ieu kumaha-kumahana sorga kiwari. Geus make ac sigana mah wkwkww
