Taaaah bener Mang Yadi… Mamang ge geus ngadenge informasi eta ngan poho 
ditel-na kumaha… tah diguar deui ku Mang Yadi jadi leuwih lengkep euy hedeeed. 

 

Jadi Ka’bah bener dijieun ku Ibrahim AS tapi tinu samemehna oge geus aya 
bangunan didinya. Mun teu salah baheulana eta Ka’bah teh tempat nyimpen berhala 
loba patung jrrd… tah ku jaman Nabi Ibrahim mah dijieun deui ngan patung-2na 
dieweuhkeun ngan hiji aya batu wungkul xixixi.

 

Pikiran Mamang naha bet hiji batu anu ditinggalkeun? Boa-2 eta teh symbol 
lingga tea… kitu menhir nu hiji tea… pan di kabuyutan Sunda oge Simbol nu luhur 
ditandaan ku batu wungkul jeung ngan hiji. Batu nu lain amah ngan saukur 
undak-2an wungkul. Tapi pan sakabehge apal secara turun temurun lain nyembah 
batu eta tapi Nu Ngersakeun nu aya di Bale Nyungcung eeeeh Buana Nyungcung tea 
hehehe.

 

nuhuuuns,

mang kabayan

www.udarider.com

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of YADI supriadi wendy
Sent: Thursday, July 18, 2013 7:22 AM
To: [email protected]
Subject: Baitullah: saha nu ngawitan ngadegkeun? [WAS: Re: [Urang Sunda] 
Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: Sawarga)]

 

  

On 2013-07-18 06:15, Ahmad Hazairin wrote:
> Lamun aya nu nyebut Ka'bah ngadeg ti jaman nabi Adam nya
> hese pisan narik tali sajarahna.
>
>

Baitullah atawa biasa oge dikenal Ka’bah, saleresna saha nu ngawitan 
ngadegkeun?
Nu saleresna mah bangunan ieu tos heubeul pisan, sabagian ulama 
nyebatkeun Ka’bah duadegkeun ku Nabi Ibrahim as sareng nabi Ismail as.

Cikan urang susud dina Alquran;

Dina Al Baqarah:127 kaunggel, “Jeung poma kudu inget waktu Ibrahim 
jeung Ismail ngaluhurkeun pondasi-pondasi Imah eta kalayan ngadoa: “Nun 
Gusti Pangeran abdi sadaya, mugi ditampi ieu ti abdi sadaya, saleresna 
Anjeun nu Maha Ngadangu, Maha Uninga”.

Tetela geuning, jelas Ibrahim as sareng Ismail as. Tapi ketang, aya 
kecap “qowaaida”, majar hartosna “ngadegkeun tina puing reruntuhan”, 
dina tarjamah di luhur mung disebut “ngaluhurkeun pondasi-pondasi”. Jadi 
ana kitu mah “Imah” eta tos aya ti samemehna.

Urang tingali deui dina Ali Imran:96, “sabenerna Imah munggaran nu 
diadegkeun pikeun manusa, nyaeta nu aya di Bakkah, nu pinuh ku berkat 
jeung pituduh pikeun sakuliah alam”. Jelas nunjuk ka Baitullah nu aya 
Mekkah (Bekkah). Tina kecap “diadegkeun pikeun manusa”, bisa nunjuk ti 
baheula keneh nya....? Leres kitu...?

Ke hiji deui dina Surat Ibrahim:37, “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, 
saleresna abdi tos ninggalkeun sabagean anak katurunan abdi di lembah nu 
tandus caket Bumi Anjeun nu dipihormat. Nun Gusti pangeran abdi sadaya, 
supados maranehna bisa ngadegkeun shalat. Sing mangka jantenkeun kalbu 
manusa condong ka maranehna sareng paparin rejeki maranehna mangrupi 
bungbuahan, supados maranehna salamina nyukuran”. Tah ieu ayat 
ngariwayatkeun nalika nabi Ibrahim as nyimpen bayi ismail sareng Siti 
Hajar di gurun pasir nu tandus. Di dinya disebatkeun, sihoreng, caket 
Ka’bah.

Kacindekanana : Nabi Ibrahim as sareng nabi Ismail as mah mung sakedar 
“ngadegkeun ti nu tos aya”. Ti iraha? Heubeul pisan, mung aya we ka 
unggel “diadegkeun pikeun manusa”. Boa ti jaman Nabi Adam as keneh

Mung kitu nun

-- 
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke