Mang Kaby:
"Ceuk si Kang Herwig Kang, kamiripan monoteismeu eta teh asalna ti sumber
 anu sarua nyaeta Ibrahim~Abraham~Brahm~Brahma :). Hipotesa na kitu :D."

Mang Kaby, ngeunaan sajarah hirupna Ibrahim teh upami ditingal dina buku-buku 
sajarah mah Ibrahim teh hirupna di nagari Kana'an, nyaeta kira-kira sabudeureun 
Palestina ayeuna.  Jadi waktos Ibrahim ngancurkeun patekong/patung sesembahan 
teh sanes di Ka'bah tapi patung-patung nu aya di kuil nagari Kana'an. Harita 
mah Ka'bah teu acan ngadeg. Lamun aya nu nyebut Ka'bah ngadeg ti jaman nabi 
Adam nya hese pisan narik tali sajarahna. 

Ibrahim datang ka arab, Mekah ayeuna teh pikeun ngungsikeun bojo kadua nyaeta 
Siti Hajar kulantaran bojo kahiji nyaeta Siti Sarah timburu kulantaran Hajar 
ngabogaan budak cikal lalaki nyaeta Ismail. Saenggeus ngungsikeun Hajar jeung 
Ismail ka arab, Ibrahim mah mulang deui ka nagarina di Kana'an.  Sanggeus 
Ismail ABG, kulantaran sono, Ibrahim ngalongok eta budakna ka arab deui. tah 
diwaktu harita Ka'bah diwangun ku Ibrahim pikeun sarana ibadah ka gusti nu maha 
suci di Mekah. Tapi bentukna duka tos kotak jiga ayeuna, duka mung ditandaan ku 
batu (mispah) sacara tradisi Ibrahim.  Dina waktu eta oge tradisi ritual Qurban 
teh dimimitian.

Ibrahim teh dianggap salaku nabi anu ngamimitian ngadegkeun konsep tauhid.  
Sabenerna konsep tauhid geus aya ti jaman nabi Adam. tapi meureun ku Ibrahim 
konsep tauhid eta di-rekontruksi supaya cocok jeung asup kana kahirupan 
masyarakat anu geus ngabentuk suku (tribalisme) jeung pamarentahan, nyaeta 
ngabentuk syari'at formal.  Tah Ibrahim teh dianggap salaku bapak para nabi 
jeung salaku nabi anu ngadegkeun konsep tauhid teh nya dina agama katurunan 
anjeuna nyaeta Yahudi, Kristen jeung Islam. Atuh ayeuna eta tilu agama gede teh 
pan diagem ku nagara-nagara gede di dunya.  Jadi pan katingalina salian ti 
Ibrahim mah can aya di jaman-na anu ngadegkeun konsep tauhid.  Tapi saur sim 
kuring mah can  puguh kitu kanyataanana. Bisa wae di bagian dunya lain di bumi 
ieu oge geus aya konsep tauhid salain konsep ti Ibrahim (malahan mah pasti!).  
Pan dina Quran disebutkeun, nalika urang arab dipoyok ku orang kristen jeung 
yahudi, yen cenah anu bener mah kristen
 (ceuk urang kristen) atawa yahudi (ceuk urang yahudi), tah Quran nitah islam 
Arab ngawaler yen umat islam iman ngilu lain ka kristen atawa yahudi tapi ngilu 
ka ajaran bapak maranehna kabeh nyaeta ajaran Ibrahim. Enya Ibrahim teh bapak 
maranehna, tapi pasti lain bapak urang Sunda.  Eta jadi ningalikeun konteks 
wahyu teh ku konteks jaman harita waktu diturunkeun ka bangsa Arab.

Mangga geura taliti deui agama saperti Hindu. Enya oge nyarembah dewa-dewa, 
tapi tetap aya konsep 'sang maha tunggal', nyaeta hiji realitas anu teu 
kahontal ku realitas kaduniawian, realitas anu jadi sebab sagala realitas 
lainna. Tapi pan konsep kitu hese pisan kudu ditangkep dina kahirupan sapopoe. 
Jadi masyarakat mah geus biasa interaksi jeung konseptual dewa, nyaeta saperti 
konseptual malaikat dina Islam anu ngabogaan tugas-tugas parsial ngurus alam 
raya ieu.  Tapi biasa pan lamun geus rebuan taun teh hiji konsep sok ngalaman 
bias atawa distorsi. Jadi eta dewa anu disembah teh, ari ka 'sang maha tunggal' 
mah sok poho. Pan kitu oge kajadian distorsi patung-patung saperti Latta jeung 
Uzza di sajarah bangsa Qurays.  Eta Latta jeung Uzza teh dianggap anak-anak 
(awewe) gusti Allah.  Da konsep Allah salaku sang maha tunggal na mah asa jauh 
teuing teu katewak ku pikiran jelema awam.

Tah saperti na mah anu dimaksud konsep tauhid Ibrahim teh konsep ngadeukeutkeun 
'sang maha tunggal' kana kahirupan sapopoe. Pan tingali geura dina tradisi 
Yahudi, katingali pisan 'sang maha tunggal' teh saperti raja pangawasa anu bisa 
nulungan dina peperangan ngalawan penjajah. Sakaligus anu mere rejeki.  Padahal 
dina kapercayaan pagan mah, anu ngabela dina perang jeung anu mere rejeki teh 
sok dipisah diwakilkeun ka para dewa anu beda.  Ari dina konsep tauhid Ibrahim 
mah dihijikeun langsung ka El-Lohim (Allah). Para malaikat mah geus teu boga 
hak disembah jeung dipenta. Posisina ngan saukur tukang babantu ngurus alam 
raya.  Kitu oge geningan dina konsep Kristen. Sang maha tunggal teh supaya 
deukeut dijieun konsep hubungan 'bapa jeung anak'. Kabeh umat Kristen teh 
anak-anak Allah anu maha tunggal.  Kitu deui dina Islam, anu maha tunggal teh 
diaranan Allah anu geus biasa dikenal salaku bapa ti Latta jeung Uzza.  Latta 
jeung Uzza dianggap geus teu boga
 kawasa nanaon. Allah ngabogaan asma-ul-husna, nyaeta ngaran-ngaran anu suci 
anu nga-representasikeun sifat-sifat Anjeuna dina ngurus alam raya jeung 
merhatikeun urang sakabeh manusa salaku hamba Anjeuna.

Jadi konsep Ibrahim salaku bapak tauhid teh nya ditingali atawa klaim ti 
katurunan Ibrahim anu ayeuna ngabentuk tilu agama gede eta.  Tapi lain artina 
konsep tauhid sadunya datangna ti Ibrahim.  Da ari konsep tauhid mah justru 
datangna ti 'sang maha tunggal' sorangan anu mere wahyu atawa ilham ka manusa 
pinilih di mana wae.  Pan dina Quran oge disebutkeun yen euweuh hiji kaum di 
dunya ieu kacuali geus pernah dikirim utusan ku sang maha tunggal pikeun 
ngabewarakeun tauhid.  Jadi sumberna lain Ibrahim tapi ti sang maha tunggal.

Tah konsep Ibrahim anu 'membumikan sang maha tunggal' oge geus aya distorsi.  
Nyaeta konsekuensina saperti umat Islam ayeuna sok nganggap sang maha tunggal 
teh jiga jelema. Raja jelema. Jadi konsep Allah salaku sang maha tunggal teh 
sok jadi proyeksi kabutuhan pangawasa/ego manusa ku alam pikiran manusa. 
Misalna, Allah teh Maha Adil; dianggapna adilna jiga adil manusa, nyaeta lamun 
anu bener dibela, anu salah dihukum. Padahal bener jeung salah di hareupeun 
sang maha tunggal mah euweuh bedana. Da sang maha tunggal mah teu kaiket ku 
nilai-nilai konseptual jelema. Pan ari bener jeung salah teh konseptual jelema. 
Makana rek bener jeung salah tugas jelema sabener na mah berserah diri, diajar 
terus pikeun berserah diri.  Jadi 'Inna diina indallahil islaam' teh lain jalan 
anu dipikarido teh mung islam, lain islam salaku struktur agama, tapi islam 
dina konteks berserah diri.  Jalan berserah diri anu dipikarido ku sang maha 
tunggal teh.  Jadi mun aya jelema
 salah teh tong hayang pang heulana ngahukum ngawakilan sang maha tunggal, 
minculak jiga kitu teh. Keun weh dosa jelema salah mah lain urusan urang. 
Masalah hukuman, nya lakukeun weh proses hukum anu geus jadi konvensi 
masyarakat satempat. Salah lamun konvensi hukum masyarakat satempat ditarabas 
kulantaran rek miheulaan jadi wakil sang maha tunggal ngahukuman jalma salah. 
Nu kitu minculak jeung sologoto.

Justru sim kuring mah kaget pisan sanggeus aya kasempetan nalungtik buddhisme. 
Kamiripan buddhisme jeung sufisme islam teh eces pisan.  Dina buddhisme mah 
konsep sang maha tunggal teh tara sagawayah diasupkeun kana struktur duniawi. 
Tapi kabeh jelema dirojong pikeun ngosongkeun diri tina sagala iketan duniawi.  
Lamun diri geus kosong tina iketan duniawi bakal bisa manggihan hakekat sang 
maha tunggal ku diri sorangan. Ieu oge anu dimaksud dina ajaran Sunda yen sang 
maha tunggal, surga, naraka teh aya dina diri urang sorangan.  Artina urang 
moal bisa ngarti kana konseptual surga, naraka jeung sang mah tunggal lamun 
urang can bisa neuleuman hakekat diri urang.  Saha diri urang teh?  Cenah diri 
urang teh jasad jeung jiwa.  Lamun enya jasad teh diri urang, naha waktu maot 
bet ditinggalkeun eta jasad, naha teu dibabawa, pan jasad teh diri urang.  
Lamun enya jasad teh diri urang, sok atuh lamun dahareun asup kana beuteung 
parentahkeun eta beuteung pikeun
 eureun 2 menit mah tong nga-proses dahareun, engke diteruskeun deui.  Pan teu 
bisa?  naha teu bisa marentah beuteung sorangan?  Cenah jasad teh diri urang 
lain?  Naha urang teu boga kawasa ka beutueng urang sorangan?  Teu boga kawasa 
ka diri urang sorangan anu disebut jasad?  Beu..... eta anu ngaran jelema! Kana 
peujit sorangan wae teu bisa marentah, teu nyaho aktifitas peujit sorangan 
kumaha, eta geus wani ngaku-ngaku wawuh ka gusti Allah anu sang maha tunggal? 
Cing atuh sing introspeksi diri....

Ngan jelema anu geus bisa leupas tina kakaitan dunya anu bisa wawuh ka dirina 
jeung bisa wawuh ka sang maha tunggal. Ieu pesen utama 'laa ilaha illallah' 
(euweuh kakaitan salian ka Allah).  Eta euweuh kakaitan salian ka sang maha 
tunggal teh saenyana ajaran tauhid asli anu aya di sagala budaya. Oge budaya 
Sunda.  Tah disabudeureun eta konsep tauhid teh dijieun konstruksi syariat, 
nyaeta hukum pikeun ngatur kahirupan masyarakat anu dumasar kana berserah diri 
ka sang maha tunggal oge akhirna mah.  Kontruksi syariat ieu bisa beda-beda 
unggal nabi unggal tempat.  Tah urang salaku Islam nyekel syareat Muhammad saw.

Jadi keur panutup, tauhid teh atuh lain sumberna ti Ibrahim. Eta mah anggapan 
anu geus jadi kabiasaan ti tilu agama: yahudi, kristen jeung islam. Tauhid mah 
sabenerna hakekat utama naha urang sakabeh ngagubrag ka dunya ieu. Di dunya 
urang salaku jelema anu boga konsep kognitif anu cerdas terus nyieun konsep. 
Misalna konsep cai (sunda), air (indonesia), water (inggris), wasser (jerman). 
Pan hakekatna mah eta teh iketan atom-atom anu ngabentuk naon anu diaranan cai. 
Lamun cai disebut seuneu sok dianggap salah. Tapi pan eta ngan saukur konsep 
jijieunan, jadi lamun sim kuring hayang nyebut cai teh ku ngaran seuneu lain 
salah sacara hakekat da maksud sim kuring mah seuneu teh cai tea (versi sim 
kuring anu bedegong); ngan nya jadi salah ku konseptual anu geus jadi konvensi 
di urang yen eta teh ngarana cai. Tah sabenerna 'laa ilaha illallah' teh bisa 
diteuleuman jero pisan lamun uran lesot heula tina koseptual anu dijieun ku 
jelema. Kosongkeun diri urang tina
 sagala konseptual, kulantaran sang maha tunggal mah diluar sagala konseptual. 
Jadi 'laa illah' heula.... kakara bakal aya Allah (illallah)...


Cag ah...
Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================






 

Kirim email ke