Pamingpin oge pan ayeuna geus loba nu siga raja monyet a.k.a mandahong xixixi.
Raja monyet memiliki n' mengasai sakabeh monyet dantenna. Kitu oge ayeuna pan kitu boh dina bentuk poligami anu blak-2an atawa anu susulumputan xixixi. Pan intina sarua siga Mandahong hayang ngawasa loba "danten" atawa awewe tea hehehe. Siga Bill Clinton/ Aa Gym tadina hiji pas geus jadi pamingpin muncul pasipatan Mandahongna deeeer weh hayang leuwih ti hiji hehehe. Ceuk batur mah Manusiawi ceunah hartina euweuh manusa nu sampurna. Tapi dipikir-2 mah sigana lain manusiawi tapi Mandahongsiawi hahahaha. Hiduuuuup Mandahong :). nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 24 Jul 2013 13:55:00 To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Naha pikiran teh bet jiga monyet? Naha pikiran teh bet jiga monyet? Kapribadian monyet teh teu bisa cicing, luluncatan, leungeuna ngopepang, naon nu deukeut dirawel. Lamun urang saimah jeung monyet geus moal tengtrem hirup. Imah bakal acak-acakan. Urang bakal stress. Atuh pikiran anu sok luluncatan ka ditu ka dieu, sagala anu katarima ku alat indrawi direspon jiga monyet ngarawel sagala rupa, eta ngan saukur ngaripuhkeun urang. Ngajadikeun urang stress. Sok pikiran teh cangcang weh supaya teu ngopepang teuing jiga monyet. Terus weh ilikan eta pikiran teh. Hayang ieu, keun antep weh eta ngan saukur kahayang. Hayang itu, oge antep weh. Jiga urang ngilikan monyet dicangcang, monyet loba kahayang ge teu bisa da dicangcang, ari urang ngan saukur ngilikan eta si monyet. Hirup urang jadi tengtrem, moal stress, da monyetna geus dicangcang. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
