Mang Kabayan nyebut2 Aa Gym :)
Wawuhan geura sok Aa Gym ayeuna, saur sim kuring mah insya Allah Aa gym teh tos 
naek kelas kamari teh.
kapungkur mah masyhur dipupuji ku loba jelema. saatos ngawayuh mah loba nu 
malik ngewa anu tadina mumuji teh.
tah eta teh palajaran penting pisan, jelema mah kitu, poe ayeuna muji isukan 
ngajejeleh.
hate Aa gym pasti ngarasakeun, eta nu kitu kahirupan teh.
sareng kumaha batin anu tos lesot tina napelna pujian jelema, eta batin anu 
tambah caang, kotorna tos loba anu luruh
Insya Allah Aa gym naek kelas.

Janten mang Kaby oge kedah ngawayuh geura supados naek kelas, ngaraoskeun 
kumaha ripuhna ha ha ha ha....

Wallahu'alam wassalaamu'alaikum wr. wb.

**teu acan kantos pendak langsung sareng Aa gym**
Febi
===




________________________________
 Von: mang kaby <[email protected]>
An: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; 
Baraya_Sunda <[email protected]> 
Gesendet: 20:04 Mittwoch, 24.Juli 2013
Betreff: [kisunda] Re: Naha pikiran teh bet jiga monyet?
 


  
Pamingpin oge pan ayeuna geus loba nu siga raja monyet a.k.a mandahong xixixi.

Raja monyet memiliki n' mengasai sakabeh monyet dantenna. Kitu oge ayeuna pan 
kitu boh dina bentuk poligami anu blak-2an atawa anu susulumputan xixixi. Pan 
intina sarua siga Mandahong hayang ngawasa loba "danten" atawa awewe tea hehehe.

Siga Bill Clinton/ Aa Gym tadina hiji pas geus jadi pamingpin muncul pasipatan 
Mandahongna deeeer weh hayang leuwih ti hiji hehehe. Ceuk batur mah Manusiawi 
ceunah hartina euweuh manusa nu sampurna. Tapi dipikir-2 mah sigana lain 
manusiawi tapi Mandahongsiawi hahahaha. 

Hiduuuuup Mandahong :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  Ahmad Hazairin <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Wed, 24 Jul 2013 13:55:00 +0100 (BST)
To: [email protected]<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Naha pikiran teh bet jiga monyet?
  
Naha pikiran teh bet jiga monyet?
Kapribadian monyet teh teu bisa cicing, luluncatan, leungeuna ngopepang, naon 
nu deukeut dirawel.
Lamun urang saimah jeung monyet geus moal tengtrem hirup. Imah bakal 
acak-acakan. Urang bakal stress.
Atuh pikiran anu sok luluncatan ka ditu ka dieu, sagala anu katarima ku alat 
indrawi direspon jiga monyet ngarawel sagala rupa, eta ngan saukur ngaripuhkeun 
urang. Ngajadikeun urang stress.
Sok pikiran teh cangcang weh supaya teu ngopepang teuing jiga monyet. Terus weh 
ilikan eta pikiran teh. Hayang ieu, keun antep weh eta ngan saukur kahayang. 
Hayang itu, oge antep weh. Jiga urang ngilikan monyet dicangcang, monyet loba 
kahayang ge teu bisa da dicangcang, ari urang ngan saukur ngilikan eta si 
monyet.
Hirup urang jadi tengtrem, moal stress, da monyetna geus
 dicangcang.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================
 

Kirim email ke