Hahaha embung ah bisi kabita hahaha. Ari Aa Gym mah pan MQ ~ Manajemen Qoblu 
ari Aa Kebi mah pan MC ~ Manajemen Cocacola: eusina meunang bahe dimana wae nu 
penting botolna balik deui ka pabrikna hahaha. 

Sami-2 Mandahong Incorporation Limited mung beda cara sareng metoda na :D. 
Yayasan Amal Gairah tea anu Imam-na Al Ustad Al Mukarom Al Exis hehehe.

Hirup mah nya kitu teu salawasna datar, aya mudun jeung tanjakan. Ceuk Doel 
Soembang oge pan... "Sagala nu karandapan ku hidep, tangtuna bongan sorangan". 
Wa ma ya mal miskola darotin hoeroy yaroh, wa ma ya mal miskola darotin saroy 
yaroh... Sagala nu dilakukeun ku hidep pasti aya akibatna ~ cause n' effect 
tea... Naon anu dipelak eta anu dipanen, sagala nu karandapan ku hidep tangtuna 
bongan sorangan :). 

Lamun embung kahuruan nya tong ngome seuneu hehehe. Lamun ngome seuneu resikona 
nya kahuruan :D. 

Ngan nyakitu meureun sigana sifat dasar lalaki teh boa-2 Mandahong kabeh 
hehehe. Ayeuna Aa Kebi pamajikanna masih hiji tapi jagaaaa lamun geus beunghar, 
duit loba, imah pabalatak, pausahaan dimana-2 jadi pamingpin badag bisa jadi 
alah batan Aa Gym hehehe. Boa-2 jadi Mandahong Sajati istrina hiji ngan di 
unggal kota hiji-na hahaha. 

Batur mah sok loba nu karunya ceunah ka Aa Gym, ah naha bet karunya "wa ma ya 
mal miskola darotin hoiroy yaroh n' saroyyaroh" apanan :). Bongan sorangan bet 
nyarios cekap hiji wae hehehe. Cobi mun nyarios na aaaah Aa mah ikhlas kumaha 
Alloh weh, bade dipasihan 4 oge moal nolak :D... meureun dina prak-2an nana oge 
boga deui nya moal nepika pada "maledogan". 

Matakna Mamang pas ditanya pamajikan Pih ari sia rek nyandung moal? Aah kumaha 
Alloh weh ceuk Mamang teh? Ari gawawang teh... Lain kumaha Alloh eta mah kumaha 
sia!! Ceunah bari nyiwiiiit mani nyeletit xixixi. Hiduuuup liliiiiiiiin 
haruuuuh :D.
 
nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 24 Jul 2013 14:11:32 
To: [email protected]<[email protected]>; 
UrangSunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Naha pikiran teh bet jiga monyet?

Mang Kabayan nyebut2 Aa Gym :)
Wawuhan geura sok Aa Gym ayeuna, saur sim kuring mah insya Allah Aa gym teh tos 
naek kelas kamari teh.
kapungkur mah masyhur dipupuji ku loba jelema. saatos ngawayuh mah loba nu 
malik ngewa anu tadina mumuji teh.
tah eta teh palajaran penting pisan, jelema mah kitu, poe ayeuna muji isukan 
ngajejeleh.
hate Aa gym pasti ngarasakeun, eta nu kitu kahirupan teh.
sareng kumaha batin anu tos lesot tina napelna pujian jelema, eta batin anu 
tambah caang, kotorna tos loba anu luruh
Insya Allah Aa gym naek kelas.

Janten mang Kaby oge kedah ngawayuh geura supados naek kelas, ngaraoskeun 
kumaha ripuhna ha ha ha ha....

Wallahu'alam wassalaamu'alaikum wr. wb.

**teu acan kantos pendak langsung sareng Aa gym**
Febi
===




________________________________
 Von: mang kaby <[email protected]>
An: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; 
Baraya_Sunda <[email protected]> 
Gesendet: 20:04 Mittwoch, 24.Juli 2013
Betreff: [kisunda] Re: Naha pikiran teh bet jiga monyet?
 


  
Pamingpin oge pan ayeuna geus loba nu siga raja monyet a.k.a mandahong xixixi.

Raja monyet memiliki n' mengasai sakabeh monyet dantenna. Kitu oge ayeuna pan 
kitu boh dina bentuk poligami anu blak-2an atawa anu susulumputan xixixi. Pan 
intina sarua siga Mandahong hayang ngawasa loba "danten" atawa awewe tea hehehe.

Siga Bill Clinton/ Aa Gym tadina hiji pas geus jadi pamingpin muncul pasipatan 
Mandahongna deeeer weh hayang leuwih ti hiji hehehe. Ceuk batur mah Manusiawi 
ceunah hartina euweuh manusa nu sampurna. Tapi dipikir-2 mah sigana lain 
manusiawi tapi Mandahongsiawi hahahaha. 

Hiduuuuup Mandahong :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  Ahmad Hazairin <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Wed, 24 Jul 2013 13:55:00 +0100 (BST)
To: [email protected]<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Naha pikiran teh bet jiga monyet?
  
Naha pikiran teh bet jiga monyet?
Kapribadian monyet teh teu bisa cicing, luluncatan, leungeuna ngopepang, naon 
nu deukeut dirawel.
Lamun urang saimah jeung monyet geus moal tengtrem hirup. Imah bakal 
acak-acakan. Urang bakal stress.
Atuh pikiran anu sok luluncatan ka ditu ka dieu, sagala anu katarima ku alat 
indrawi direspon jiga monyet ngarawel sagala rupa, eta ngan saukur ngaripuhkeun 
urang. Ngajadikeun urang stress.
Sok pikiran teh cangcang weh supaya teu ngopepang teuing jiga monyet. Terus weh 
ilikan eta pikiran teh. Hayang ieu, keun antep weh eta ngan saukur kahayang. 
Hayang itu, oge antep weh. Jiga urang ngilikan monyet dicangcang, monyet loba 
kahayang ge teu bisa da dicangcang, ari urang ngan saukur ngilikan eta si 
monyet.
Hirup urang jadi tengtrem, moal stress, da monyetna geus
 dicangcang.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================
 

Kirim email ke