RE: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Tah eta pisan, ceuk si kuring ge ari MUI mah apanan kinten-kinten. siga udud, kamari makruh ayeuna haram. From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Surtiwa Sent: 09 Oktober 2009 5:47 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? Akhirna kaluar oge yan Al Quran teh dianggap pamahamanna.ngan tunggal..kudu kitu kudu kieu..padahal pan euyeub dina kanyataan aya ratusan pamahaman anu kabeh ngakuna bener...jadi siga iklan...AQna hiji.pamahaman loba..cag ah.. Cik MUI...ayeuna Manhaj naon anu dianu..dina Fiqhna mazhab naon anu dianut...? MUI kahareup meureun beda deui...gumantung kana saha anggotana...sareng saha gegedugna.. On 10/8/09, Simkuring alkarta_...@yahoo.co.id wrote: Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut syahid sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung kinten-kinten, ari manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul sabulu-bulu mun nyabit-nyabit perkara basa cobian, azab, sareng saentraganana da eta parantos ti karuhunna 'percanten' kana eksistensi Qur'an, sedengkeun dina Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun referensi teh, janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa nginten-nginten oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi (palebah dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong dugika patojaiyah) Wilujeng ah, From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: 08 Oktober 2009 15:41 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? Surtiwa surt...@... wrote: . tapi tetep wae sapagodos jeung Kang W moal tega nyarioskeun yen korban gepa Aceh, Padang, Jambi keuna ku Bebendon Gusti Allah. cag ah Sanes Bah Iwa atawa kuring wae nu teu tega teh, MUI oge teu nyebutkeun bancang pakewuh ieu BEBENDON/AZAB, malah MUI (oge Menteri Agama) kalahka ngaluarkeun fatwa yen nu pupus tina bancang pakewuh ieu, SYAHID!. Meureun nu syahid mah lain nu keuna ku azab/ kutukan nu keur dibenduan kunu Maha Kawasa. Atawa kuring nu salah ngahartikeun? Baktos, WALUYA __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com
RE: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Heuheu Sumuhun apan, ti kapungkur ge si kuring teu nyebut bebendon jrrd teh bari nunjuk pangambung, sagalarupina pinuh ku tatatiti duduga peryoga, si kuring boga dulur (dulur jauh) di pangalengan anu kakenaan bancang pakewuh, si kuring nya ngomong harita kieu, keun sing sabar we pa ieu teh cobian keur urang anu masih kumelendang keneh di alam dunya, dina inyana aya bebendon, nya sagalarupina urang pasrahkeun kanu Maha Kawasa, emutaneun jeung urang sami-sami omean sagala polah urang kapayunna, keun perkara dunya nu paburantak mah bisa dikipayahan nu penting tegerkeun heula manah, wangun deui kapercayaan diri yen Allah salalawasna nyarengan urang. Apan dijawabana oge bari carinakdak, sumuhun sumuhun ceunah, padahal mun ngukur umurmah antara kuring jeung si bapa eta asa jauh, tapi ari pinuh ku tatatiti duduga peryoga tea mah sagalarupana moal matak jadi bahala, mereun beda mun nyarita bari tanpa ugeran, sanajan nu diomongan jalma sabar kacida ari ditunjuk bari teu puguh alangujurna yen ieu teh siksaan, azab (sasaha oge baris panuju atuh, naon dasarna manehna nyebut kajadian eta mangrupa bebendon?) pastina si sabar eta ngadon nyabut bedul eh..bedil Palebah dieu boh kuring boh bah Waluya sapuk deuk ngaburak barik jalma nu saengabna nyebut kieu, tapi mun nyebutna pinuh ku harti (bil hikmah) nya si kuring nganggap siga diluhur teh ilahar malah komentar2 kuring sateuacanna oge maksudna kitu pisan...teu aya pleus mineus na... Dina salah sahiji hadits disebutkeun, ciri2 jalma syahid teh rupa-rupa, anu maot titeleum, nu ngajuru, nu keuna panyakit beteung, jrrd, tah salah sahijina nyaeta nu keuna bancang pakewuh siga lini ieu, ieu pangna MUI nyebut yen maranehna asup golongan syahid, kuring satuju pisan, ngan kudu di inget teh nyaeta sebutan syahid anu kaluar tina tikoro manusa nu masih keneh harirup (kaasup MUI jeung para masyaikh) teu leuwih ti ngan saukur do'a, mangkana sok dipiheulaan ku kalimah InsyaAllah, da nu puguhmah mung Pangeran nu kawasa nempatkeun saha2na jaga... From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: 09 Oktober 2009 5:56 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? Simkuring alkarta_...@... wrote: Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut syahid sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung kinten- kinten, ari manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul sabulu-bulu mun nyabit-nyabit perkara basa cobian, azab, sareng saentraganana da eta parantos ti karuhunna 'percanten' kana eksistensi Qur'an, sedengkeun dina Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun referensi teh, janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa nginten-nginten oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi (palebah dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong dugika patojaiyah) Asa ngambang waleran Akang teh, ongkoh sapuk jeung MUI nu nyebutkeun syahid, tapi keukeuh perkara cobian, azab sareng saentraganana teu kudu panas ceuli. Maksadna kumaha? MUI ngaluarkeun sebutan SYAHID ka nu pupus, salian keur mere EMPATI kanu katunggaraan, oge keur alesan kapraktisan, nu maot syahid TEU KUDU DIPULASARA saperti nu pupus normal. Perkara bancang pakewuh disebut COBIAN, COCOBA, UJIAN HIRUP kuring teu masalah jeung satuju pisan, da eta mah sebutan ilahar jeung teu nuduh. Tapi sebutan BEBENDON atawa AZAB kana bancang pakewuh, salaku manusa nu teu daya, teu upaya, kuring teu satuju, sabab eta geus ngahakiman, ngalangkungan Gusti Nu Murbeng Alam. Kuring ngarasa lain hak manusa, nyebut BEBENDON jeung AZAB kana bancang pakewuh. Kaum Nabi Luth kenging bebendon ti Gusti, enya kuring yakin. Tapi sadayana oge teu aya nu terang nganggo naon Gusti teh dina ngahukum kaum Nabi Luth sabab lini (ombak taneuh) teh sumber enerjina rupa-rupa. Tah nu ayeuna diurang mah dipicu ku tubrukan/ gesekan lempeng2 tektonik nu mangrupakeun phenomena alam. Jadi teu tiasa dibanding-banding jeung ditafsirkeun sangeunahna, kajadian ngahukumna Gusti ka kaum Nabi Luth (nu urang teu terang nganggo naon?) jeung kajadian lini ayeuna. Lini nu diakibatkeun phenomena alam, sabenerna ampir unggal poe oge aya, ngan skalana laleutik. Nu dialajar seismologi pasti arapaleun ieu. Tah ayeuna, supaya jelas, Akang masih teu sapagodos jeung kuring atawa ayeuna mah sapagodos, perkara teu satujuna kuring kana sebutan BEBENDON kana bancang pakewuh lini? Baktos, WALUYA __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com
Re: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Ah ari nu kieu mah siga na rada pabebeulit ngalarapan urusan kadunyaan sareng kaakheratan...anu lain deui masalah kaimanan ka Gusiti Allah dina jalan agama..tapi syareat jeung kaimanan mah teu bisa operasionil..da lain akdinya maksudna..Urang kudu hirup ulah jauh ti Allah..tapi tetep wae kudu make Akal jeung elu anu dibikeun ti Allah. Tah bari neangan korban anu kagencet teh diberelekeun elmuna kumaha...diakalan supaya korban salamet..Tapi ulah he love urang kudu mntang jeung menta kanu kawasa Gusti Allah kujalan bari ngadoa kaanjeunNA..Kumaha leutikna diri uang tibatan MantennA...Bari terus usaha. Kitu deui keur kahareup . Hayu ayeuna urang shalat tahajud babarengan dina rangka ngelingan korban2 gempa, diteraskeun ku pangbentukan Team Adhoc keur ngadamel SOP Nasional pananggulangan korban gempa ka lebet SAR khusus gempa, Usulan konstruksi wangunan didaerah gempa, sareng studi evaluasi gempa2 baheula/statistik dikaitkeun kana prediksi gerakan Lempeng Benua sareng kaafktipan Gunung Seuneu. Ulah he love para saderek ieu teh nan ikhtiar urang sebagey ummat anu tetep teu bisa lupat tina Takdir anu ngeues digarikeunnNa..tapi paling henteu urang bisa ngarobah nasib urang saizin anjeuNa ku ikhtiar urang sarerea...He..he..ngacapruk siga no owah keur pidato. tapi tetep wae sapagodos jeung Kang W moal tega nyarioskeun yen korban gepa Aceh, Padang, Jambi keuna ku Bebendon Gusti Allah. cag ah ngacapruk..pruk...tunduh... On 10/8/09, Waluya waluy...@yahoo.com wrote: Waluya waluy...@... wrote: Na kira-kirana ngeunaheun henteu, dulur-dulur urang nu ayeuna keur kamusibahan disebut meunang KUTUKAN tinu Maha Kawasa? Nambahan saeutik. Supaya nu keuna kamusibahan teu ngarasa dipupuas dituduh loba dosa, tepi ka nyerieun hatena, pan leuwih hade lini teh ditempo tina segi GEJALA ALAM (elmu pangaweruh), tinimbang BEBENDON/AZAB/ KUTUKAN ti Gusti Nu Maha Kawasa? Tapi eta mah sakuringeun ketang, mangga wae nu teu sapagodos mah ... Baktos, WALUYA
RE: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Tah sapuk kuring oge mun MUI nyebatkeun korban bencana eta kasebut syahid sanajan predikat ieu saleresnamah sami mawon mung kinten-kinten, ari manusa nu ngaku Islam mah, teu kedah janten murudul sabulu-bulu mun nyabit-nyabit perkara basa cobian, azab, sareng saentraganana da eta parantos ti karuhunna 'percanten' kana eksistensi Qur'an, sedengkeun dina Qur'an eyeub ku ayat nu kararitu, pamohalan mun dijadikeun referensi teh, janten teu kedah panas ceuli da nu puguhmah urang mung tiasa nginten-nginten oge, nya kadituna laku waspada janten urgensi (palebah dieu boh kadunyaan boh kaakheratan kedah nurugcupu tong dugika patojaiyah) Wilujeng ah, From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: 08 Oktober 2009 15:41 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? Surtiwa surt...@... wrote: . tapi tetep wae sapagodos jeung Kang W moal tega nyarioskeun yen korban gepa Aceh, Padang, Jambi keuna ku Bebendon Gusti Allah. cag ah Sanes Bah Iwa atawa kuring wae nu teu tega teh, MUI oge teu nyebutkeun bancang pakewuh ieu BEBENDON/AZAB, malah MUI (oge Menteri Agama) kalahka ngaluarkeun fatwa yen nu pupus tina bancang pakewuh ieu, SYAHID!. Meureun nu syahid mah lain nu keuna ku azab/ kutukan nu keur dibenduan kunu Maha Kawasa. Atawa kuring nu salah ngahartikeun? Baktos, WALUYA __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com
RE: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Ari si kuring, nya kitu deui bae, kirang sapagojod, eh sapagodos pama misah misahkeun kahirupan logis kadunyaan jeung akheratna, enya eta tos sakuduna ari ngaran ikhtiyar (usaha) mah lain wungkul dianjurkeun tapi kaasup diwajibkeun, ngan mun kekeuh petekeuh yen etateh LAIN bebendon, atawa cocobi, atawa nu leuwih parahna nyiksa nu dongkapna ti nu Maha Kawasa, asa ku harianeun ceuk si kuring, beu ambuing paralun teuing mun tea mah ayeuna kajadian niwaskeun ratusan jeung rebuan dulur, terus kahareupna ngan ukur 'konsen' kumaha carana supaya kajadian sarupa teu kaalaman bari jeung lat weh poho kana sajarah kumaha proses maraot ki dulur nu matak kukurayeun, naha saha atuh nu mateni maranehna teh? Enya ku sareatnamah kaurugan wangunan jeung watu taneuh, tapi mun kapopohokeun pedah aing tos bisa ngungkulan mangrupa bencana kahareupna lain hartina urang kudu ngabarakatak nyengseurikeun sajarah. Upama ngadumaniskeun antara kadunyaan jeung kaakhreatan, deuh matak uruy kacida, di dunya (keur kadunyaanana) urang usaha satekahpolah enggoning nyanghareupan perkara sarupa sangkan bisa salamet, keur akheratna nya kitu deui urang nafakuran kumaha nyeri peurihna para korban nu kasilih menit jeung detik aduregeng nyawa, kumaha mun eta kajadian karandapan ku urang-urang, bujeng ning nu ngarandapanana, dalah tatangga jeung dulur nu kaitung salamet sakitu stress jeung trauma na, palebah dieu deuk ka saha nya menta pamuntangan? Jadi, catur bukur ngeunaan musibah teu leupas tina dua sumber nu teu bisa dipisahkeun, dunya katut akheratna, urang teu bisa ciciduh ka jelema nu cilaka tina motor lantaran manehna teu make helm, salian ti pepeling keur urang sangkan make helm oge pepeling yen urang kudu sadar kana mangrupa musibah. Jadi emut Umar Al Farouq, harita keur mahabu panyakit di wewengkon eta, Umar radiyallahu 'anhu niat deuk hijrah ka wewengkon sejenna nyaeta maksudna mah deuk nyalametkeun diri jeung rahayat tina tatalepa panyakit, anjeuna waktu ditanya ku salah saurang baturna, ceunah, naha bet indit ka tempat nu lian, lain ieu panyakit teh geus takdir? Jawab Umar, enya kuring deuk pindah tina ieu takdir kana takdir nu lianna... lenyepaneun, dina hiji wangkongan nyebutkeun pindah tina takdir, hartina aya usaha deuk ngome diri, dina wangkongan lian nyebutkeun pindah kana takdir sejen, hartina sing saha bae dikukuntit ku takdir nu tos dicatet nu mangrupa rusiah Gusti. Punten ah, From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: 07 Oktober 2009 17:34 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? MRachmat Rawyani mrachmatrawy...@... wrote: Jadi tong heran, upama engke masih aya keneh lini jeung bencana sejenna tumiba ka nagri Indonesia, bebendon ti Mantenna, salila kalakuan urang Islam masih misahkeun kahirupan duniawi jeung akherat. Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON ti Gusti Nu Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung datangna beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung garingna halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang. Gusti Nu Maha Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur BEBENDON ka manusa. Manusa dina nyanghareupan gejala alam kudu siap, jeung make akalna, supaya gejala alam teu ngabahayakeun kahirupan manusa jeung lamun bisa malah bisa digunakeun keur kahirupan manusa. Waktu pas hujan, sieun baseuh jeung katirisan jelema make payung, Sieun kapoe manusa make dudukuy, atuh pas datangna peuting jelema make lampu. Teu aya saurang manusa oge nu nyebutkeun hujan, panas jeung peuting BEBENDON ti nu Maha Kawasa, padahal hujan, panas jeung poek bisa mawa mamala ka manusa. LINI OGE SAKUDUNA DIANGGAP SIGA KITU, SANES DIANGGAP BEBENDON. Naon margina? Lini tetep bakal aya, manusa teu kudu ngarep-ngarep Gusti Nu Maha Kawasa bakal ngaleungitkeun gejala alam ieu, sabab sami we jeung ngarep-ngarep ulah aya peuting (poek). Tapi nu kudu dilakukeun ku manusa mah, kumaha carana lini teu pati ngabahayakeun kahirupan manusa, siga manusa ngakalan peuting (poek) ku nyiptakeun lampu! Kanggo lenyepaneun, nyanggakeun potongan sajak Sir Mohammad Iqbal, pamikir Islam kasohor di Abad ka 20 asal Pakistan, meunang nyutat tina catatan Pinggirna Gunawan Muhammad: Kau ciptakan malam, tapi kubuat lampu, Kau ciptakan lempung,tapi kubentuk cupu, Kau ciptakan gurun, hutan dan gunung, kuhasilkan taman, sawah dan kebun Baktos, WALUYA __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com
RE: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam?
Euh kitu, nya punten oge atuh pami simkuring bilih salah harti, enya nu puguhmah sagalarupina ngeunaan ieu kalebet probablitas wungkul, ka nu nyebut bebendon da simkuring asa tacan pernah maca maranehna nyebut eta basa boh ku sunda atawa ku indonesya teu diucapkeun saujratna, ti unggal komentar teu leupas tina rarangken basa bilih bisi... mungkin...bisa jadi.. jeung sarupaning ti eta, ieu hartina lain ngahakimi da sararea ge tos apal nu kitumah rusiah kangaranana, ngan ari ngira-ngira mah apan teu haram justeru jadi pecut keur muhasabah ka urang nu masih keneh dibere kasempetan, nu kieu langkung sae tibatan naroskeun kana jukut nu keur ngageol (ebit gade) da jukutmah moal ngartieun mereun heuheuheu From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: 08 Oktober 2009 8:01 To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: FW: [Urang Sunda] Lini Bebendon?--Re: Fw: pusat peradaban Islam? Simkuring alkarta_...@... wrote: Nya bade ngeunaheun bade henteu lain hartina kudu ngupahan maranehna ku jalan nyalenggorkeun ieu hiji perkara TAYA HUBUNGAN jeung kawasa Mantenna atuh bah, justeru asa kacida mun tea mah geus jentre kajadianna bet di upah apeh yen ieu kajadian alam tea taya hubungan jeung pangawasa Gusti, Punten Kang, bisi jadi pitenah ka kuring, saha nu nyebatkeun gejala alam teu aya hubunganana jeung Gusti Nu Maha Kawasa? Coba diaos deui posting kuring nu awal-awal, tah dicutat deui sabagian: Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON ti Gusti Nu Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung datangna beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung garingna halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang. Gusti Nu Maha Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur BEBENDON ka manusa. Naon sababna kuring teu satuju kecap BEBENDON keur kanu kamusibahan? di millis kisunda kuring nulis: Nu matak Bah AA, kunaon kuring teu sapagodos kana kecap BEBENDON/AZAB/ KUTUKAN kana kamusibahan. Sabab eta hak HAK PEROGRATIP Gusti Allah Swt. Urang pan teu terang maksad Anjeunna, na kunaon urang bet NGAHAKIMAN, ngalangkungan Gusti, nyebat eta BEBENDON/AZAB? Tapi ketang eta sakuringeun...heuheuheu Baktos, WALUYA __ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com